Adat Nikah: Béda antarrépisi

Konten dihapus Konten ditambahkan
YogiYY (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
Tag: Éditan sélular Éditan wéb HP
Baris ka-3:
Dina adat [[sunda]] nalika nikahkeun aya sababaraha adat anu dilaksanakeun boh ti saméméh prung nepi ka réngséna dina poé anu geus ditangtukeun nyaéta:
* [[Neundeun omong]] atawa [[ngalagat]]
Neundeun omong nyaéta prosés di mana ti pihak [[lalaki]] neundeun omong atawa talatah anu eusina boga niat jang hahadéanNeundeunhahadéan. Neundeun omong bisa dihartikeun ogé méré jangji. Prosés neundeun omong atawa ngalagat biasana teu dibarengan ku upacara anu geus tangtu Ku kituna, teu kaasup kana runtuyan upacara nikah, tapi saukur mangrupa prosés wawanohan antara [[lalaki]] jeung awéwé atawa prosés anu ngamimitian ayana upacara nikah
*[[Narosan]] atawa [[Ngalamar]]
Narosan atawa ngalamar nyaéta salah sahiji prosés anu dilakukeun ku pihak [[lalaki]] ku cara datang ka kulawarga pihak [[awéwé]] bari ménta budak [[awéwé]]na jang dijadikeun pamajikan Lamun ditarima, tuluy aya dituluykeun kana tukeur cingcin, tapi aya ogé anu tuluy nikah sabada dibadamikeun di antara dua pihak kulawargana, Nalika narosan ti pihak lalaki biasana méré sajumlahing duit ka pihak [[awéwé]] sagédéngeun mawa kadaharan Prosés ieu disebut upacara narosan atawa nanyaan, ku sabab kanyataanana pihak lalaki datang ka pihak awéwé demi maksudna téh pikeun nanya ka kolot awéwé budakna geus aya nu nanyaan atawa teu acan. Sabenerna hal éta mangrupa adat hungkul ti pihak lalaki, sanajan pihak lalaki geus nyaho yén budak awéwé téh masih kénéh léléngohan, can boga kabogoh malah kadang-kadang duanana geus papada wanoh
Baris ka-28:
*[[Numbas]]
Numbas mangrupa upacara anu dilakonan nalika salaki pamajikan geus laki rabi atawa hahadéan Upacara ieu tujuanana nyaéta pikeun ningalikeun yén maranéhna akur , ogé ningalikeun ka kolot boh ti pihak awéwé boh ti pihak lalaki yén si awéwé saméméhna masih parawan kénéh atawa sabalikna geus teu parawan
 
==Sumber==