Buka ménu utama

Golongan getih (atawa golongan darah, atawa tipe getih) maksudna dadaran ciri-ciri sél getih beureum hiji jalma dumasar jenis zat (karbohidrat jeung protéin) dina mémbran sélna. Klasifikasi golongan getih manusa pangpentingna nyaéta ABO jeung faktor Rhesus (faktor Rh). Aya ogé 46 antigén lianna, tapi lolobana mah leuwih jarang batan ABO jeung Rh. Transfusi getih ti golongan nu teu cocog bisa ngabalukarkeun réaksi transfusi imunologis mangrupa anémia hémolitik, gagal ginjal, shock, malah bisa nepi ka maot. Golongan getih ABO ogé aya di simpanseu.

DasarÉdit

Golongan getih ditangtukeun ku antigén (épitop) dina beungeut sél geih beureum, di antarana aya nu mangrupa protéin, boh nu murni atawa nu meungkeut polisakarida. Euweuhna marka ieu bakal ngarangsang produksi antibodi pikeun ngalawan marka ieu. Mun getih nu asup golonganana salah/béda, getih nu diasupkeun bakal geuwat diruksak. Sésa-sésana ieu nu ngabalukarkeun kasakit.

Élmuwan Austria Karl Landsteiner boga jasa gedé tina papanggihanana ngeunaan sistim golongan getih (ABO) taun 1901; anjeunna dileler Hadiah Nobel widang Fisiologi jeung Kadokteran taun 1930. Sabenerna, taun 1907, ahli serologi Céko Jan Janský sacara mandiri geus mitambeyan klasifikasi getih manusa kana opat golongan, tapi n leuwih diaku mah papanggihan Landsteiner. Landsteiner ngadadarkeun A, B, jeung O; Decastrello jeung Sturli manggihan golongan kaopat, AB, taun 1907. Landsteiner jeung Alexander S. Wiener lajeng manggihan sét antigén pangpentingna kadua, sistim Rhesus, taun 1937 (publikasi taun 1940).

Sistim ABOÉdit

Golongan getih turunan
Indung\Bapa O A B AB
O O O, A O, B A, B
A O, A O, A O, A, B, AB A, B, AB
B O, B O, A, B, AB O, B A, B, AB
AB A, B A, B, AB A, B, AB A, B, AB

Sistim Rhesus (CDE)Édit

Frékuénsi ABO jeung RhesusÉdit

Golongan séjénÉdit

Fénotipe BombayÉdit

Fénotipe McLeodÉdit

KompatibilitasÉdit

Jihat évolusiÉdit

Jihat sosialÉdit

Baca ogéÉdit

RujukanÉdit

  • Blood type, Wikipédia édisi basa Inggris per 24 Pébruari 2006.
  • Landsteiner, K. 1900. Zur Kenntnis der antifermentativen, lytischen und agglutinierenden Wirkungen des Blutserums und der Lymphe. Zentralblatt Bakteriologie 27:357-62.
  • Landsteiner, K. & A.S. Wiener. 1940. An agglutinable factor in human blood recognized by immune sera for rhesus blood. Proc. Soc. Exp. Biol. Med. 43:223-224.
  • [Benes93] Beneš, J. Člověk. Praha: Mladá fronta, 1993.

Tumbu kaluarÉdit