Hoé bogo
Calamus heteroideus | |
---|---|
Hoé bogo | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | Plantae
|
Divisi: | Magnoliophyta
|
Kulawarga: | Arecaceae
|
Génus: | Calamus
|
Spésiés: | Calamus heteroideus Blume
|
Sinonim | |
Calamus heteroideus |
Hoé bogo; hoé korod; Calamus heteroideus nyaéta tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Arecaceae.[1] Loba kapanggih hirup di pulo Jawa jeung Sumatra, di Sumatra ieu tutuwuhan disebutna uwi sabut lilin.[2][2]
Hoé ieu mangrupikeun jinis anu paling loba katempo hirup di pulo Jawa, hirup ti mimiti daérah anu perenahna 600 nepi ka 1500 méter. Hoé karod disebut ku Hasskarl (Het Nut, No 376) C viminalis, Willd. [3]
Habitat
éditIeu tutuwuhan loba kapanggih hirup di tempat anu hieum, perenahna dina 800 - 1450 méter luhureun beungeut cai laut.[2] Digunung Cakrabuana hoé jinis ieu loba kapangih hirup di daérah anu perenahna 1000-1100 méter luhureun beungeut cai laut.[2]
Ciri mandiri
éditNgarungkun, jangkungna bisa nepi ka 8 méter, buleudan tangkalna 1 cm, panjang buku-bukuna kurang leuwih 10 cm.[2] Hoé bogo mah henteu pati panjang tangkalna, arang langka akapanggih hirup di saluhurun 16 méter.<ref name=“Heyne”> Panjang dauna bisa nepika 75 cm, palapahna mibanda kelir héjo kalawan katutupan ku cucuk anu kelirna semu konéng, panjang cucukna 2-15 mm. Panjang gagang dauna 25 cm, panjang rakis (tulang daun) 50 cm. Daunna ngawujud pita ukuranna 15x1.5 cm diwangun ku 20 anak daun di unggal sisina, daun palebah luhurna ogé carucukan lemes.[2] Kembangna panjang, aya kana 90 cm, kelirna héjo. Ukuran buahna 1.2 cm, héjo semu konéng, sikina hiji buleudana 0.7 cm.[2]
Guna jeung mangpaat
éditÉta hoé remen dimangpaatkeun pikeun rupa-rupak karajinan anyaman sarupaning wawadahan, korsi, jeung sajabana, ogé dijieun rupa-rupa tali. [3]
Dicutat tina
édit- ↑ Plantamor. 2021-05-5 http://plantamor.com/species/info/calamus/heteroideus. Diakses tanggal 2021-07-05. Archived 2021-05-13 di Wayback Machine
- ↑ a b c d e f g Joko R Witono; Tatang Daradjat dan Samsu Sujahman. "Beberapa jenis rotan di gunung cakra buana, sumedang, Jawa barat". Pusat Konservasi Tumbuhan-Kebun Raya Bogor-LIPI 6 (6): 789-792. http://e-journal.biologi.lipi.go.id. Diakses pada 2021-09-05.
- ↑ a b Heyne, K. (1913). DE NUTTIGE PLANTEN VAN NEDERLANDSCH-INDIË. Library New York Botanical Garden: RUYGROK & Co BATAVIA. p. 21. Diakses tanggal (disungsi) 10 Mei 2021.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |