Kyrgyzstan (Basa Kyrgyz: Кыргызстан) nu baheula, saméméh misah ti Uni Soviét dikenal salaku Kirgisia mangrupa hiji nagara nu aya di Asia Tengah. Tepung wates jeung Républik Rahayat Cina, Kazakhstan, Tajikistan, jeung Uzbékistan. Ibu kotana aya di Bishkék (baheula Frunze).

Кыргыз Республикасы
Kyrgyz Respublikasy
Кыргызская республика
Kyrgyzskaya respublika
Bandéra Kyrgyzstan/Kirgizstan Lambang Kyrgyzstan/Kirgizstan
Motto
Lagu
Lagu Kabangsaan Kyrgyzstan
Location of Kyrgyzstan/Kirgizstan
Location of Kyrgyzstan/Kirgizstan
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Bishkék
Basa resmi Kyrgyz, Rusia
Pamaréntah Républik
 -  Présidén Sadyr Japarov (Садыр Жапаров)
 -  Perdana Menteri Akylbek Japarov (Акылбек Жапаров)
Kemerdékaan Ti Uni Soviét 
 -    Déklarasi 31 Agustus 1991 
 -    Diakuan 25 Désémber 1991 
Aréa
 -  Total 199.951 km² (86)
 mil² 
 -  Cai (%) 3,6%
Populasi
 -  Perkiraan  2020 6.586.600 (110)
 -  Sénsus 1999 4.896.100 
 -  Kapadetan 25 /km² (147)
 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2019
 -  Total US$35.324 miliar (127)
 -  Per kapita US$5.470 (134)
Mata uang Som (KGS)
Zona wanci (UTC+6)
 -  Usum panas (DST) euweuh (UTC+6)
TLD Internét .kg
Kode telepon +996

Sajarah

édit
 
 Artikel utama: Sajarah Kyrgyzstan.

Kyrgyzstan dianéksasi ku Kakaisaran Rusia dina 1864; nagara ieu miboga kamerdékaanna dina 1991. Dina pamaréntahan Uni Soviét, Kyrgyzstan jadi Républik Sosialis Soviét dina 1937 eujeung ngaran lengkep Républik Sosialis Soviét Kirgizia (atawa RSS Kirgizia).

Dina taun 2005, aya karusuhan di Kyrgyzstan nu ngarah kana labuhna présidén Askar Akayévich Akayév.

Politik

édit
 
 Artikel utama: Politik di Kyrgyzstan.

Dina taun-taun kahiji kamerdékaan pinuh Kyrgyzstan, Présidén Akayév katempo daria mibanda komitmen dina prosés réformasi. Tapi sanajan mibanda pitulung anggaran ti Kulon, kaasup Dana Monetér Internasional, Kyrgyzstan geus ngalaman kahéséan ékonomi ti mimitina. Ieu diakibatkeun ku pamisahan ti blok dagang Soviét, nu ngalangan transisi Kyrgyzstan nuju ka ékonomi pasar bebas.

Révolusi Tulip geus ngasilan nurunkeun présidén Akayév dina taun 2005 lantaran ayana katimpangan kamekaran ékonomi wewengkon antara kalér jeung kidul. Hal ieu aya sabab Akayév jeung kulawarga asalna ti wewengkon kalér nu nyababkeun wewengkon kidul terus labuh ékonomina. Posisi Présidén teras dilajengan ku Kurmanbek S. Bakiyév anu nawarkeun Révolusi Warna nyaéta ngarepan pamaréntahan nu démokratis.

Bakiyév nutup basis militér Amérika Sarikat di Kyrgyzstan taun 2009. 7 April 2010, posisi Bakiyév diturunkeun jeung digentosan ku Roza Otunbayéva, nu saméméhna téh menteri luar nagri Kyrgyzstan. Dina paalihan kapamingpinan kali ieu geus ménta korban 68 urang maot jeung 400 urang luka di propinsi Osh. "Paperangan" nambah parah sabab aya unsur étnis nyaéta étnis Uzbék jeung Kyrgyz. Évakuasi massal ku étnis Uzbék nandaan heunteu hasilna pamaréntah dina kaamanan jeung stabilitas jero nagri. Roza pernah ménta pitulung ka Rusia nu ditanggapan "tiis" jeung bakal ngan ngintun pitulung kamanusaan wéh.

Roza sadia nganégo jeung Bakiyév dina nanganan masalah ieu, nepi ka ayeuna, Bakiyév ngasingan déwék ka Bélarusia.

Oblasttar (Wewengkon-wewengkon)

édit

Kyrgyzstan dibagi kana 7 oblast (jamak: oblasttar; ti basa Rusia nu hartina wewengkon atawa propinsi) jeung 1 kota (shaar). Salian Bishkék, ibu kota propinsi Osh, Osh, ogé boga status shaar. Katujuh oblast jeung dua shaar éta nyaéta (disartaan ngaran ibu kota dina kurung):

Oblast teras dibagi deui kana raions (distrik), nu diparéntah para pajabat nu diistrénan ku pamaréntah pusat. Komunitas luar kota, nu jumlahna nepi ka 20 wewengkon leutik, miboga kakawasaan sorangan eujeung wali kota jeung déwan kota.

Géografi

édit
 
 Artikel utama: Géografi Kyrgyzstan.
 
Peta Kyrgyzstan

Kyrgyzstan aya di runtuyan pagunungan Tian Shan. Issyk Kul mangrupa dano panggedéna di Kyrgyzstan jeung dano pagunungan panggedéna kadua di dunya saenggeus Dano Titicaca.

Tempo ogé

édit

Tumbu luar

édit

    Tempo ogé Kirgistan di Wikivoyage