Llotja de la Seda
Llotja de la Seda (pronunsiasi basa Valénsia: [ˈʎɔdʒa ðe la ˈseða], basa Spanyol: Lonja de la Seda, basa Inggris "Silk Exchange", basa Sunda "Bursa Sutra") nyaéta hiji wangunan sipil gaya Gotik Valéncia di Valéncia, Spanyol, nu diwangun antara taun 1482 tepi ka 1548, tur mangrupa salah sahiji daya tarik wisatawan utama di ieu dayeuh. UNESCO nganggep minangka salah sahiji Loka Warisan Dunya dina taun 1996 sabab "ieu loka boga ajén universal nu luar biasa sabab mangrupa conto wangunan sékulér nu luar biasa dina gaya Gotik ahir, nu sacara dramatis ngagambarkeun kakuatan katut kasajahtraan salah sahiji dayeuh perdagangan Laut Tengah nu gedé."[1] Di satukangeun wangunan kiwari, aya wangunan heubeul ti abad ka-14, nu disebut Bursa Minyak (Llotja de l’Oli, dina basa Valensia, atawa Lonja del Aceite, dina basa Spanyol). dipaké lain ukur keur perdagangan minyak, tapi keur sagala rupa bisnis. Di ieu tempat dina taun 1348 ngadagangkeun perxal (percale) minangka sababaraha rupa sutra.[2]
Bursa Sutra | |
---|---|
Ngaran asli basa Katala: Llotja de la Seda basa Spanyol: Lonja de Seda | |
Lokasi | Valénsia, Komunitas Valénsia, Spanyol |
Koordinat | 39°28′27.9″N 0°22′42.4″W / 39.474417°N 0.378444°WKoordinat: 39°28′27.9″N 0°22′42.4″W / 39.474417°N 0.378444°W |
Arsiték | Pere Compte |
Gaya arsitéktur | Gotik Rénaissans |
Visitation | (in 2009) |
Ngaran resmi: Lonja de la Seda de Valencia | |
Tipe | Budaya |
Kritéria | i, iv |
Ditunjuk | 1996 (sési ka-20) |
No. rujukan | 782 |
State Party | Spanyol |
Wewengkon | Éropa jeung Amérika Kalér |
Ngaran resmi: Lonja de la Seda | |
Tipe | Real property |
Kritéria | Monumén |
Ditunjuk | 3 Juni 1931 |
No. rujukan | (R.I.) - 51 - 0000968 - 00000 |
Kamakmuran komersil Valencia nepi ka puncakna salila abad ka-15, nyababkeun diwangunna wangunan anyar. Rarancang Lonja Valencia anyar niron tina struktur nu sarua di Lonja Palma de Majorca, nu diwangun ku arsitek Guillem Sagrera taun 1448. Ieu arsitek nu mangrupa patugas Lonja anyar nyaéta Pere Compte, nu ngawangun awak utama wangunan – Balé Perdagangan (atawa Sala de Contractació dina basa Valénsia mah) – ukur dina wanci lima welas taun (1483–1498). Ditulis dina pita bulao nu manjang sapanjang opat pinding dina Balé Perdagangan, nu disebut ogé "Balé Kolom-kolom". Ditulis ku tulisan emas:
Inclita domus sum annis aedificata quindecim. Gustate et videte concives quoniam bona est negotiatio, quae non agit dolum in lingua, quae jurat proximo et non deficit, quae pecuniam non dedit ad usuram eius. Mercator sic agens divitiis redundabit, et tandem vita fructur aeterna.[3]
Ceuk sarjana Valensia lokal Joan Francesc Mira mah, ieu prasasti mintonkeun ka urang yén henteu perlu keur urang naha jadi saurang Protestan atawa lain pikeun ngadegkeun dasar perdagangan nu hadé; ogé mintonkeun ngahijina etika katut ekonomi. Konstruksi katut dekorasi liana direngsekeun lalaunan tepi ka taun 1548, saperti Consolat del Mar (Konsulat Laut), nyaéta wangunan Renaissans nu ngahubungkeun kana La Lonja.
Salila abad-abad satuluyna, La Lonja boga fungsi minangja bursa sutra. Kajujuran para sodagar diajenan ku prasasti nu aya di sabudeureun bale kontrak utama.
-
Munara Serranos
-
Sawatara Gargoyles Llotja de la Seda
-
Lambang Karajaan Valencia di ieu Llotja
-
Sant Joan
Rujukan
édit- ↑ "La Lonja de la Seda de Valencia - UNESCO World Heritage Centre". Whc.unesco.org. Diakses tanggal 2011-04-10.
- ↑ Diccionari Aguiló: materials lexicogràfics / aplegats per Marià Aguiló i Fuster; revisats i publicats sota la cura de Pompeu Fabra i Manuel de Montoliu, page 134, Institut d'Estudis Catalans, Barcelona 1929.
- ↑ "Kaula imah nu kasohor nu diwangun salila lima welas taun. Coba jeung Tingali, kadang warga katut baraya, kumaha négosiasi mangrupa hal nu hadé nalika tanpa kabohongan dina ucapan, nalika percaya ka tatangga tur henteu nipu manéhénana, nalika heteu nginjeumkeun duit kalayan bunga. Padagang nu ngalakukeun ieu cara bakal pinanggih kamakmuran nu loba pisan sarta pungkasanana baris ngarasakeun kahirupan nu langgeng.