Konten dihapus Konten ditambahkan
Uchup19 (obrolan | kontribusi)
mTidak ada ringkasan suntingan
Ilhambot (obrolan | kontribusi)
m Ngarapihkeun éjahan, replaced: mangrupakeun → mangrupa, Kusabab → ku sabab using AWB
Baris ka-3:
Dina [[kimia]], '''alkohol''' ngandung harti nu leuwih umum, dilarapkeun ka [[sanyawa organik]] naon baé nu ngandung [[gugus hidroksil]] (''-[[oksigén|O]][[hidrogén|H]]'') nu kabeungkeut na atom [[karbon]]na. Rumus umum pikeun alkohol basajan nu teu ngandung cingcin nyaéta '''C<sub>n</sub>H<sub>2n+1</sub>OH'''.
 
Minangka [[ubar]], alkohol ilahar (étanol) bisa nimbulkeun [[déprésan|pangaruh déprésan]] nu nurunkeun réspon [[sistim saraf pusat]].
 
== Struktur ==
[[Gugus fungsional]] hiji alkohol nyaéta [[gugus hidroksil]] nu kabeungkeut kana karbon nu kahibridisasi sp<sup>3</sup>. Ku kituna, alkohol bisa dianggap minangka turunan [[cai]], nu mibanda gugus [[alkil]] nu ngaganti salah sahiji hidrogénna. Mun nu ngaganti hidrogénna mangrupa gugus [[aril]], sanyawana sacara umum disebut [[fénol]]. Oksigén na alkohol mibanda sudut beungkeut kira 109° (c.f. 104.5° na cai), sarta dua pasang [[éléktron]] bébas. Beungkeut O-H na [[métanol]] (CH<sub>3</sub>OH) panjangna kira 0.96 [[Angstrom|Å]] (96 [[pikométer|pm]]).
 
=== Alkohol primér, sekundér, jeung tersiér ===
Aya tilu golongan utama alkohol- 'primér' (1°), 'sekundér' (2°), jeung 'tersiér' (3°), dumasar jumlah karbon nu kabeungkeut ku karbon nu mibanda gugus hidroksil. [[Étanol]] mangrupakeunmangrupa alkohol 'primér' pangbasajanna. Alkohol sekundér pangbasajanna nyaéta [[isopropanol]] (propan-2-ol), sedengkeun alkohol tersiér pangbasajanna nyaéta ''tert''-[[butanol]] (2-métilpropan-2-ol).
 
[[Gambar:alcohol_common.jpg|450px|Sababaraha alkohol nu umum]]
Baris ka-19:
 
== Mangpaat ==
Alkohol loba pisan dipaké di industri jeung panalungtikan ilmiah minangka réagen, [[pangleyur]], jeung [[alkohol minangka bahan bakar|bahan bakar]]. Étanol jeung métanol dipaké jadi bahan bakar nu leuwih bersih manan [[béngsin]] atawa [[solar]]. Kusababku sabab toksisitasna nu handap jeung kamampuhna ngaleyurkeun zat non-polar, étanol mindeng dipaké minangka pangleyur obat médis, [[parfum]], sarta ésens sayur modél [[vanila]]. Étanol ogé ilahar dipaké/aya dina inuman hasil férmentasi sahingga méré rasa nu leuwih; dipakéna étanol dina hal ieu bisa ngabalukarkeun kacanduan sarta ngaruksak awak.
 
== Sumber ==
Baris ka-26:
== Tata ngaran ==
=== Ngaran sistimatik ===
Dina sistim [[tata ngaran IUPAC|IUPAC]], ngaran rantay alkana leungiteun tungtung "-a"-na, diganti ku "-ol", misalna "métanol" jeung "étanol". Mun perlu, posisi gugus hidroksil dituliskeun di antara ngaran alkana jeung "ol"-na: [[propan-1-ol]] pikeun CH<sub>3</sub>CH<sub>2</sub>CH<sub>2</sub>OH, [[Isopropil alkohol|propan-2-ol]] pikeun CH<sub>3</sub>CH(OH)CH<sub>3</sub>. Kadang, nomer posisi ieu ditulis méméh ngaran IUPAC: 1-propanol jeung 2-propanol. Mun aya gugus séjén nu leuwih diheulakeun, (misalna [[aldehida]], [[keton]] atawa [[asam karboksilat]]), mangka kudu maké awalan "hidroksi", misalna 1-hidroksipropan-2-on (CH<sub>3</sub>COCH<sub>2</sub>OH).
 
Sababaraha conto alkohol basajan jeung ngaranna:
Baris ka-44:
 
== Pasipatan fisik jeung kimia ==
[[Gugus hidroksil]] sacara umum ngajadikeun molekul alkohol mibanda sipat [[molekul polar|polar]]. Gugus ieu bisa ngabentuk [[beungkeut hidrogén]] antargugusna, ogé jeung sanyawa séjén. Trén kaleyuran nu patukangtonggong dina alkohol, nyaéta (1) kacondongan -OH polar leyur dina cai jeung (2) rantay karbon nu nolak cai. Ku kituna, métanol, étanol, jeung propanol bisa leyur na cai sabab gugus hidroksilna bisa ngéléhkeun rantay karbon nu pondok. [[Butanol]] nu boga rantay opat karbon, bisa kénéh leyur na cai. Alkohol nu rantay karbonna leuwih ti opat ([[pentanol]] ka luhur) teu bisa leyur sabab rantay hidrokarbonna geus leuwih dominan.
 
Ku ayana beungkeut hidrogén, alkohol condong mibanda titik golak nu luhur dibanding [[hidrokarbon]] jeung [[éter]] nu sawanda. Sakabéh alkohol basajan bisa leyur dina pangleyur organik. Ayana beungkeut hidrogén ngajadikeun alkohol minangka [[pangleyur protik]] (''protic solvent'').
 
Kawas cai, alkohol bisa némbongkeun sipat asam atawa basa dina gugus -OH-na. [[pKa|pK<Sub>a</sub>]] nu antara 16-19 ngajadikeun watek asam alkohol leuwih lemah batan cai, tapi masih kénéh bisa diréaksikeun jeung basa kuat kawas [[natrium hidrida]] atawa logam réaktif kawas [[natrium]]. [[Uyah (kimia)|Uyah]] nu dihasilkeun disebutna '''[[alkoksida]]''', nu rumus umumna [[Alkil|R]]O<sup>-</sup> [[Logam|M]]<sup>+</sup>, sedengkeun atom [[oksigén]]na mibanda [[pasangan éléktron bébas]] nu mawa sipat [[basa]] lemah ku ayana asam kuat kawas [[asam sulfat]]. Pikeun conto, jeung métanol:
 
[[Gambar:methanol_acid_base.gif|500px|Kaasaman jeung kabasaan métanol]]
Baris ka-69:
 
* '''Tina [[aldehida]] atawa [[keton]]:''' réduksi ku [[natrium borohidrida]].
 
* '''Tina [[alkéna]]:''' [[réaksi hidrasi]] maké katalis [[asam sulfat]] (biasana ngahasilkeun alkohol 2° atawa 3°).
eg- C2H4 + H2SO4 --> C2H5-HSO4,
Baris 90 ⟶ 89:
 
=== Réaksi ===
Tempo [[#Pasipatan fisik jeung kimia|bab pasipatan fisik jeung kimia]] di luhur pikeun gambaran umumna.
 
==== Deprotonasi ====
Baris 114 ⟶ 113:
 
==== [[Réaksi dehidrasi|Dehidrasi]] ====
Alkohol téh nukléofilik, sahingga R−OH<sub>2</sub><sup>+</sup> bisa meta jeung ROH ngahasilkeun [[éter]] jeung cai, najan réaksi ieu jarang dipaké iwal di pabrik [[diétil éter]].
 
Nu leuwih jétu mah E1 [[réaksi éliminasi]] alkohol pikeun ngahasilkeun [[alkéna]]. Réaksina sacara umum luyu jeung [[Aturan Zaitsev]], nu nandeskeun yén bakal kabentuk alkéna nu paling stabil. Alkohol tersiér bisa leungit (nguap) dina suhu saeutik luhureun suhu rohangan, sedengkeun alkohol primér butuh suhu nu leuwih panas.
Baris 121 ⟶ 120:
 
==== [[Ésterifikasi]] ====
Pikeun ngahasilkeun [[éster]] tina [[alkohol]] jeung [[asam karboksilat]], réaksina, katelah "ésterifikasi Fischer", biasana dijalankeun dina [[réfluks]] maké katalis [[asam sulfat]] kentel:
 
: R-OH + R'-COOH <=> R'-COOR + H<sub>2</sub>O
 
Sangkan kasatimbanganana ngisér ka katuhu sarta ngahasilkeun jumlah éster nu loba, cai biasana dileungitkeun ku cara ngalobaan H<sub>2</sub>SO<sub>4</sub> atawa maké [[alat Dean-Stark]]. Éster bisa ogé dijieun tina réaksi alkohol jeung [[klorida asam]] dina lingkungan basa (misalna ditambahan [[piridin]].
 
Éster tipe lianna dijieun ku cara nu sarupa- misalna éster [[p-toluén sulfonat]] (tosilat) dijieun tina réaksi alkohol jeung p-[[toluén sulfonil]] klorida dina piridin.