Buka ménu utama

Ngeuyeuk Seureuh nyaéta salah sahiji upacara nu dilaksanakeun sapoé saméméh prung diistrénan, pangantén awéwé didangdanan, halisna dikerik sangkan bérésih[1]. Anu ngahiasna nyaéta hiji jalma ahli dina widang huas-hias anu dingaranan tukang hias[1]

ÉtimologiÉdit

Ngeuyeuk téh robahna kecap tina ngaheuyeuk nu hartina nguntun kantéh. [2] Ari seureuh téh tutuwuhan nu loba gunana, hususna keur wanoja. [2] Matak Ngeuyeuk Seureuh téh kagiatanana ngarangkep-rangkepkeun daun seureuh tangkayan tuluy digulungkeun jeung ditalian ku kantéh beureum. [2] Malah aya kabiasaan baheula, lamun jajaka ngungkabkeun rasa katresna ka wanoja hég dibales ku seureuh salambar ditalian ku kantéh beureum, éta téh tangarana katresna jajaka ditarima ku wanoja.

Prakprakan Ngeuyeuk SeureuhÉdit

Dina waktu nu geus ditangtukeun di rohangan tengah diamparkeun kaén sarung poléng atawa kasang-jinem,diluhurna diteundeun baki anu eusina seureuh nu masih kénéh aya gagangan anu geus disusun, kapur seureuh sababaraha bungkus, gambir sababaraha siki, bako sababaraha hiji, jambé sababaraha hiji anu geus dikacip[1]. Biasana éta kabéh dibawa ku lalaki nalika seserahan[1].Digigireunana aya hiji lampu cémpor anu tujuh sumbuna, maké minyak kalapa[1]. Sanajan tibeurang tapi angger éta lampu dipasang[1]. Lian ti éta aya ogé bokor anu eusina béas dicampurkeun jeung kunir anu geus disiksikan jeung duit récéh[1].

Léngkah-léngkah Anu Kudu Diperhatikeun Nalika Upacara Ngeuyeuk seureuh[3]Édit

  • Bapa jeung indung salaku wawakil ti kolot pangantèn awèwè jeung pangantèn lalaki babarengan maca sajak pantun anu eusina papatah silih tembalan dina basa sunda[3].
  • Talian 5 nyèrè anu disabetkeun lalaunan ka pangantén lalaki jeung pangantén awéwé ku dua pihak kolot sababaraha kali[3].
  • Panganten dititah nyokot duit récéh anu aya dihandapeun samak[3]. Hal ieu boga makna yèn saha waé anu meunang duit loba hartina manéhna pinter néangan duit[3]. Duit éta dibikeun ka juru rias pikeun diteundeun[3].
  • Juru rias mèrè tujuh lambar daun seureuh ka pangantén awéwé ogé tujuh lambar ka pangantén lalaki[3]. Lian ti èta masing-masing pangantèn meunang benang lawè saperluna[3]. Pangantèn paheula-heula ngagulung daun seureuh hiji – hiji saha nu bérés mimiti hartina leuwih parigel dina rumah tangga[3].
  • Benang lawè disambung-sambung jadi hiji jeung dicekelan ku pangantén katut indung bapana. Maksudna pikeun ngaraketkeun tali kakulawargaan
  • Baju pangantén peningseut dibungkus ku kaén bodas ( panutup ) tuluy dibawa asup ka kamar pangantén ku pangantén[3]. Saréngséna diuk deui ditempat samèmèhna[3].
  • Panganten lalaki meulah waluh konèng, pangantén awéwé ngabagi-bagikeun ka para tamu[3].
  • Saputangan anu geus di minyak seungitan dibagi-bagikeun ku pangantén awéwé ka parawan anu aya harita[3].
  • Samak anu geus ditataharkeun saméméhna digotong ku pangantén dibantuan ku para tamu tuluy diiringkeun ku kolot pangantén dibawa ka parapatan jalan diiringkeun maké colén[3]. Sapapanjang jalan pangantén miceun eusi samak saeutik-saeutik[3]. Sabada nepi diparapatan jalan anu geus ditangtukeun sesa eusi samak dibahékeun kabéh kaasup samakna, maksudna sagala anu ngahalangan bakal leungit[3].
  • Sabada èta pangantén diiringkeun deui ka imah[3].
  • Sanepina di imah pangantén sungkem ka kolotna[3].
  • Sabada èta dituluykeun kanu upacara dahar sangu kebuli, Panganten silih huapan[3].
  • Sabada silih huapan upacara ngeyeuk seureuh réngsé[3].

ReferensiÉdit

  1. a b c d e f g Prawira Soeganda, R Akip. 1982. Upacara Adat di Pasundan.Bandung:Sumur Bandung
  2. a b c LBSS (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten. p. 439. 
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t [Bratawidjaja, Thomas Wiyasa. 1990 . UPACARA PERKAWINAN ADAT SUNDA. Jakarta: Pustaka Sinar Harapan]