Ngawuluku asal kecapna tina wuluku anu hartina parabot paranti nyambut sawah, sedengkeun ngawuluku ngagunakeun wuluku.[1]

Pakakas nu dipaké édit

Pasangan nyaéta parabot paranti ngahijikeun munding anu rék digawékeun, dijieun tina kai, dipasangan dina punduk munding [2]. Babagian pasangan:

  • Sambilan nyaéta kai nu ngahapit kana beuheung munding.[2]
  • Sawed atawa tali sawed nyaéta tali anu meulit kana beuheung munding. Dina sesebutan waktu urang Sunda, aya nu disebut pecad sawed (kira-kira jam 10.00), dicokot tina waktu dipecatkeunana tali sawed tina beuheung munding téa (pikeun ngareureuhkeun munding) nu ilaharna kira-kira jam 10.00.[2]
  • Tinggar manuk nyaéta paseuk anu ditancebkeun dina pasangan, paranti ngaitkeun konali.[2]
  • Konali nyaéta tali anu nyambungkeun pasangan jeung cacadan singkal atawa garu.[2]

Singkal nyaéta parabot paranti nyungkalkeun taneuh (paranti ngawuluku). Babagian singkal:

  • Babantal nyaéta bagian handap singkal, tempat napelna lanjam.[2]
  • Lanjam nyaéta seuseukeut singkal, bahanna tina beusi.[2]
  • Bubuntut nyaéta kai anu napel kana babantal nu biasa dicekel ku nu keur ngawuluku.[2]
  • Cacadan nyaéta ruyung atawa awi anu dipaké panyéréd singkal (garu) anu ngahubungkeun wuluku jeung munding.[2]
  • Paseuk, aya dua rupa nyaéta :
  1. paranti muntangna cacadan kana bubuntut.[2]
  2. paranti nungkulkeun atawa nanggahkeun kabantal, ngatur jero déétna tapak singkal.[2]
  • Paranat nyaéta tambang paranti narik hulu munding lamun dipiderkeun.[2]

Garu nyaéta pakakas paranti ngalembutkeun taneuh beunang macul atawa beunang ngawuluku.[2] Babagian garu:

  • Huntu garu nyaéta dijieun tina ruyung atawa beusi anu nyocod dina garu, wangunna kawas sisir.[2]
  • Cagak nyaéta panahan cacadan anu luhur, paranti diuk tukang munding.[2]
  • Kokolécéran nyaéta kai anu dipaké mageuhan cacadan anu luhur.[2]
  • Cacadan nyaéta awi anu nyodor ka hareup, anu dipaké narik garu.[2]
  • Pamélét nyaéta awi paranti ngaratakeun taneuh lamun geus lembut.[2]

catetan édit

  1. [Danandibrata,R.A.(2006).Kamus Basa Sunda.Bandung: Kiblat Buku Utama.
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r [Hadi,Ahmad.1991.Peperenian (Kandaga, Unak-unik, Rusiah Basa Sunda.Bandung: Geger Sunten]