Prasasti Kawali atawa Prasasti Astana Gedé nujul ka sakumpulan prasasti (sahanteuna aya genep) nu kapanggih di Kabuyutan Astana Gedé di Kawali, Ciamis, Jawa Kulon.[1] Prasasti ieu ngagunakeun basa jeung aksara Sunda Kuna (Kaganga).[1] Najan teu mibanda candrasangkala, tina prasasti Kawali I bisa dikira-kira asalna dumasar ngaran raja nu disebut dina éta prasasti.[1]

Sababaraha prasasti di Astana Gedé Kawali

Dumasar babandingan jeung titinggal sajarah lianna, kayaning Carita Parahyangan jeung Pustaka Rajya-rajya i Bhumi Nusantara, bisa cindekkeun yén prasasti Kawali I mangrupa sakakala atawa pangéling-ngéling ka Prabu Niskala Wastu Kancana (Prabu Raja Wastu), nu ngadaton karajaan Sunda ti Kawali, putra Linggabuana nu gugur nalika perang Bubat.[1]

Prasasti Kawali taun 1863-1864

Prasasti Kawali I édit

 
Prasasti Kawali I
 
Kawali I; 4 sisi
 
Kawali Ia; sisi hulu
 
Kawali Ib; sisi katuhu
 
Kawali Ic; sisi suku
 
Kawali Id; sisi kénca

Prasasti Kawali I mibanda tulisan di dua sisi, nyaéta di bagian beungeut jeung bagian sisi nu kandel.

Tulisan di bagian beungeut prasasti (per baris):

  1. nihan tapa kawa-
  2. li nu sang hyang mulia tapa bha-
  3. gya parëbu raja wastu
  4. mangadeg di kuta kawa-
  5. li nu mahayuna kadatuan
  6. sura wisesa nu marigi sa-
  7. kuliling dayeuh. nu najur sakala
  8. désa aja manu pandeuri pakéna
  9. gawé ring hayu pakeun heubeul ja-
  10. ya dina buana

Tulisan di bagian sisi nu kandel (per baris):

  1. hayua diponah-ponah
  2. hayua dicawuh-cawuh
  3. inya neker inya angger
  4. inya ninycak inya rempag
"Ieu tapak di Kawali ti tapa Sang Hyang Mulia Prabu Raja Wastu anu maréntah di Kawali, nu geus mapaésan kadatuan Surawisésa, nu marigi sakuriling dayeuh, nu ngamakmurkeun sakabéh wilayah. Pikeun nu rék datang, geura paké gawé nu rahayu sangkan lila jaya dunya."
"Ulah diruksak!
Ulah samena-mena!
Mun dipiara bakal angger
Mun ditincak bakal rempag"

Prasasti Kawali II édit

Prasasti Kawali II ditulis dina batu alam, jangkungna 125 cm, lébar luhur 80 cm, lébar handap 69 cm. Eusina aksara jeung basa Sunda Kuna, ditulis dina hiji sisi, kabagi tujuh baris.[2]

Eusi édit

Baris Alih aksara Alih basa
1 ºaya ma muga aya
2 nu ṅösi ºi nu ngeusi
3 na kawali ºi di Kawali i-
4 ni pakena kě ni yang melaksanakan ke-
5 ºṛta běněr makmuran dan kéadilan
6 pakön na[n]jör pakeun nanjeur
7 na juritan na juritan
 
Prasasti Kawali II

Prasasti Kawali III édit

 
Prasasti Kawali III

Prasasti Kawali III anu maké basa jeung aksara Sunda kuna ditatahkeun dina batu alam nu ditangtungkeun kawas ménhir. Jangkungna 120 cm, lébar luhur 22 cm, lébar tengah 55 cm, lébar handap 55 cm, sarta kandel 18 cm.

Eusi
Baris Alih aksara Alih basa
1. saŋ hyaŋ liŋ Sang Hyang Ling-
2. ga hyaŋ ga Hyang

Prasasti Kawali IV édit

 
Prasasti Kawali IV

Prasasti Kawali V édit

 
Prasasti Kawali V

Prasasti Kawali VI édit

 
Prasasti Kawali VI

Eusi (Darsa, 1998):
Ini Preting
galna nu atis
ti rasa aya ma nu
ngeusi dayeuh baweu
ulah botoh bisi
kokoro

"Inilah amanat dari mendiang yang telah sempurna, bagi siapapun yang tinggal di negeri ini, jangan serakah karena akan menimbulkan kesengsaraan/penderitaan/kemiskinan."

Bacaan Salajengna édit

  • J. G. de Casparis. 1975. Indonesian Paleography.
  • Yoséph Iskandar. Sejarah Jawa Barat: yuganing rajakawasa. Geger Sunten, Bandung.
  • Richadiana Kartakusuma. 2005. Situs Kawali: ajaran Sunda dalam tradisi mégalitik? dina Sundalana 4: 41-64. Pusat Studi Sunda, Bandung.

Baca ogé édit

Rujukan édit

 
  1. a b c d "Astana Gede Kawali-Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat". www.disparbud.jabarprov.go.id. Diakses tanggal 2018-01-26.  Archived 2016-03-11 di Wayback Machine
  2. Titi Surti Nastiti & Hasan Djafar. "Prasasti-Prasasti Dari Masa Hindu Buddha (Abad Ke-12-16 Masehi) Di Kabupaten Ciamis, Jawa Barat". Purbawidya. doi:10.24164/pw.v5i2.115. http://purbawidya.kemdikbud.go.id/index.php/jurnal/article/view/P5%282%292016-3.