Luncat tinggi (Olahraga)

Luncat tinggi nyaéta gerakan olahraga ku cara luncat kalayan ngangkat suku ka hareup keur mawa titik beurat awak pamngluhurna jeung gancang ragrag ka handap ku cara ngejetkeun salah sahiji suku keur ngahontal tingkat luhur anu tangtu. Tujuan utama luncat tinggi nyaéta angkat awak saluhur-luhurna nepi ka bisa ngaliwatan palang. Jangkungna luncat gumantung kana tilu faktor. Mimiti, atlit kudu mekarkeun daya pangbedasna sangkan awak ngangkat ka luhur kalayan gancang. Luhurna luncatan anu kahontal ku awak saluyu jeung gancangna ninggalkeun taneuh. Kadua, sudut tolakan kudu lempeng sangkan bisa museurkeun gaya keur ngahontal hasil luncat pangluhurna, tapi sudut tolakan kudu cukup keur mawa awak ti palang kahiji nepi ka palang nu séjénna. Katilu, jarak titik beurat awak bisa diangkat kalayan watesan. Pikeun udagan luncat, wates jarakna antara 2 nepi 3 méter nepi ka tolakanana ka luhur tina sikap nangtung ku cara leungeun digigireun awak. [1]

Nicole Forrester salah saurang atlit luncat tinggi international.

KamekaranÉdit

Dina luncat tinggi, sakabéh atlit kudu ngahontal luncat pangluhurna. Dick Fosbury téh jalma anu ngarobah olahraga luncat tinggi waktu keur milih pamarekan anu béda-béda dina luncatan. Saacan Olimpiade Kota Mexico dina taun 1968, kabéh atlit lucat tinggi lucat ku cara ngaguling ka hareup jeung ka tukang. Dick Fosbury ngarobah cara konvensional waktu jadi pinunjul dina Olimpiade nyangking medali emas ku ku cara luncat tibalik jeung punduk aya di béh handap. Ieu metode ekstrim diulik ku ku sakabéh atlit luncat tinggi sadunya sanggeus suksésna Fosbury dina Olimpiade 1968. Ti mimiti Vladimir Yaschenko nyaking rekor dunya gaya straddle kalayan luncatan pangluhurna 2,34 méter, sakabéh atlit ngagunakeun gaya Fosbury Flop keurrékor dunya. Rékor panghadéna keur luncat tinggi dicangking ku Javier Sotomayor ti Kuba dina taun 1993 kalayan rékor luncatan 2,45 méter. [2]

SaranaÉdit

Lapang luncat tinggi kudu aya jalur lumpat, palang jeung daérah keur ragragna. Jalur lumpat dipaké keur awalan saacan luncat. Jalur lumpat anu dipaké kurang ti 15 méter. Ieu jalur ulah naék atawa turun. Lian ti éta, tempat anu keur tolakan kudu lempeng jeung ulah diréngkolkeun . Palang nyaéta wates handap anu kudu diluncatan ku atlit luncat tinggi. Dina aturan IAAF, palang anu dipaké kudu ngagunakeun balok tina serat non- logam . Ieu aturan dipaké keur ngungkulan sangkan atlit teu cilaka waktu luncat jeung keuna kana palang. Palang dipasang dina panyangga kalayan sababaraha liang keur nempatkeun palang dina tingkat luhur anu dipikahayang. Daérah ragrag nyaéta tempat atlit turun sanggeus luncat. Panjangna daérah ragrag atanapi tempatna kurang leuwih 5 méter jeung legana 3 méter. [3]

TéhnikÉdit

 
Yelena Slesarenko di Stavanger Games 2007.
  • Awalan mangrupa konci mimiti keur ngalakukeun luncatan.
  • Titincakan dilakukeun ku suku anu pangkuatna jeung kudu mernah dina titik tumpu.
  • ngalayang waktu ngaliwatan palang, ttitik beurat awak kudu deukeut pisan jeung palang, dilakukeun kalayan tanaga saeutik jeung sadar pikeun milaraan gerakan anu teu perlu.
  • Pendaratan mangrupa sikep awak waktu ragrag gumantung kana unggal gayana, dilakukeun sacara sadar jeung dina posisi awak henteu nyababkeun nyeri atawa cilaka. [4]

RujukanÉdit