Ketan atawa sok disebut béas ketan nyaéta hasil pepelakan suku rumput-rumputan (poaceae).[1] Ketan dina ngaran ilmiah disebut Oriza sativa var glutinosa. Ngurus béas ketan teu jauh béda jeung béas biasa sabada panén béas dipoyan tuluy dibukaan kulitna.[1] Béas ketan miboga zat gelatin anu ngajadikeun béas lenget lamun dipasak, zat gelatin sarua jeung zat anu aya dina kanji.[1] Béas ketan aya 2 rupa, aya béas ketan hideung jeung béas ketan bodas.[2]. Béas ketan hideung ogé aya 2 rupa, aya béas ketan hideung pikeun nyieun bubur ketan jeung béas ketan hideung anu dipaké pikeun nyieun peuyeum ketan.[2]

Pikeun ketan nu geus disangukeun, tempo sangu ketan.
Macem-macem Béas ketan
dodol tina beas ketan
kue bugis tina beas ketan

Mangpaat édit

Béas Ketan / Arz ogé dingaranan syanaubar.[3]. Rasulullah nyebutkeun béas ketan sabot bersabda,"Perupamaan saurang mukmin éta ibarat jukut badag anu diputerkeun angin, sakapeung ajeg sarta sakapeung doyong ; Perupamaan saurang munapék ibarat Arz atawa béas ketan, sok ajeg dina akar-akarna, saterusna ujug-ujug kabéhanana rubuh.[3] Siki béas ketan boga sipat panas sarta baseuh.[3] Siki béas ketan miboga sipat lembut, asak, sarta rada leget anu bisa ditarékahan lamun dikeueum jeung cai.[3] Siki béas ketan ogé hésé dicerna, tapi ngandung loba giji, ngubaran batuk, sarta ngaleungitkeun saab anu terakumulasi dina paru-paru.[3]

Bahan kadaharan édit

  • Angleng nyaéta kadaharan sarupa wajit tina tipung ketan, dibungkusna biasana ku upih atawa kararas.[4]
  • Borondong entén nyaéta kadaharan amis - amis anu dijieuna tina bangsal ketan beunang nyangray dicampur entén (gula jeung parud kalapa).
  • Bugis nyaéta sabangsa amis - amis tina ketan (tipung ketan dieusian entén), dibungkus ku daun cau sahuapeun - sahuapeun, diseupan.
  • Dodol nyaéta kadaharan anu amis - amis dijieuna tina ketan dicampur cipati, digodog nepi ka liketé, diwanguna dikeureutan atawa diemplé-emplé dumasar kahayang.
  • Gemblong nyaéta kadaharan nu dijieuna tina adonan tipung ketan bodas atawa ketan hideung beunang ngagoréng, dibalur ku kinca gula beureum atawa gula bodas.
  • Jalabria nyaéta kadaharan anu rasana amis, wangunna buleud siga ali agrem, dijieunna tina tipung ketan hideung, ngasakanna digoréng, meunang ngagoréng diasupkeun kana kinca gula bodas.
  • Jiwel nyaéta kadaharan anu dijieunna tina tipung ketan, dikeureutan dikotak - kotak, diwarnaan hideung, dicampur parud kalapa.
  • Kelepon nyaéta kadaharan anu wangunna buleud siga kaléci, di jerona aya gulaan, dipurulukan parud kalapa, dijieunna tina ketan atawa adonan aci sampeu dicampur cai, biasana diwadahan kana daun kalapa nu dicangkedong.
  • Kolontong nyaéta kadaharan tina ketan kawas opak, rasana amis, wangunna parasagi sarta kembung jeung koyoposna.
  • Peuyeum ketan nyaéta peuyeum nu dijieun tina ketan hideung atawa ketan bodas meunang nyeupan,maké dicampur ragi, dikekeb (dibunian)2-3 poé.
  • Rangginang nyaéta kadaharan tina sangu ketan, dicetak sina baruleud gépéng,dipoé, tuluy digoréng.
  • Sasagon nyaéta kadaharan tina tipung ketan anu disangray maké gula bodas jeung parud kalapa.
  • Téngténg nyaéta kadaharan amis - amis dijieun tina béas ketan jeung sabangsana. sabangsa noga suuk.
  • Ulén nyaéta sangu ketan anu ditutuan nepi ka liket bisa ogé dicampur parud kalapa, biasana digoréng atawa dibeuleum.
  • Wajit nyaéta kadaharan anu rasana amis, dijieunna tina ketan dicampur gula beureum jeung parud kalapa, dibungkus laleutik ku daun jagong atawa upih.

Rujukan édit

  1. a b c (id)Rachmat Taufiq Hidayat, spk. Peperenian Urang Sunda. PT Kiblat Buku Utama. Bandung 2005.
  2. a b (id)beras ketan[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 24 Oktober 2011)
  3. a b c d e (id)[1] (diaksés tanggal 24 Oktober 2011)
  4. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen.