Paré
Rice Plants (IRRI).jpg
Paré
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
O. sativa
Ngaran binomial
Oryza sativa

Paré nyaéta pibéaseun nu dipelak di huma atawa sawah.[1] Rupa-rupa paré téh nyaéta ségon, bulu, bulu hideung, ceré, ketan, cahaya, jampang, gundil, harayhay, marus, endog.[1][2]

Sajarah SinggetÉdit

Paré kaasup genus Oryza L anu ngawengku leuwih kurang 25 spesies, sumebar di wewengkon tropik sarta wewengkon sub tropik kawas Asia, Afrika, Amérika sarta Australia. Nurutkeun Chevalier sarta Neguier paré asalna ti dua benua. Oryza fatua Koenig sarta Oryza sativa L asalna ti benua Asia, sedengkeun jenis paré lianna nyaéta Oryza stapfii Roschev sarta Oryza glaberima Steund asalna ti Afrika kulon. Paré anu aya ayeunamangrupa persilangan antara Oryza officinalis jeung Oryza sativa f spontania. Awalna, di Indonésia pepelakan paré dilakukeun di wewengkon taneuh garing kalayan ngagunakeun sistim huma, pamustunganana jelema usaha ngamantepkeun basil usahana ku cara nyieun saluran cai wewengkon anu curah hujanana kurang. Pepelakan paré anu bisa tumuwuh kalayan alus diwewengkon tropis nyaéta Indica, sedengkeun Japonica loba diusakan di wewengkon subtropika.[3]Salian ti éta, paré mangrupa pepelakan pangan jukut rumpun. Pepelakan tatanén kuno asalna ti dua benua nyaéta Asia sarta Afrika Kulon tropis sarta subtropis. Bukti sajarah némbongkeun yén melak paré di Zhejiang (Tiongkok) geus dimimitian dina 3.000 taun SM. Fosil siki paré sarta gabah kapanggih di Hastinapur Uttar Pradesh India kira-kira taun 100-800 SM. Sajaba Tiongkok jeung India, sawatara wewengkon asalna paré nyaéta Bangladsh Kalér, Myanmar, Thailand, Laos jeung Vietnam.[2]

Nincak umur paré geus culcel bijil buahna, di saung ogé mimiti haneuteun nu ngadon tunggu sawah ngagebahan hama manuk piit jeung sajabana.[4] Nu tunggu di saung ilaharna ibu-ibu jeung barudak, ku sabab salakina mah ngadon garawé di kebon atawa nyiar suluh.[4] Tunggu paré disaung téh ilaharna ti mimiti wanci pecat sawed nepika lingsir ngulon, mangsa geus surup panon poé kakara ninggalkeun saung baralik ka imahna séwang-séwangan.[4]

Hama paréÉdit

Hama paré anu remen ngaganggu kana pepelakan paré, kayaning:

  1. Beurit (Rattus argenitiventer)
  2. Penggerek batang (Scirpophaga sp.)
  3. Wereng coklat (Bilaparvata lugens)
  4. Wereng héjo (Nephotettix virescens)
  5. Kéong mas (Pomacea canaliculata L.)
  6. Walang sangit (Leptocorisa sp.)[5]

MangpaatÉdit

Béas mangrupa kadaharan utama anu ngandung karbohidrat di sababaraha nagara Asia. Lamun nagara-nagara séjén kawas di benua Éropa, Australia sarta Amérika mah ngadahar béas téh leuwih saeutik tibatan nagara Asia. Sajaba ti éta, jarami paré ogé bisa dipaké jadi panutup taneuh dina hiji usaha tani.[6]

Galéri prosés tatanénÉdit

RujukanÉdit

  1. a b RA,Danadibrata.2006.Kamus Basa Sunda. Bandung:Gawé bareng PT Kiblat Buku Utama jeung Universitas Padjadjaran.Kaca 503
  2. a b Lim, T. K. (2013). Edible Medicinal And Non-Medicinal Plants: Volume 5, Fruits. London: Springer Science & Business Media. p. 137. Diakses tanggal (disungsi) 7 Januari 2021. 
  3. [1](Diakses tanggal 20 oktober 2011)
  4. a b c Zulvita,Nurbaiti Harun,Fetriatman, Eva (1993). Kearifan Tradisional Masyarakat Pedesaan Dalam Pemeliharaan Lingkungan Hidup di Daerah Propinsi Jambi. Bandung: Direktorat Jenderal Kebudayaan. 
  5. Dan Hanny P, Purnomo (2007). https://books.google.co.id/books?id=HE-WWgPsBXUC&pg=PA100&dq=talas&hl=id&sa=X&ved=2ahUKEwj188O_lb7vAhUn63MBHdA8BoI4ChDoATAEegQIBRAC#v=onepage&q=talas&f=false. Jakarta: Niaga Swadaya. p. 100. ISBN 9789790020283. Diakses tanggal (disungsi – 21 Maret 2021). 
  6. [2](Diakses tanggal 17 oktober 2011)