Karét nyaéta polimér hidrokarbon anu diwangun ku émulsi (latéks) tina geutah sawatara golongan tuwuhan tapi bisa ogé diproduksi sacara sintétis. Sumber utama latéks anu dipaké pikeun nyieun karét nyaéta Hevea brasiliensis (Euphorbiaceae) lantaran nyadap ieu tuwuhan baris ngahasilkeun latéks nu leuwih loba. Tuwuhan ieu di Indonésia ilahar disebut tuwuhan karét, sarua jeung produk anu dihasilkeunana.[1]


Tuwuhan séjénna anu ngandung latéks ti anatrana fig, euphorbia sarta dandelion. Tapi tutuwuhan kasebut henteu dijadi sumber utama pikeun nyieun karét.

Joseph Priestley, dina taun 1770 manggihan latéks anu digaringkeun sarta bisa menghapus tulisan patlot.

Di tempat asalna di Amérika Tengah sarta Amérika Kidul, karét geus dikumpulkan ti baheula mula. Peradaban Mésoamérika ngagunakeun karét tina tuwuhan Castilla elastica. Mésoamérika kuna ngagunakeun bal karét dina kaulinan maranéhanana.

Nurutkeun Bernal Diaz del Castillo, Conquistador Spanyol pohara kataji ku pantulan bal karét urang Azték sarta nganggap bal kasebut kaasupan sétan.

Di Brasil, masarakat lokal nyieun baju tahan cai tina karét. Hiji sakaol nyaritakeun cenah urang Éropa munggaran anu balik ka Portugal ti Brasil mawa baju anti-cai kasebut, sarta ngabalukarkeun masarakat kagét antukna manéhna dibawa ka pangadilan kalayan tuduhan ngagunakeun élmu goib.

Waktu karét dibawa ka Inggris, jalma-jalma niténan yén barang kasebut bisa ngahapus tulisan patlot dina keretas. Nya tina kajadian ieu mecenghul istilah "rubber" dina basa Inggris.

Sumber karét kiwari

édit

Tuwuhan karét Hevea brasiliensis (Euphorbiaceae) mimitina ngan tumuwuh di Amérika Kidul, tapi sanggeus percobaan sababaraha kali ku Henry Wickham, tuwuhan ieu hasil dibudidayakeun di Asia Tenggara. Kiwari Asia mangrupa asal sumber karét alami ieu.

Leuwih ti satengah karét anu dipaké kiwari téh sintétik, tapi sawatara juta ton karét alami masih diproduksi saban taun, sarta masih mangrupa bahan penting pikeun sawatara industri, kaasup industri otomotif jeung militér.

Karét hypoallergenic bisa dijieun tina Guayule.

Percobaan munggaran ngamekarkeun karét sintétis mawa kana ditimukeunana Silly Putty.

Karét alami remen ogé divulkanisasi, nyaéta hiji prosés anu manaskeun karét sarta ditambah walirang pikeun ngaronjatkeun daya tahan ("resilience") sarta kalenturan (élastisitas). Prosés vulkanisasi ngaronjatkeun pamakéan karét ti taun 1830-an nepi ka ayeuna. Mekarna vulkanisasi disumbang ku iasana Charles Goodyear.

Tuwuhan karét anu ngaranna Havéa brasiliensis asalna ti nagara Brrazil. Tuwuhan ieu mangrupa sumber utama karét alam di dunya. Padahal jauh saméméh tuwuhan karét ieu dibudidayakan, padumuk pituin di Amérika Sarikat, Asia jeung Afrika Kidul ngagunakeun tuwuhan séjén anu ogé ngahasilkeun geutah.

Geutah anu jiga latéks ogé bisa dihasilkeun tina tuwuhan Castillaelastica (kulawarga moracéae). Ayeuna tuwuhan kasebut kurang dimangpaatkeun deui geutahna alatan tuwuhan karét geus dipikawanoh di mana-mana sarta loba dibudidayakan.

Vulkanisasi

édit

Karet Alam diwangun tina kantétan poliisoprena Panjang, Lamun dipanaskeun bari dibéré tekenan/pressure Disposals sulfur bakal ngahasilkeun barang anu sipatna elastis. Prosés vulkanisasi kapangih dina taun 1839 ku Charles Goodyear. Numutkeun Média arkeolog Warga asli Amerika, méh 3600 taun anugeus kaliwat. Karét dimangpaatkeun ku lantaran karét bisa meral/merenggang/(elastomer).[2]

Karét Ban Mobil

édit

lolobana beubeunangan produksi industri karét dimangpaatkeun pikeun nyieun ban, ieu kaasup karét anudigunakeun pikeun nyumponan kabutuhan anu pohara beuratna/optimal di mana karét ieu kudu bener-bener kuat, henteu gampang gugus ogé henteu leueur dina mangsa dipaké. Karét alam anu warnana rada konéng pikeun kaperluan ban mobil dicampur heula maké silalatu/jelaga diaglomerasi tujuana sangkan mibanda sipat-sipat anu dipikabutuh (umpamana. Leuwih kuat, henteu gampang gugus, leuwih teuas tur henteu uduh/gampang pegat) ogé kelirna jadi hideung.Pikeun ban anu corak kélirna rupa-rupa éta ditambahan ku nyampurkeun silika aktif pikeun mibanda sipat-sipat anu dibtuheun tina éta ban.[3]

Tempo ogé

édit
  1. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. 
  2. Otto-Albrecht Neumüller (Hrsg.): Römpps Chemie Lexikon. 8. Auflage. Frank’sche Verlagshandlung, Stuttgart 1983, ISBN 3-440-04513-7, S. 4557–4558.
  3. Otto-Albrecht Neumüller (Hrsg.): Römpps Chemie Lexikon. 8. Auflage. Frank’sche Verlagshandlung, Stuttgart 1983, ISBN 3-440-04513-7, S. 3638–3639.