Kahlil Gibran
Gibran Kahlil Gibran atawa Kahlil Gibran lahir di Bisheri, Libanon, tanggal 6 Januari 1883. Pindah jeung indungna ka Boston , Amérika Serikat nalika mangsa rumaja.[1] Sanggeus mulang deui ka Libanon pikeun neuleuman basa sastra Arab, ti taun 1905 karya-karyana medal, tur ngirut balaréa, utamana Sang Nabi.[1] Inyana ngalegaan paniténna ngeunaan sastra tur diajar ngalukis di Paris, sanggeus kitu nganjrek netep di New York. Di dinya ngadegkeun studio Patapan.[1]
Buku-bukuna anu kawentar, salian ti Sang Nabi, ogé Taman Sang Nabi, Pasir dan Buih, Sayap-sayap Patah, Suara Sang Guru, Si Gila, Sang Pralambang, Sang Musafir, Lagu Gelombang, Surat-surat Cinta kepada May Ziadah, jeung sajabana.[1] Inyana tilar dunya tanggal 10 April 1931 lantaran panyakit lever jeung radang paru-paru.[1]
Kahlil Gibran, kaasup sastrawan dunya anu karya-karyana loba ditarjamahkeun kana basa Indonésia.[2] Acan tarjamahan-tarjamahan anu bacacar dina surat kabar jeung majalah.[2]
Kakuatan Gibran dina karyana, dimimitian tina unsur spiritual, lamun henteu, inyana moal kaitung universal jeung weweg.[2] Lian ti éta ogé kaéndahan basana.[2] Déwa-déwa Bumi ngagambarkeun paguneman antara tilu déwa anu gelar ka dunya, para paduka Titan tina kahirupan.[2] Term déwa anu satuluyna ditekenkeun deui ku term Titan, sapinuhna ngarujuk kana Yunani.[2] Dina mitologi Yunani, titan téh nyaéta anggota tina hiji ras buta, anak-anak Uranus jeung Gé, ogé déwa panonpoé, dulur lalakina Hélios.[2] Tilu déwa tadi baguntrengan saluyu jeung profilna masing-masing.[2] Déwa kahiji jeung kadua teu weléh nyarita kalawan umangkeuh jeung perténtang.[2] Sabalikna déwa katilu, ti mimiti gé katémbong gayana ngasor low profile.[2]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |