Sirah (basa Hormat: Mastaka) atawa hulu téh nujul kana babagian rostral (tina posisi anatomis) nu di jerona nyangkaruk uteuk, panon, ceuli, irung, jeung sungut (masing-masing boga pancén, kayaning nempo, ngadéngé, ngambeu, jeung ngasaan).[1] Aya sawatara sato nu teu boga hulu, tapi bentuk simétri bilateral mah lolobana boga. Sirah dina basa lemesna disebut mastaka.[2]

Sirah manusa (Gbr. 1194 dina Gray's Anatomy)

Anatomi manusa

édit

Bagian hareup (ventrum) sirah tempat ayana panon, ceuli, jeung baham disebut beungeut. Luhureun panon disebutna tarang, handapeun sungut disebutna gado. Normalna, di bagéan luhur jeung tukangeun sirah téh sok aya buuk.

Dina sato mah leuwih kompléks, hulu téh nyambung kana babagian awak lianna ngaliwatan beuheung.

Sirah dina basa lemesna disebut mastaka. Dina sirah téh aya panon nu dipaké pikeun nempo, aya irung nu dipaké pikeun ngambeu seuseungitan, aya ceuli nu dipaké pikeun ngadéngé sora, aya baham nu dipaké pikeun nyarita atawa dahar, aya biwir, halis, jeung nu séjénna. Ari bagéan hareup sirah nu aya nu tadi disebutkeun téh ngarana beungeut atawa basa cohagna mah bebenguk. ( http://dewi.staff.ipb.ac.id Archived 2015-08-20 di Wayback Machine)

Tulang sirah

édit
 
Tangkorék manusa sawawa (Gbr. 190 dina Gray's Anatomy

Tulang sirah manusa sacara koléktif disebut tangkorék atawa tangkorak, nu kabagi kana cranium (sakabéh tulang tangkorak) jeung rahang. Fitur tangkorak pangbéda antara mamalia jeung non-mamalia nyaéta ayana tilu tulang ceuli (disebut osikel):

Osikel ieu mangrupa komponén penting pangreungeu mamalia. Sato lianna boga tulang tunggal nu umumna disebut columella.

Cranium bisa dibagi kana tutup tangkorak (atawa calvarium) jeung basa. Cranium ngawengku sawatara tulang nu ngahiji dina sambungan nu disebut sutures; sawatara sutures ngahiji jadi pterion. Prosés ngahijina tulang ieu lumangsung in utero pikeun ngabungkus organ pangpentingna: uteuk. Najan ngagabungna tulang-tulang ieu téh geus lengkep méméh babar, aya bagéan jaringan serat (disebut fontanelle) nu kakara ngahiji kalawan sampurna dina mangsa puber.

Rujukan

édit
  • Head, Wikipédia édisi basa Inggris (6 Juli 2006)
  • Mike Hunt, Human Evolution: An Introduction to Man's Adaptations (4th edition), ISBN 0-202-02042-8

Dicutat tina

édit
  1. Henrayana & Yus R. Ismail, Dian (2019). Kamus Basa Sunda - Indonesia , Indonesia - Sunda Untuk Pelajar & UmumHenrayana & Yus R. Ismail. Jakarta: Bhuana Ilmu Populer. p. 290. ISBN 9786232164123.  Disungsi 6 Desember 2024
  2. Lemesna sirah

Tumbu kaluar

édit