Peusing
Peusing | |
---|---|
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Kelas: | |
Ordo: | Pholidota Weber, 1904
|
Kulawarga: | Manidae Gray, 1821
|
Génus: | Manis Linnaeus, 1758
|
Spésiés | |
Manis culionensis |
Peusing téh mamalia dina ordo Pholidota, nu kabagi kana hiji kulawarga Manidae jeung hiji genus Manis, nu ngawengku dalapan spésiés. Awak peusing dibungkus ku sisit nu baradag dina kulitna, sumebar di wewengkon tropis buana Asia jeung Aprika.
Dina klasifikasi nu leuwih heubeul, peusing téh dihijikeun jeung sababaraha ordo lian, misalna Edentata. Bukti génétik nu leuwih anyar [1] nunjukkeun yén dulur peusing pangdeukeutna téh karnivora.
Paripolah jeung dedegan
éditCiri peusing anu utama nyaéta sisit badag jeung teuas, nu sabenerna mah bulu. Buluna ieu ngahiji antukna jadi kawas sisit. Mun ngarasa kaancam, peusing bisa ngaringkel jadi buleud, sedengkeun sisitna rogok salaku pakarang atawa nutup rapet antukna ngabungkus awakna. Sisit ieu téh tadina mah leuleus, tapi nuturkeun umurna, sisitna beuki lila beuki heuras. Kuku dina suku hareupna paranjang & heuras, biasa dipaké pikeun ngagali taneuh. Peusing bisa ngaluarkeun bau haseum nu seukeut tina kelenjar deukeut boolna, sarupa jeung bau segung.
Ukuran peusing rupa-rupa, gumantung kana spésiésna, antara 30–100 cm. Nu bikang sacara umum leuwih leutik batan nu jalu.
Dahar
éditKadaharan peusing anu utama nyaéta sireum jeung rinyuh. Cakarna nu teuas tur paranjang dipaké pikeun ngagali atawa ngabongkar sayang sireum/rinyuh, sedengkeun létahna nu panjang bisa dipaké nyasar sayang sireum. Peusing tangkal bisa ngagunakeun buntutna pikeun ngagantung dina dahan, sabari mapay liang mangsana.
Peusing mah euweuh huntuan sarta teu bisa ngagayem. Pikeun ngala mangsana, kelenjar ciduh dina dadana ngabaseuhan létahna ku ciduh nu rapet, antukna sireum narapel kana létahna.
Baranahan
éditMangsa keureuneuh peusing lilana 120-150 poé. Sakali borojol ilaharna mah ukur hiji, tapi kadang bisa nepi ka tilu, beuratna antara 80-450 g.
Ancaman
éditPeusing téh jadi salah sahiji kadaharan sabagian masarakat Aprika. Katambah ku leuweung nu beuki ngaheureutan, peusing raksasa geus jadi spésiés nu kaancam lastari. Di Cina, kapercayaan yén bagian-bagian awak peusing téh bisa dijadikeun bahan ubar ngajadikeun peusing ogé kaancam populasina.
Taksonomi
édit- Ordo Pholidota
- Kulawarga Epoicotheriidae (lastari)
- Kulawarga Metacheiromyidae (lastari)
- Kulawarga Manidae
- Subfamili Eurotamandua (lastari)
- Subfamili Maninae
- Genus Eomanis (lastari)
- Genus Necromanis (lastari)
- Genus Patriomanis (lastari)
- Genus Manis (Manis)
- Peusing India (M. crassicaudata)
- Peusing Cina (M. pentadactyla)
- Genus Manis (Paramanis)
- Peusing Sunda (M. javanica)
- Peusing Palawan (M. culionensis)
- Genus Manis (Smutsia)
- Peusing raksasa (M. gigantea)
- Peusing Temminck (M. temmincki)
- Genus Manis (Phataginus)
- Peusing tangkal (M. tricuspis)
- Genus Manis (Uromanis)
- Peusing buntut panjang (M. tetradactyla)
Sumber rujukan
édit- Pangolin, Wikipédia édisi basa Inggris (29 Agustus 2006)