Béda révisi "Pasantrén"

12 bita ditambahkeun ,  2 tahun yang lalu
m
taya kamandang éditan
m
[[File:Pesantren Tebuireng, Jombang.jpg|thumb|Pasantren Tebuireng di Jombang]]
'''Pasantrén''' ([[Aksara Sunda baku|aksara Sunda]]: ᮕᮞᮔ᮪ᮒᮢᮦᮔ᮪; {{Lang-id|'pesantren'}}) atawa sok disebut ogé '''pondok pasantrén''' nyaéta sakola [[Islam]] nu maké [[kobong]] anu aya di [[Indonésia]]. Pasantrén téh mangrupa lembaga atikan nu dianggap pangheulana aya saméméh ayanapatingpucunghulna sakola-sakola formal jiga ayeuna. Tujuan pangatikan di jero pasantrén nyaéta pikeun neleban pangaweruh ngeunaan [[Al-Qur’an]] jeung [[Sunnah Rosul]], ku jalan diajar [[basa Arab]] jeung aturan-aturan tata basa-basa [[Arab]]. Nu dialajar di pasantrén (nu disebut [[santri]]) dialajar di ieu sakola, sakalian hirup sapopoé di [[kobong]] anu geus disadiakeun ku pasantrén. Institusi anu sarupa jeung pasantrén ogé aya di nagara-nagara lian; misalna di [[Malaysia]] jeung [[Thailand]] anu disebut sekolah pondok, ogé di [[India]] jeung [[Pakistan]] anu disebut ''madrasa Islamia''.<ref>Zamakhsyari Dhofier, Tradisi Pesantren Studi tentang Pandangan Hidup Kyai, LP3S, Jakarta, 1983, hlm.18.</ref> Pasantrén numutkeun kana définisi dasarna mah mangrupa tempat diajarna para santri, sedengkeun harti pondok nyaéta [[imah]] atawa tempat dumuk basajan dijieun tina [[awi]]. Di sagigireun éta, kecap ''pondok'' meureun asalna tina {{Lang-ar|فندقا}} nu hartina kobong atawa hotél. Di [[Sunda]], [[Jawa]] jeung [[Pulo Madura|Madura]] umumna dipaké istilah pondok jeung pasantrén, ari di [[Acéh]] mah dipikawanoh ku Istilah ''dayah'' atawa ''rangkang'' atawa ogé ''menuasa'', mun di [[Urang Minang|Minangkabau]] mah disebutna surau.<ref>Nurcholis Madjid, Bilik-Bilik Pesantren Sebuah Potret Perjalanan, (Jakarta: Paramadina, 1997), hal. 5</ref> Pesantrén ogé bisa dipicangkem minangka lembaga atikan jeung pangajaran agama Islam, nu ilaharna mah ku cara nonklasikal, nu mana saurang [[ajengan]] ngajarkeun élmu agama Islam ka para santri dumasar kitab-kitab nu ditulis dina [[basa Arab]] ku para Ulama Abad pertengahan, jeung para santrina ilaharna dumuk di kobong éta pasantrén.<ref>Sudjono Prasodjo, Profil Pesantren, (Jakarta: LP3S, 1982), hlm. 6.</ref>
 
== Sajarah Umum ==