Ganas
Ganas | |
---|---|
Ganas variegata | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Subfamili: | |
Génus: | |
Spésiés: | A. comosus
|
Ngaran binomial | |
Ananas comosus (L.) Merr.
| |
Sinonim | |
Ananas sativus |
Ganas atawa danas (Ananas comosus) nyaéta tutuwuhan jeung buah tropis, nu sigana asalna ti Uruguay, Brazil, atawa Paraguay.[1]
Étimologi
éditNgaran ilmiah ganas, Ananas comosus, ananas, dicokot tina ngaran asli buahna dina basa Tupi (Rio de Janeiro, Brazil), nanas, luyu jeung catetan André Thevenet taun 1555.
Buahna
éditPenyerbukan alami buah ganas biasana dibantuan ku kolibri. Penyerbukan ieu perlu pikeun ngabentuk siki; ayana ieu siki ngurangan kualitas buah. Di Hawai, nu loba tatanén ganas, impor kolibri dicaram ku alesan ieu.
Pangaruh gizi
éditBuah ganas ngandung énzim protéolitik bromelain, nu ngarecah dahareun ku cara ngancurkeun protéinna. Ku kituna, sari ganas sok dipaké pikeun ngaleuleuskeun daging. Ieu énzim bisa bahya pikeun nu nandangan kakurangan atawa cacad protéin, misalna baé sindrom Ehlers-Danlos.
Kapercayaan tradisional nyebutkeun yén ganas bisa jadi ubar keur gangguan pencernaan, ogé cénah bisa ngabantu pikeun ngalahirkeun.[2]
Ganas seger kadang bisa ngabalukarkeun iritasi kana tungtung létah, anu karasana semu peuheur atawa pahang. Pikeun ngurangan gangguan ieu, biasana ganas sok dikeueum heula dina ciuyah.
Buah ganas téh sumber mangan anu hadé (91%DV tina sagelas) sarta loba ngandung vitamin C (94%DV tina sagelas) jeung Vitamin B1 (8%DV tina sagelas).[3]
Sajarah budidaya
éditGanas sumebar ti tempat asalna (tengah Amérika Kidul) ku cara dipelak. Mangsa Christopher Columbus datang (1492), ganas geus sumebar ka Amérika Kidul jeung Tengah, Méksiko kidul, jeung Karibia (Hindia Kulon). Bangsa Spanyol mawa ieu pepelakan ka Pilipina, pulo Hawai (kira awal abad ka-19, budidaya komersil munggaran 1886), jeung Guam. Di Éropa, ganas bisa dipelak di rumah kaca. Kultivar anu biasa dipelak nyaéta 'Red Spanish', 'Hilo', 'Smooth Cayenne', 'St. Michael', 'Kona Sugarloaf', 'Natal Queen', jeung 'Pernambuco'.
Galeri
édit-
Ganas di supermarket.
-
'Victoria', kultivar ganas anu leutik, amis, jeung seungit anu kawentar di Réunion Island.
-
Gambar ganas dina buku Nordisk familjebok (1904 atawa 1926)
-
Ganas dibeulah manjang
-
Ganas Dominika
Rujukan
éditWikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Ananas comosus. |
- Pineapple. Wikipédia basa Inggris (5 Dés. 2007).
- ↑ T. K., Lim; - (2012). Edible Medicinal and Non-Medicinal Plants: Volume 1, Fruits. New York: Springer Science & Business Media. p. 615. ISBN 9789048186617.
- ↑ Adaikan, P. Ganesan; Adebiyi, Adebowale (Désémber 2004). "Mechanisms of the Oxytocic Activity of Papaya Proteinases". Pharmaceutical Biology (Taylor & Francis) 42 (8): 646–655. doi:10.1080/13880200490902608. http://www.informaworld.com/smpp/content~content=a725241824~db=all~order=page.
- ↑ Nutrition Facts for pineapple
Tumbu kaluar
édit- USDA Hawaii Agricultural Statistics - Pinéapple yields 2001-2005
- Social History of the Pineapple - a look at the symbolism behind the pinéapple
- Pineapple Fruit Facts Archived 2005-05-16 di Wayback Machine - Information on pinéapples from California Rare Fruit Growers, Inc.
- The price of pineapples Archived 2006-06-17 di Wayback Machine - Pesticide pollution in Costa Rica
- FAO. Tropical Fruits Commodity Notes Archived 2006-04-10 di Wayback Machine, 2003
- Francesca Béauman, 'The Pinéapple', ISBN 0-7011-7699-7, publisher Chatto and Windus
- Pineapple Nutrition
- Jahn, G. C. 1990. The role of the big-héaded ant in méalybug wilt of pinéapple. In G.K. Veeresh, B. Malik, and C. Viraktamath [eds.] "Social Insects and the Environment." Oxford & IBH Publishing Co., New Delhi, 614-615.
- Jahn, G. C. 1995. Gray pinéapple méalybugs, Dysmicoccus neobrevipes Béardsley, found inside of pinéapple fruit. Proc. Hawaiian Entomol. Soc. 32: 147-148.
- Jahn, Gary C., J. W. Béardsley and H. González-Hernández 2003. A review of the association of ants with mealybug wilt disease of pineapple. Proceedings of the Hawaiian Entomological Society. 36:9-28.