Parahiyangan, Parahyangan, atawa Priangan mangrupa hiji wewengkon di pulo Jawa bagian kulon, sabagian ti Tatar Sunda/propinsi Jawa Kulon kiwari, nu legana kurang leuwih 21500 km2 (sapergenep lega pulo Jawa).[1] Parahiangan ogé mibanda harti tempatna para Déwa. [2]

Étimologi

édit

Parahiyangan asal tina kecap 'rahiyang' nu maké rarangkén pa-an, nu hartina tempat para rahiyang (sebutan pikeun raja atawa putra raja) atawa hiyang. Kecap ieu kapanggih dina naskah Carita Parahiyangan nu dijieun kira abad ka-16. Ku kituna, mun matok kana harti ieu, mangka Parahiyangan téh nujul ka sagemblengna Tatar Sunda, henteu ukur wilayah anu ayeuna dipikawanoh salaku Priangan.

Aya nu nyebutkeun ogé kecap Parahyangan téh asalna tina 'para'-'hyang'-'an' nyaéta tempat cicingna para hyang (déwa), lantaran urang Sunda baheula yakin hyang téh cicingna di tempat-tempat anu luhur, saperti wewengkon Parahyangan kiwari.[3]

Géografis

édit

Priangan ayeuna nyaéta wewengkon di Propinsi Jawa Kulon nu ngawengku Kabupatén Cianjur, Bandung, Sumedang, Garut, Tasikmalaya, Ciamis, jeung Banjar nu gedéna kira-kira sapergenep ti lega wewengkon Pulo Jawa (kurang leuwih 21.524 km pasagi). Di beulah kalér watesna jeung Karawang, Purwakarta, Subang jeung Indramayu; beulah wétan watesna jeung Majaléngka, Kuningan. Jeung Jawa Tengah diwatesanan ku Citanduy; beulah kidul diwatesan ku Samodra Indonésia; beulah kulon watesna wewengkon Sukabumi jeung Bogor.

Lahan daérah Priangan: dataran rendah, pasir-pasir, gunung-gunung nu jumlahna kaitung loba, di antarana: Gunung Gedé, Gunung Ceremé (asup ka wilayah Majalengka, Kuningan tur Ciamis), Gunung Kancana, Gunung Masigit (Cianjur), Gunung Salak (asup ka wilayah Bogor jeung Sukabumi); Gunung Tangkuban Parahu, Gunung Burangrang, Gunung Malabar, Gunung Bukit Tunggul (Bandung); Gunung Tampomas, Gunung Calancang, Gunung Cakra Buana (Sumedang); Gunung Guntur, Gunung Haruman, Gunung Talagabodas, Gunung Karacak, Gunung Galunggung (Tasikmalaya); Gunung Cupu, Gunung Cula Badak, Gunung Bongkok (Purwakarta); Gunung Sawal (Ciamis). Dilingkung ku gunung, Priangan kawentar subur sabab loba ogé walunganana.

Sajarah

édit

Saméméh ragrag kana kakawasaan Mataram, wilayah Priangan ngawengku daérah antara walungan Cipamali di béh wétan jeung walungan Cisadané di béh kulon, iwal wilayah Pakuan Pajajaran, Jakarta, jeung Cirebon. Sanggeus Karajaan Sunda runtag dirurug Banten (1579/1580), wewengkon nu teu dikawasa Banten kabagi kana dua kakawasaan: Sumedang Larang jeung Galuh. Sumedang Larang nu puseur pamaréntahanana di Kutamaya (wilayah kulon Kota Sumedang kiwari) dipingpin ku Prabu pikeun Ulun (1580-1608). Saméméh taluk ka Mataram nu keur dipingpin ku Sutawijaya (1586-1601), Galuh mangrupa karajaan mandiri (1580-1595).

Taluk ka Mataram

édit

Sapupusna Prabu pikeun Ulun, kakawasaan Sumedang Larang diwariskeun ka anak téréna, Radén Aria Suriadiwangsa (1608-1624). Dina taun 1620, alatan kacapit ku tilu kakawasaan di sabudeureunana, (Mataram ti béh wétan, Banten jeung Kompeni ti béh kulon), Aria Suriadiwangsa milih nyerahkeun manéh ka Mataram (anjeunna masih turunan Mataram ti indungna Ratu Harisbaya, dulur Sutawijaya). Ti harita, Sumedang Larang dirobah jadi Kabupatén Sumedang nu dikawasa ku Mataram. Kitu deui wewengkon séjénna, jadi kabupatén bawahan Mataram nu diawaskeun ku Wadana Bupati Priangan. Pikeun kalungguhan Wadana Bupati Priangan munggaran, Sultan Agung milih Aria Suriadiwangsa kalawan gelar Pangéran Rangga Gempol Kusumadinata (Rangga Gempol I, 1620-1624).

Nalika kakawasaan di Priangan dicepeng ku Pangéran Rangga Gedé (ngawakilan Rangga Gempol nu ditugaskeun mantuan nalukkeun daérah Sampang, Madura), Sumedang diserang Banten. ku sabab teu bisa numpurkeun serangan Banten, Rangga Gedé ditahan di Mataram, sedengkeun Priangan dipasrahkeun ka Dipati Ukur, kalawan sarat kudu bisa ngarebut Batavia ti VOC. Dipati Ukur harita nyepeng kalungguhan Wadana Bupati Priangan di wewengkon Bandung kiwari, nu ngabawah wilayah Sumedang, Sukapura, Bandung, Limbangan, sarta sawaréh Cianjur, Karawang, Pamanukan, jeung Ciasem.

Alatan gagal ngalaksanakeun sarat ngarebut Batavia (1628), jeung sadar yén anjeunna bakal dihukum ku Sultan Agung, Dipati Ukur baruntak. Baruntakna Dipati Ukur kakara bisa tumpur taun 1632, sabab Mataram dibantu ku sawatara pamingpin di Priangan. Kalungguhan Wadana Bupati Priangan lajéng dipasrahkeun deui ka Rangga Gedé.

Akibat tina baruntakna Dipati Ukur ka Mataram, dina Piagem Sultan Agung titimangsa 9 Muharam taun Alip (ceuk F. de Haan, taun Alip téh sarua jeung taun 1641 Maséhi, tapi aya sawatara katerangan séjén yén taun Alip idéntik jeung taun 1633), daérah Priangan di luar Galuh dibagi deui jadi opat kabupatén:

  • Sumedang (Rangga Gempol II, sakaligus Wadana Bupati Priangan),
  • Sukapura (Ki Wirawangsa Umbul Sukakerta, gelar Tumenggung Wiradadaha),
  • Bandung (Ki Astamanggala Umbul Cihaurbeuti, gelar Tumenggung Wiraangun-angun),
  • Parakan Muncang (Ki Somahita Umbul Sindangkasih, gelar Tumenggung Tanubaya).

Wewengkon Priangan ogé dimekarkeun deui ku dirobahna Karawang jadi kabupatén mandiri, sedengkeun wilayah Galuh (Priangan Wétan) dibagi opat kabupatén: Utama, Bojonglopang (Kertabumi), Imbanagara, jeung Kawasén.

Sapupusna Sultan Agung (1645), Mataram dipingpin ku putrana, Sunan Amangkurat I (Sunan Tegalwangi, 1645-1677). Antara taun 1656-1657, wilayah Mataram Kulon (Mancanegara Kilen) dibagi kana dua welas ajeg sakaligus ngahapus wadana bupati di Priangan: Sumedang, Parakan Muncang, Bandung, Sukapura, Karawang, Imbanagara, Kawasén, Wirabaja (Galuh), Sekacé (Sindangkasih), Banyumas, Ayah (Dayeuhluhur), jeung Banjar (Panjer).

Dipasrahkeun ka VOC-Hindia Walanda

édit

Wilayah Priangan ragragna ka VOC saméméh Mataram bener-bener taluk ka VOC (1757). Dumasar kana "perjangjian" Mataram jeung Kumpeni, taun 1677 (perjangjian 19-20 Oktober) Priangan Kulon & Tengah pindah dikawasa Kumpeni, sedengkeun Priangan Wétan jeung Cirebon taun 1705 (perjangjian 5 Oktober).

Dina piagem titimangsa 15 Nopémber 1684, Kumpeni sacara resmi ngangkat para pamingpin Priangan pikeun maréntah daérahna séwang-séwangan. Taun 1706 VOC ngangkat Pangéran Aria Cirebon jadi Bupati Kumpeni, nu tugasna ngawaskeun & ngokolakeun bu[ati-bupati di Priangan sangkan tukuh kana kawajiban-kawajibanana ka Kumpeni. Nalika jaman Kumpeni ieu, Priangan jadi salah sahiji sumber hasil bumi utama ku ayana program nu disebut Preangerstelsel (Sistim Priangan), nu utamana ngahasilkeun kopi. Dina jaman Hindia Walanda (satutasna VOC bangkrut), gubernur munggaran H. W. Daendels ngayakeun proyék Grote Postweg (Jalan Raya Pos), nyaéta ngawangun jalan ti Anyer di tungtung kulon Jawa nepi ka Panarukan di tungtung wétan. Lian ti éta, Daendels ogé beuki ngahangkeutkeun melak kopi di Priangan, utamana di daérah Cianjur, Bandung, Sumedang, jeung Parakan Muncang (1808-1809). Limbangan, Sukapura, jeung Galuh digabung jeung Cirebon (Cheribonshe Preangerlanden), tapi teu sawatara lila Limbangan jeung Sukapura dikaluarkeun ti wilayah administrasi Cirebon.

Dina mangsa pamaréntah Hindia Walanda (1808-1942), status Priangan nyaéta karésidénan, nu munggaran ibukotana di Cianjur, salajéngna ibukota karésidénan Priangan pindah ka Bandung (ti taun 1864). Ku asupna Galuh (awal abad ka-20), wilayah Karésidénan Priangan nambahan. Priangan jadi 6 kabupatén; Cianjur, Bandung, Sumedang, Limbangan (Garut), Sukapura (Tasikmalaya), jeung Galuh (Ciamis).

Baca ogé

édit

Rujukan

édit
  1. Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. p. 382. Diakses tanggal 15 Desember 2019. 
  2. Anwar, Hendi (2012). Rumah Etnik Sunda. Jakarta: GRIYA KREASI. p. 6. ISBN 9789796612116. Diakses tanggal 43978. 
  3. Parahyangan
  • Aca. 1968. Carita Parahiyangan: naskah titilar karuhun urang Sunda abad ka-16 Maséhi. Yayasan Kabudayaan Nusalarang, Bandung.
  • Hardjasaputra, A. Sobana (2004). Bupati di Priangan: kedudukan dan peranannya pada abad ke-17 - abad ke-19. Bupati di Priangan dan kajian lainnya mengenai budaya Sunda, kaca 9-65. Pusat Studi Sunda, Bandung.
  • Ajip Rosidi, spk. (2000). Énsiklopédi Sunda. Pustaka Jaya, Jakarta.