Pipiti nyaéta wadah anu dijieun tina anyaman tangkal awi benang meulahan aripis wangunna segi opat [1], ilaharna pipiti dipaké ngawadahan sabangsaning sambara[2], uyah[3], sangu [4], lalawuh [5], jeung sajabana.

Pipiti tina anyaman awi

Pedaran édit

Mangpaat édit

Pipiti dimangpaatkeun pikeun ngawadahan sangu[6] jeung deungeunna, dibahankeun ku nu boga hajat minangka pamulang tarima/nganuhunkeun ka sémah jeung ondangan séjénna nu geus milu nyaluuhan jeung ngarojong doa kana hajatna. [7][8]

Kiwari pipiti dimangpaatkeun ogé pikeun nyieun pabinihan paré [9], sangkan binih paré henteu ku hama jeung bisa katalingakeun dina kasuburan taneuhna [9]. Pabinihan tina pipiti ogé bisa diteundeun di buruan tangtu ieu leuwih gampang mangsa nyebor, miara, jeung ngusir hama anu sakira bisa ngaganggu kana éta pabinihan[9]. Pipiti anu mangrupa hasil tina karajinan anyaman mibanda ukuran jeung wanda anu rupa-rupa, gumantung kana pesenan jeung dipaké eusi naon engkéna. Di sababaraha daérah pipiti mangrupa wadah andelan pikeun ngiangkeun dagangan jeung wadah oléh-oléh/kagegelan[10].

 
Pipiti keur dianyam

Sajarah édit

Baheula Pipiti téh paranti neundeun uyah, ngarah henteu téés tuluy pipiti wadah uyah digantungkeun atawa diteundeun dina sagigireun hawu [3]. Ogé dipaké wadah pabétékan sabangsaning bungbu atawa sasamaraan kayaning : bawang bodas, bawang beureum, jahé, cikur, pedes, jeung sajabana [2].

Kungsi baheula mangsa Bung Karno ditengah perjalanan narima bungkusan maké wadah pipiti anu dieusian sangu timbel jeung lalawuhna : suung, sambel oncom, beuleum lauk asin, kulub endog, jeung jeruk Garut anu kawentar amis kareueut anu dipasrahkeun ku saurang nini-nini minangka kanyaah jeung babakti hamba rahayat ka pamingpina [11]

Dicutat tina édit

Tutumbu kaluar édit

  1. Sisindiran maké kecap pipiti
  2. Pipiti wadah sangu
  3. Gaganti wadah pipiti mangsa kiwari
  4. Karajinan pipiti anu tetep hirup[tumbu nonaktif]