Garpu
Garpu nyaéta parabot dahar, panyocog kadaharan, sabalikna tina garpu nyaéta séndok.[1] Garpu leutik gunana pikeun nyocog kuéh nu rek di huapkeun.[1]
Pamakéan garpu sapopoé pikeun dahar mangrupa kamekaran anu pohara mutakhir dina sajarah manusa.[2] Jaman baheula mah ngagunakeun régang leutik bercabang minangka sarupaning garpu alamiah pikeun nyokot daging.[2] Sawatara ahli boga pamadegan yén garpu magrupa jamparing, sarta yén dina awalna garpu nyaéta sarupaning tusuk huntu anu dipaké pikeun nyokot sésa kadaharan di antara huntu.[2]
Garpu anu sakumaha urang wawuh mimiti ngan dipaké pikeun masak sarta nyekel daging bari dipotong-potong.[2] Garpu-garpu anu kahiji ieu panjang sarta beranting dua, sarta dijieun ti beusi, tulang, sarta kai teuas. Sanggeus waktu anu pohara lila, garpu kakara ditarima sacara umum pikeun dipaké dahar.[2] 300 taun katukang, garpu mangrupa barang anu pohara ahéng di Éropa.[2] Sabenerna di Perancis, saban jelema dahar jeung leungeun nepi ka abad ka-17.[2] Komo di Karajaan Louis XIV anu megah kalayan perjamuan-perjamuan badag di karajaanna ogé euweuh anu ngagunakeun garpu.[2]
Sabot jalma-jalma mimiti mimitian ngagunakeun garpu pikeun dahar, jalma-jalma séjén ngomongkeun yén maranéhanana miboga sikep pinilih teuing. Dina abad ka-16, jalma-jalma anu ngagunakeun garpu di Venice masih dianggap rada ahéng. Di Venice, unggal jelema dilayanan, di gigireunna péso sarta séndok, jeung garpu pikeun nyekel daging bari motongna, alatan maranéhanana nganggap hal éta mangrupa kalakuan goréng, ku kituna, jelema kudu nyabak daging ku leungeunna.[2]
Saprak abad ka-17, tatakrama di méja makan mekar di kabéh lingkungan modérn.[2] Garpu pérak mimiti muncul di sakumna Italia.[2] Sarta nyanghareupan ahir abad ka-18, garpu éta ditarima minangka hiji kawajiban di imah jalma-jalma anu pangsopanna.[2]
Rujukan
édit
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |