Foto gedang dicokot ti handap

Gedang (di wewengkon Pangandaran ilahar disebut gandul) nyaéta ngaran bungbuahan.[1] Gedang téh tuwuhan nu asalna ti genus Carica, ti Meksiko bagéan kidul jeung Amerika bagéan kalér, kiwari mah geus sumebar disakabéh daérah tropis.[2] Pucukna didahar atah-atah jeung Jambu médé, dijieun lalab atawa dijieun buntil.[1] Buahna nu ngora kénéh diseupan atawa dijieun rujak.[3]. Daun gedang dipercaya bisa ngalancarkeun sékrési hamperu jeung nyageurkeun muring anu nahun. Cai kulubanana mun diinum bisa nyageurkeun ginjal. Sanajan rasana daun gedang téh pait, tapi urang Sunda réa anu mikalandep. Buahna anu asak diidangkeun minangka bungbuahan, atawa sok didagangkeun ku tukang buah.[1] Tuwuhan ieu miboga dahan nu saeutik pisan, jangkungna bisa tumuwuh 5m nepi ka 10m, daun gedang ngabogaan dahan nu saeutik. Bentuk buahna biasana buleud lonjong gede.[2]

Ajén gizi gedangÉdit

Kandungan di buah gedang di antarana nyaéta folat, vitamin A, magnesium, tembaga, asam pantotenat, fiber3, vitamin B, alfa dan beta karoten, lutein, zeaxanthan, vitamin E, kalsium, kalium, vitamin K,sarta lycopene.[2]

Mangpaat buah gedang:Édit

Gedang alus pikeun pencernaan.Édit

Gedang hadé pikeun pencernaan ku sabab ngandung enzim papain nu ngabogaan pungsina ngalancarkeun saluran cerna, salian ti éta gedang ngandung serat nu luhur jeung miboga kadar cai nu luhur.[2]

Anti inflamasiÉdit

ku sabab gedang ngandung enzim anti inflamasi, ieu miboga mangpaat keur arthritis, osteoporosis, edama keur ngaleungitkeun rasa nyeuri, sarta bisa nyingkahan panyakit kanker.[3]

Alus keur tulangÉdit

Gedang miboga vitamin K nu alus keur tulang. Vitamin K miboga pungsi keur ngajaga kasehatan tulang ku cara ngaroba protein jadi matriks tulang, ningkatkeun nyerepna kalsium kana tulang, jeung ngurangan eksresi kalsium.[2]

Nguatkeun sistem imunÉdit

Senyawa beta karoten dina gedang ngabogaan mangpaat keur ningkatkeun sistem imun dina awak.[2]

Nyingkahan degenerasi makulaÉdit

Senyawa eaxanthin antioksidan nu miboga mangpaat dina gedang bisa nyaring sinar cahaya biru nu bahaya, nu diperkirakeun miboga peran protektif keur kasehatan mata keur nyingkahan karusakan degenerasi.[2]

RujukanÉdit

  1. a b c Ajip Rosidi, spk. (2000) Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, dan Budaya (termasuk Budaya Betawi dan Cirebon). Jakarta: Pustaka Jaya.
  2. a b c d e f g "Pepaya – Pengertian, Klasifikasi, Kandungan Gizi, Manfaat, Dan Jenis-Jenis Pepaya – Flora dan Fauna". www.faunadanflora.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2017-10-20. 
  3. a b Hesti, spk. (2000) Rujak Gedang. Jakarta: Penerbit anu.
 

Tutumbu KaluarÉdit