Raheut nyaéta jenis tatu nu kawilang gancang lita deui, nu mana kulit téh soéh lantaran kakeureut, kagesruk atawa katojos (raheut gudawang), atawa ogé aya tinggangan gaya mintul nu nyumebabkeun raheut di jeroeun kulit (raheut wuwung). Dina patologi, ieu secara husus nujul kana tatu ku pakarang seukeut nu ngaruksak dérmis kulit.

Raheut
Klasifikasi jeung sumber luar
Bitis handap nu raheut kakoét
ICD-10 T14.0-T14.1
ICD-9 872-893
MeSH D014947

Papasingan

édit

Dumasar undak kontaminasina, raheut bisa dipasingkeun jadi:

  • Raheut beresih - ngahaja diraheutkeun dina kaayaan stéril nu mana taya organismeu nu asup, jeung kulit gancang lita deui tanpa komplikasi.
  • Raheut kakontaminasi - biasana balukar tina tatu nu teu kahaja; Aya organismeu patogén jeung banda asing dina raheutna.
  • Raheut kainféksi - raheutna dibarengan ku ayana organismeu patogén nu baranahan, némbongkeun tanda klinis inféksi (katempo konéng, nyeri, beureum, aya nanahan).
  • Raheut kolonisasi - kaayaan kronis, nu ngandung organismeu patogén, hésé cageurna (raheut digégél).

Gudawang

édit

Raheut gudawang mah bisa dipasing-pasingkeun dumasar obyék nu ngabalukarkeun raheutna:

  • Insisi atawa raheut kakeureut - disababkeun ku banda atawa pakarang seukeut kayaning péso, bedog, atawa beling.
  • Laserasi atawa raheut kakoét- raheut nu dibalukarkeun ku banda seukeut ataw mintul anu ngoét kana kulit, nu ngabalukarkeun nyurudcudanna getih kawas cimata.[1]
  • Abrasi (grazes) - raheut déét nu mana lapisan kulit pangluhurna (épidermis) kakoét. Abrasi sok disababkeun lantaran kakoét, baréd, bohak, barud atawa raméd.
  • Avulsion - raheut nu mana struktur awak kapeunggas sacara paksa tina awakna nu normal. Mangrupa jenis amputasi nu ékstrem, leupasna bagéan awak lain ku cara dipotong.
  • Raheut kasura - disababkeun ku banda nu nyocog kulit, kayaning sempalan kuku, cucuk, awi, harupat, paku atawa jarum.
  • Raheut katusuk - disababkeun ku banda kayaning péso nu asup jeung kaluar tina kulit.
  • Raheut katémbak - disababkeun ku pélor atawa proyéktil kawas jamparing jsb. nu nyeleber asup kana awak atawa parat ngaliwatan awak. Bisa jadi aya dua raheutna, hiji tempat asup jeung hiji deui tempat kaluarna.

Wuwung

édit

Raheut wuwung mah saenya tara disebut raheut, lantaran teu baloboran getih, ngan sok disebutna mah raheut di jero atawa getih wuwung (geuneuk):

  • Hématoma (atawa getih wuwung) - disababkeun ku ruksakna pangbuluh getih nu dina satuluyna nyumebabkeun getih ngagulung di handapeun kulit barining teu kaluar.
    • Hématoma nu asalna tina patologi pangbuluh getih internal nyaéta petechiae, purpura, jeung ecchymosis. Dipasing-pasingkeun dumasar ukuranna.
    • Hématoma nu asalna tina sumber éksternal nyaéta kontusi, ilaharna mah disebut peupeur atawa geuneuk.
  • Tatu kacepét - disababkeun ku gaya gencétan nu ékstrim sahingga nyumebabkeun getih wuwung di daérah nu kacepétna.

Patofisiologi

édit

Pikeun nyageurkeun raheut, awak sacara alamiah ngalakonan saruntuyan lampah nu sacara koléktif, dipikawanoh minangka prosés nyageurkeun tatu. Sok sanajan kitu, aya babaraha tarékah nu dilakukeun ku manusa pikeun nyageurkeun raheut, di antarana:

Babadotan

édit

Daun babadotan geus dimangpaatkeun ku masarakat, utamana masarakat Sunda pikeun jadi ubar dina nyageurkeun raheut.[2] Daun babadotan nu anyar metik dikumbah nepi beresih, tuluy digecek nepi ka lemes.[2] Beunang ngagecek téh ditaplokkeun kana bagéan anu raheut, aya ogé nu tuluy dibuntel ku perban.[2]

Minyak keletik

édit

Minyak mangrupa bahan lian nu sok dipaké pikeun ngabantu nyageurkeun raheut.[3] Aya nu dibalurkeun kana raheutna, aya ogé nu dipakékeun kana perban. Minyak méré babaraha palindungan tina inféksi. Minyak ogé nyegah perban hambéh teu napel kana raheut.[3] Ari minyak nu dipakéna biasana minyak kalapa atawa minyak keletik.

Jalma nu mimiti ngamangpaatkeun madu pikeun ngubaran raheut nyaéta urang Mesir.[3] Madu bisa nyegah paradangan, sangkan nguranganna kanyeri jeung bareuh dina raheut sahingga jadi gancang lita.[4] Kusabab madu ngandung osmolaritas nu kawilang euyeub, bisa nyerep cairan dina raheut jeung deuih bisa ngoméan sirkulasi udara di aréa nu raheut. Madu méré éfék antibaktéri jeung antioksidan, sangkan bisa ngabantu ngahambat éfék tina radikal bébas.[4] Lian ti kitu, madu ogé mibanda kandungan zat séjén kayaning hydrogen peroksida nu éféktif dina maéhan kuman jeung baktéri.[4]

Rujukan

édit
  1. Pediatrics, American Academy of (2011). First Aid for Families. Jones & Bartlett Publishers. p. 39. ISBN 9780763755522. 
  2. a b c "Manfaat dan Khasiat Bandotan (Ageratum conyzoides L.)". Budidaya Petani. Diakses tanggal 2018-02-24.  Archived 2018-01-24 di Wayback Machine
  3. a b c "12 Wound Care Fun Facts" (dalam bahasa en-US). WCEI - Blog. 2016-10-28. http://blog.wcei.net/2016/10/12-wound-care-fun-facts. Diakses pada 2018-02-24 
  4. a b c "Manfaat Madu Untuk Mempercepat Penyembuhan Luka" (dalam bahasa id-ID). Manfaat.Co. 2016-06-16. https://manfaat.co/manfaat-madu-untuk-luka.html. Diakses pada 2018-02-24 [tumbu nonaktif]