Korék api atawa kerékan nyaéta parabot pikeun nyundut roko, ududeun, damar, lampu, jeung sajabana.[1] Sok disebut ogé gerétan, kayu api, korék atawa kerék api.[1] Eusi kerékan disebutna siki kerékan.[1] Korék - Korék Api modérn dijieun alatan kapanggihna fosfor, hiji zat anu néwak seuneu dina suhu anu pohara rendah.[2] Taun 1681, saurang berkebangsaan Inggris, ngaranna Robert Boyle, ngasupkeun potongan kai anu geus dikokolakeun jeung walirang kana campuran walirang sarta fosfor[2]. Tapi korék api éta gampang kabeuleum, ku kituna penemuanna henteu kapaké[2].

Korék Api

Korék api praktis anu kahiji dijieun di Inggris ku saurang padagang ubar anu ngaranna John Walker.[2] pikeun ngahurungkeunna, korék api éta digesekkeun di antara lipetan-lipetan kertas anu dilapisan ku kaca.[2] Nyanghareupan taun 1833, korék api anu tungtungna ngandung fosfor anu bisa dihurungkeun ngaliwatan gesekan, dijieun di Austria sarta Jerman, tapi aya hiji masalah.[2] Fosfor warna bodas atawa konéng téh picilakaeun pikeun para pagawé korék api, ku kituna fosfor-fosfor éta kapaksa dilarang pamakéanana ku pakta internasional dina taun 1906.[2]

Pamustunganana, fosfor beureum anu henteu beracun diwanohkeun, sarta ieu ngarah kana penemuan korék api.[2] Korék api kahiji, anu ngan hurung dina permukaan nu geus disiapkeun dijieun di Swedia dina taun 1844.[2] Kabéh bahan kimia anu diperlukeun henteu diasupkeun kana sirah korek seuneu, tapi fosfor beureum ditémpél dina permukaan sentuh tempat korék api.[2] ku kituna, korék api éta aman, iwal lamun digosokkeun kana daérah sentuh.[2]

Rujukan

édit
  1. a b c Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Buku Utama
  2. a b c d e f g h i j k (id) Leokum, Arkady(1997) Aku Ingin Tahu Jilid 1 Jakarta:Quality Press