Adat ngurus orok: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
SU34Marlina (obrolan | kontribusi)
Nyieun kaca anyar Adat ngurus orok Adat kabiasaan ngurus orok ilaharna ku paraji salila 40 poé nalika utun atawa inji kaluar tina beuteung indungna, tuluy éta orok téh ditangkarakeun anu...
 
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-1:
{{rapikan}}
Adat ngurus orok
Adat kabiasaan ngurus [[orok]] ilaharna ku [[paraji]] salila 40 poé nalika utun atawa inji kaluar tina beuteung indungna, tuluy éta orok téh ditangkarakeun anu asal posisina nangkub sanggeus kitu orok téh di teuneun dina nyiru tuluy di tutupan ku samping (tina beuheung nepi ka sukuna).
Sanggeus kitu paraji tatahar ngurus indung éta orok (Adat Ngaraksa Nu Ngajuru). Di tuluykeun kana ngurus orok, samping anu tadi di paké nutupan téh dibuka tuluy paraji ngaracek bali jeung ngurut éta tali ari-ari, sabeulahna bagianana diurut kana arah beuteung éta orokjeung sabeulah deui kana arah bali. Sanggeus kitu éta ari-ari téh di talian ku bola tilu kali beungkeutan. Beungkeutan kahiji jarakna 2 ramo tina beuteung orok, beungkeutan kaduajarakna 2 ramo tina beungkeutan nu kahiji, beungkeutan katilu, 3 ramo tina beungkeutan nu kadua jeung. Sanggeus kitu maké landasan konéng temen jeung duit récéh di handapna, tali ari-ari nu tadi di teukteuk ku hinis. Bagian anu di teukteuk nya éta antara bagian anu kadua jeung nu katilu. Duit anu dijadikeun landasan nya éta duit ringgit atawa duit emas. Landasan éta miboga udagan sangkan éta orok ka hareupna bakal jadi budak gede milik jeung séhat.