'''Dongéng''' nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula.<ref name="Definisi"/> Numutkeun [[kamus]] dongéng téh [[babad]] meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana anu mohal jadina <ref name="Kamus">Danadibrata , R.A.2006.Kamus Basa Sunda. Bandung:PT Kiblat Buku Utama.</ref>. [[Budi Rahayu Tamsah]] nétélakeun yén dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok.<ref name="Sumber 1">Tamsyah, Budi Rahayu.(1997). Pangajaran Basa Sunda. Bandung: Pustaka Setia.(kaca 121)</ref> Dongéng mimiti gelar dina wangun lisan, sumebar ti hiji jalma ka jalma liana, tur teu kapanggih saha nu ngarangna.<ref name="Diktat 1">Ruhaliah (2002) Sajarah Sastra Sunda.Bandung.Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah</ref> Lantaran sumebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit.<ref name="Diktat 1"/> Robahna téks téh alatan aya anu dihaja jeung teu di haja.<ref name="Diktat 1"/>