Buka ménu utama
"Nyiru disuhun paranti mawa dagangan"

Nyiru nyaéta salah sahiji parabot nu wangunna buleud dijieun tina anyaman awi beunang meulahan ipis kalawan dianyam rapet sangkan maloncor lamun dipaké napi béas, paré, milihan kacang, jeung sajabana [1]. Nyiru ogé ilahar dipaké tempat moé, saperti moé kéré lauk, wajit, kicimpring, ranginang, jeung réa-réa deui olahan baseuh anu perlu dipoé heula [2]. Nyiru mibanda ngaran béda-béda unggal daérah saperti talam, indang, penampi, jeung sajabana [3].

PedaranÉdit

Mangsa datang usum panén paré nyiru dipaké pikeun misahkeun paré anu hapa jeung paré anu beuneur ku jalan ditapi maké nyiru, paré meunang ngala tuluy diirik sangkan lalésotan tina gagangna, di mana geus lalésotan tuluy dipisahkeun daun jeung sikina ku jalan ditapi maké nyiru [4], moé paré ogé bisa maké nyiru malahan paré anu ditutu dina lisung, misahkeun huut jeung béasna ku cara ditapi maké nyiru [5].

Nyiru ogé jadi andelan tukang nyieun ranginang, salé cau, wajit, ogé ngamangpaatkeun nyiru keur tempat moékeunana[2], Di daérah Tasikmalaya hususna Singaparna jeung Puspa hiyang loba pisan tukang nyieun nyiru keur jualeun, nyiru beubeunanganna dijual di daérah sabudeureun Tasikmalaya, Singaparna , Garut , malahan iang nyiru daganganana nepi ka Bandung jeung Jakarta sagala.[6]

Nyiru mangrupa pakakas anu kudu dipibanda, sabab loba pisan guna jeung mangpaatna, saperti napi béas saméméh diisikan ku cara béas diteundeun luhureun nyiru tuluy ditapi sangkan huut badagna haliber, tuluy béas diguar-guar, niténan bisi aya sérah atawa keusik jeung barang séjén anu kabawa. Nyiru anu leutik sok disebut cécémpéh.[7]

Dicutat tinaÉdit

Tutumbu kaluarÉdit