Leukemia mangrupa salah sahiji panyakit kangker getih atawa sungsum tulang nu cirina proliferasi/produksi sél getih bodas (leukosit) henteu dina kaayaan normal.

Pamuka

édit

Kecap leukemia tujul kana golongan kangker nu ngaruksak sél gerih bodas. Dina abad ka-19, leukemia téh dianggap salah sahiji panyakit homogén nu bisa nepi ka maotna, nu cirina mangrupa getih nu katémbong warnana bodas (leuko-). Leukemia anu mimiti katalungtik ku ahli patologi Jérman Rudolf Virchow taun 1847, ari anu munggaran kadadarkeun mah ti taun 1845 kénéh ku John Hughes Bennett, ahli patologi ti nagara Inggris.

Leukemia tumuwuh dina sungsum tulang. Sungsum tulang ngahasilkeun tilu tipe utama sél getih:

  1. Sél getih beureum nu ngandung hémoglobin nu pancénna pikeun ngakut oksigén ka sakuliah awak.
  2. Sél getih bodas nu pancénna merangan inféksi.
  3. Platélét nu pancénna mantuan ngabekukeun getih.

Leukemia alatan loba teuing produksi sél getih bodas anu abnormal, antukna sungsum tulang pinuh nepi ka lébér kana getih periferal. Infiltrasi sungsum tulang ngabalukarkeun turunna produksi jeung fungsi sél-sél getih anu normal. Leukemia, gumantung tipena, bisa sumebar kana kelenjar limfe, limpa, ati, sistim saraf puseur jeung organ atawa jaringan séjén nepi ka barareuh.

Gejala

édit

Ruksakna sungsum tulang ngabalukarkeun kakurangan platélét getih, nu penting dina prosés koagulasi. Hartina, jalma nu ngarandapan leukemia bisa terus-terusan ngaluarkeun getih nalika tatu (boh di jero atawa di luar awak). Sél-sél getih bodas, nu penting dina merangan patogén, produksina teu normal antukna pasién gampang pisan kainféksi. Lian ti éta, kakurangan sél getih beureum ngabalukarkeun anémia, antukna engapan jadi pondok jeung lungsé. Nyeri tulang atawa sandi ogé bisa karandapan alatan kangkerna bisa sumebar ka daérah-daérah éta. Nyeri sirah jeung utah mangrupa totondén yén kangkerna geus nepi ka sistim saraf puseur.

Kajadian kelenjar limfe nu ngabadagan atawa splenomegaly (bareuh limpa) bisa ogé lumangsung dina sababaraha tipe. Sakabéh gejala di luhur sabenerna bisa waé mangrupa totondén kasakit séjén, ku kituna, diagnosis nu bener perlu dipilampah: uji getih jeung biopsi sungsum tulang.

Gejala séjén nu patali nyaéta:

  • muriang jeung gejala kawas flu lianna;
  • laleuleus awak jeung lungsé;
  • leungit napsu dahar jeung beurat awak nyirorot;
  • gusi bareuh jeung getihan;
  • késangan, utamana lamun geus tengah peuting;
  • nyeri tulang atawa sendi;
  • gejala neurologis (nyeri sirah, paralisis, seizure) nu leukimiana geus akut;
  • siki kanjut (téstis) bareuh.
  • gejala kulit anu kawilang parna.

Opat tipe utama

édit

Leukemia téh istilah nu ambahanana lega nu ngawengku hiji golongan panyakit.

Akut jeung kronis

édit

Leukemia sacara klinis jeung patologis kabagi kana wangun akut jeung kronis.

  • Leukemia akut dicirian ku gancangna sél getih tumuwuh padahal can meujeuhna, antukna sungsum tulang teu bisa ngahasilkeun sél getih nu séhat. Leukemia akut ilaharna tumiba ka barudak jeung jalma sawawa ngora (urutan luhur kasakit nu ngabalukarkeun maot barudak di nagara AS). Ieu leukemia akut kudu geuwat ditambaan, sabab sél-sél abnormalna tumuwuh gancang pisan. Mun henteu, pasénna bisa maot dina itungan bulan atawa minggu.
  • Leukemia kronis cirina nyaéta ku kaleuleuwihina sél getih nu rélatif meujeuhna. Ieu mekarna panyakit biasana merlukeun sababaraha bulan/taun. Laju produksi sél-sél abnormal leuwih cepet batan sél normal, antukna dina getih lila-lila mah beuki didominasi ku nu abnormal. Kajadian leukemia kronis biasana tumiba ka nu leuwih kolot, najan sacara téoritis mah bisa tumiba ka saha baé. Béda ti leukemia akut nu kudu geuwat ditatambakeun, nu tipe kronis mah ilaharna bisa dimonitor heula pikeun nangtukeun jenis terapi nu cocog jeung éféktif.

Limfoid jeung myéloid

édit

Kasakit leukemia bisa ogé dibédakeun dumasar tipe sél abnormal nu panglobana aya dina getih.

Prévalénsi opat tipe utama

édit

Mun digabungkeun, dua klasifikasi ieu ngahasilkeun opat kategori utama:

  • Leukemia limfositik akut (acute lymphocytic leukemia, ALL), mangrupa tipe leukemia paling umum tumiba ka barudak. Kasakti ieu ogé nyerang jalma sawawa, komo mun umurna 65 taun ka luhur.
  • Leukemia Acute myelogenous leukemia (AML), leuwih ilahar narajang jalma sawawa batan barudak. Leukemia tipe ieu baheula mah disebut leukemia nonlimfositik akut (acute nonlymphocytic leukemia).
  • Leukemia limfositik kronis (chronic lymphocytic leukemia, CLL), lolobana narajang jalma nu umurna 55 taun ka luhur. Bisa ogé narajang nu ngora, tapi ka barudak mah henteu.
  • Chronic myelogenous leukemia (CML), utamana narajang jalma sawawa, najan kadang ogé nyerang barudak.

Bentuk paling remen nu narajang jalma sawawa nyaéta AML jeung CLL, sedengkeun nu ka barudak mah ALL.

Kasang tukang

édit

Kasang tukang nu jadi sabab ieu panyakit téh nyaéta can kénéh kanyahoan, nu pasti mah aya pangaruh génétik jeung lingkungan. Leukemia mangrupa balukar tina mutasi somatik DNA nu ngaruksak régulasi jeung divisi sél. Mutasina lumangsung kitu waé atawa balukar radiasi atawa karsinogén nu mangaruhan faktor génétik.

Virus ogé dipatalikeun jeung sababaraha bentuk leukemia. Misalna inféksi HIV (nu ngabalukarkeun AIDS) atawa virus T-limfotropik manusa (human T-lymphotropic virus, HTLV-1 jeung -2 nu ngabalukarkeun leukemia sél T sawawa/limfoma).

Prognosis jeung tatamba

édit

Prognosis jeung nambaan leukemia dibédakeun gumantung tipe sarta ciri individual. Pikeun conto, ku sabab CLL can bisa diubaran ku kémoterapi baku, pasiénna teu kudu (waka) diubaran naon-naon salila mangtaun-taun mun sipatna asimtomatik. Sabalikna, aya pasién AML nu bisa nepi ka hanteuna dina itungan jam atawa poé mun teu geuwat ditatambakeun ku jalan kombinasi kémoterapi atawa cangkok sél stém alogenik.

Panalungtikan kiwari diarahkeun kana nyusud mékanisme molekular leukemia.

Sumber rujukan

édit
  • Leukemia, Wikipédia édisi basa Inggris per 17 Nopémber 2005

Tumbu kaluar

édit