Kuéh saroja
Kuéh saroja atawa kembang goyang nyaéta ngaran salah sahiji kuéh garing nu geus teu bireuk deui pikeun urang Sunda jeung urang Batawi. Nu matak ieu kuéh disebut kuéh saroja téh, lantaran wangunna nu kawas kongkolak kembang saroja jeung deuih matak disebut kembang goyang téh ku sabab prosés nyieunna nu digoyang-goyangkeun nepi ka adonanna leupas tina citakan. [1]
Kasang tukang
éditkuéh saroja dijieun tina tipung béas. Ieu kuéh garing disebut kuéh kembang goyang téh lantaran pas keur digoréngna digoyang-goyangkeun citakanna dina minyak panas.[2][3] Kiwari ieu kuéh saroja téh geus sayaga dina rupa-rupa rasa. Ayanu rasa arbén, pandan, jeung siki wijen minangka varéasi rasa nepi ka ditambahan ogé warna sangkan leuwih kairut deui pikeun nu nempona. Minangka kuéh nu disuguhkeun dina toplés transparan, kuéh saroja alus kacida katempona mun ditata kalawan rapih. Luyu jeung ngaranna, kuéh saroja wangunna nyurup kawas kembang saroja nu keur ligar. kuéh saroja sorangan mangrupa ngaran sajenis pahiasan nu dipasangkeun dina buuk atawa sanggul kondé jeung bisa obah atawa goyang lantaran miboga pegas nu biasa dipaké ku para pangantén.[4]
kuéh saroja jadi susuguh has masarakat Sunda jeung Batawi, deuih ilahar disuguhkeun dina acara poé raya Idul Fitri jeung acara-acara hajatan. kuéh saroja ogé jadi salah sahiji kuéh tradisional nusantara nu disuguhkeun pikeun tamu nu silaturahim lantaran miboga rasa nu garing jeung gurih. Kuéh saroja ogé dipikawanoh kalawan ngaran kuéh kembang loyang atawa kuéh loyang di Sumatra mah. Sedengkeun pikeun masarakat Bali mah, hususna pangagem agama Hindu, biasana ngagunakeun ieu kuéh saroja téh minangka salah sahiji sasajén di poé raya kaagamaan, kayaning poé raya Nyepi.
Prosés nyieun
éditAri bahan nu dipaké pikeu nyieun kuéh saroja mah gampang pisan néanganna. di antarana, endog hayam, gula pasir, tipung béas nu geus diayak, tarigu, cipati, kalapa, wijén bodas, jeung minyak goréng.[5] Jirangan kahiji nu kudu dipilampah téh nyaéta ngocok endog jeung gula nika keun ngembang. Tuluy abreskeun tipung béas nu geus diayak, tipung tarigu, uyah, cipati jeung siki wijén bodas. Adonan nu geus dicampur éta téh digalokeun nikakeun rata jeung leueur. Satuluyna mah prosés gogoréng. Panaskeun minyak goréng sing loba. Tuluy anclomkeun citakan kuéh saroja kana adonan, kahadé ulah nepika pabeungeutan luhurna katutup ku adonan. Sanggeus minyak panas, geuwat asupkeun citakanna nu beunang nganclomkeun kana adonan tadi kana jero minyak, ngan ulah nepika antel kana dadasar katél. Tuluy, goréng bari digoyang-goyangkeun citakanna nepikakeun adonanna leupas. Sanggeus adonan warnana jadi kakonéngan mah geuwat angkat jeung engkeun.
Rujukan
édit- ↑ (id) Indonesia Kaya. Kembang Goyang, Kue Khas Warga Betawi saat Lebaran. http://www.indonesiakaya.com/kanal/detail/kembang-goyang-kue-khas-warga-betawi-saat-lebaran. Diakses pada 15 Mei 2014.
- ↑ (id) Fimela. 5 Makanan Khas Jakarta yang Nyaris Punah. http://www.fimela.com/read/2013/06/21/cicip-sebelum-langka-5-makanan-khas-jakarta-yang-nyaris-punah/page/0/2. Diakses pada 15 Mei 2014. Archived 2014-05-17 di Wayback Machine
- ↑ (id) Berbagi Indonesia. Kembang Goyang, Jajanan Kuno Khas Betawi.. http://www.berbaginesia.com/2013/05/kuliner-kembang-goyang-jajanan-kuno.html. Diakses pada 15 Mei 2014. Archived 2014-05-17 di Wayback Machine
- ↑ (id) Kue Nusantara. Kue Kembang Goyang. http://kuenusantara.blogspot.com/2012/05/kue-kembang-goyang.html. Diakses pada 15 Mei 2014.
- ↑ (id) Majalah Femina. Kembang Goyang. http://www.femina.co.id/kuliner/resep/hidangan.indonesia/kembang.goyang/004/001/627/02. Diakses pada 15 Mei 2014.