Plankton mangrupa salah sahiji organisme anu kumalayang jeung hirup di zona pelagik (luhur) sagara, laut, jeung dina cai tawar. [1] Plankton asalna tina basa Yunani planktos anu hartina ngumbara atawa nu sok palid. Ieu istilah mimitina dilarapkeun ku Victor Hansen, Diréktur ékspJdisierman ekna 18taun 87, ianu pikawanoh salaku Plankton ekspedition anu dilaksanakeun keur nangtukeun sistematika organisme laut. Sanggeus ékspédisi lekasan disampurnakeun deui ku Haeckel dina taun 1990. [2]

Potomontag organisme plankton

Plankton dianggap salah sahiji organisme anu pangpenting di dunya, sabab jadi sasadiaan kadaharan anu lana keur kahirupan akuatik. Lolobana kadaharan utama mahluk laut téh nyapta lankton. Plankton kabentuk tina sésa-sésa sato laut jeung tutuwuhan anu aya di laut. Ngan ukuranana leutik. Sanajan kaasup salah sahiji mahluk hirup, plankton henteu miboga kakuatan keur nolak arus pasang atawa angin anu malidkeunana. Plankton cicing di basisir anu loba uyah mineral jeung cahya panonpoé anu cukup keur kalumangsungan hirupna. Plankton téh mangrupa kadaharan keur lauk anu nyababkeun lauk loba di basisir. Ku kituna, nguseup téh loba dilaksanakeun di basisir. Salian ti tina babagian awak sato anu paéh, plankton ogé kawangun tina tutuwuhan laut. Lamun ditempo tina mikroskop, unsur tutuwuhan alga bakal kapanggih dina plankton. Sababaraha mahluk laut anu ngahakan plankton nyaéta batu, kerang, jeung paus . [1]

Sacara umum, ukuran plankton leutik pisan ngan bisa diukur ngagunakeun mikrométer nepi ka milimeter. Tapi, aya ogé ubur-ubur gedé jiga scyphozoa, anu ukuranana nepi ka dua méter, tapi sebaran spésiés ieu di laut saeutik pisan. Ubur-ubur panggedéna di dunya nyaéta Scyanea Actica anu diaméter payungna dua méter jeung panjang gumpalan tentakelna nepi ka 20 méter. Ukuran plankton anu leutik mangrupa adaptasi kahirupan sangkan gampang ngambang dina cai. Sabab ukuranna leutik, daya apungna bakal leuwih luhur jeung prosés fisiologis antara sél jeung lingkunganana bisa lumangsung sacara éfisién. [3]

Wanda

édit
  • Phytoplankton mangrupa wanda plankton anu mindeng disebutmikroalga sarua jeung tutuwuhan terestrial anu miboga klorofil jeung butuh sinar matahari keur hirup jeung tumuwuh. Pitoplanktonel bisa dipaké indikator kontaminasi jeung kualitas cai. Ieu dipaké sabab populasi fitoplankton bakal dipeungpeuk jeung prosés fotosintétis balukar polusi cai tempat hirupna. [4] Pitoplankton miboga sifat tutuwuhan, saperti diatoaeme . [5]
  • Zooplankton mangrupa wanda plankton mikroskopis anu hirup dina cai jeung ngandelkeun arus cai keur transportasina. Zooplankton mangrupa kadaharan penting keur lauk jeung bisa jadi indokator kontaminasi cai di tempatna hirup. Zooplankton mah miboga sipat sato, saperti radiolaria jeung foraminifera .

Mangpaatna

édit
  • Komponén utama rantai makanan keurmahluk anu hirup dina cai.
  • Pitoplankton dina jukut laut ngahasilkeun 70 persen oksigén saalam dunya.
  • Mawa karbon dioksida di atmosfir tuluy diteundeun di jero laut nepi ka plankton mah bisa ngahambat parobahan iklim.
  • Plankton bisa ilubiung dina prosés kabentukna minyak bumi keur bahan bakar kandaraan ngaliwatan prosés anu asalna ti laut kuno. [6]

Rujukan

édit
  1. a b Mulyono, Mugi; Firdaus, Rian; Alka, Cut MN; Hamdani (2018-02-12). SUMBERDAYA HAYATI LAUT INDONESIA: Sebuah Pengantar Sumber daya hayati laut Indonesia (dalam Indonesian). Jakarta: STP Press. p. 5. ISBN 978-602-9156-42-3. 
  2. Husma, Amrah (2017-02-28). Biologi Pakan Alami (dalam Indonesian). Makassar: CV. Social Politic Genius (SIGn). p. 37. ISBN 978-602-61042-6-7. 
  3. Nontji, Anugerah (2008). Plankton laut (dalam Indonesian). Jakarta: Yayasan Obor Indonesia. p. 5. ISBN 978-979-799-085-5. 
  4. Husamah; Rahardjanto, Abdulkadir (2019-02-13). BIOINDIKATOR (Teori dan Aplikasi dalam Biomonitoring) (dalam Indonesian). UMMPress. p. 59. ISBN 978-979-796-383-5. 
  5. Hartono. Geografi: Jelajah Bumi dan Alam Semesta (dalam Indonesian). Bandung: PT Grafindo Media Pratama. p. 12. ISBN 978-979-9281-61-6. 
  6. Purnama, Rayhand. "Plankton yang Punya Peran Penting untuk Bumi". www.cnnindonesia.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-11-07.