Heucak nyaéta paré anu leupas tina geugeusan; ranggeuyan paré anu henteu bisa di beungkeut/dieundan.[1][2] Heucak ogé nunjul kana ranggeuyan paré anu henteu gembleng, kurang loba eusina ku lantaran sawaréhna hapa atawa henteu jadi, heucak ilaharna diala pang pandeurina.[3][4]

Gambar:COLLECTIE TROPENMUSEUM Hand met étém en rijsthalmen TMnr 10011215.jpg
Heucak (pare anu leupas tina geugeusanna

Heucak mah dipoéna diamparkeun dina luhur giribig, nyiru, atawa karung tempona geus garing tuluy dijait tara ieuh diasupkeun ka leuit.[5] Wadahan maké tolombong atawa karung, béda jeung paré beunang mangkék dipoéna sageugeus-sageugeus ditilaman saperluna di mana geus garing diteundeun digantungkeun atawa diasupkeun ka leuit.[5] Témpona butuh béas jang nyangu, anu sok diheulakeun ditutu téh paré heucak heula tuluy waé diliwet, sanguna ogé sok disebut sangu heucak.[5]

Paré anu dipelak sok maruragan kana galeng terus ngajadi nepi ka dipanén, éta ogé nu kasebut paré heucak

Dicutat tina

édit
  1. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. 
  2. Mustapa (R.), Maryati Sastrawijaya, Hasan (1991). Adat istiadat Sunda. Jakarta: Alumni. ISBN 9789794141700. 
  3. Dibrata, R.A. Dana (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. ISBN 9793631937. 
  4. Isyanti, Dina (2013). Prosiding Seminar Naskah Kuna Nusantara: "Pangan dalam naskah Nusantara". Jakarta: Perpustakaan Nasional, Republik Indonesia. ISBN - Check |isbn= value (bantuan). 
  5. a b c Amin, Sjarif (1984). Di lembur kuring. Jakarta: Departemen Pendikan dan Kebudayaan, Proyek Penerbitan Buku Sastra Indonesia dan Daerah. ISBN - Check |isbn= value (bantuan).