Sipoah, Cipoah, nyaéta parabot paranti ngitung asal Cina.[1] Sipoah nyaéta pakakas anu dipaké pikeun ngitung operasi aritematika. Kawas penjumlahan, pengurangan, perkalian, sarta pembagian. Sipoah bisa disebutkeun minangka “komputer kuna”.[2] Di Indonésia sipoa leuwih dipikawanoh kalayan ngaran sempoa, sedengkeun di masarakat Cina sipoah leuwih dipikawanoh kalayan ngaran "suan pan" (papan berhitung) sarta mindeng dipaké dina itungan dagang.[2]

Déskripsi

édit

Sipoah diwangun ti susunan sawatara siki sarigsig kai paralél anu perenahna dina hiji carangka atawa pigura.[2] Susunan sarigsig ieu biasana kabagi jadi dua jajar. Anu dipisahkeun ku hiji pangwates anu arahna ajeg lempeng kalayan sarigsig tadi.[2] Dina barisan anu perenahna di handapeun pangwates saban sarigsig ngeusi lima siki manik-manik, sedengkeun barisan anu perenahna di luhur pangwates, saban sarigsig ngeusi dua siki manik-manik.[2] Sarigsig téh perenahna aya di pangkatuhuna ngawakilan satuan-satuanna, atawa saban manik-manik nilaina téh hiji.[2] Sarigsig anu aya di belah kéncana ngawakilan puluhan nepi ka saban manik-manik nilaina téh sapuluh , sarta kitu saterusna, ka arah kénca saban sarigsig ngawakilan kelompok bilangan kalipetan sapuluh. Kitu ogé dina sarigsig anu perenahna dina bagian katuhu luhur pangwates luhur ogé nilaina hijian , tapi saban manik-manik ngawakilan angka lima.[2] Jeruji palebah kéncana ogé nilaina puluhan, atawa saban manik nilaina lima puluh sarta saterusna.[2]

Sajarah Sipoah

édit

Abakus geus aya saprak taun 1100 SM sarta bisa dikira-kira kapanggih ku bangsa Babilonia anu saterusna dimekarkeun ku bangsa Romawi.[2] Abakus mimitian dipaké di Éropa, Arab, sarta Asia dina abad pertengahan, utamana dina perdagangan.[2] Saprak kapanggih notasi sistem angka Hindu, Arab, sipoah mimiti ditinggalkeun.[2] Tapi nepi ka ayeuna sipoah masih dipaké ku bangsa Cina, Koréa, sarta Jepang, dina itungan dagang maranéhanana.[2] Di Indonésia pamakéan sipoah ogé mimitian sumebar deui dipaké kalayan dibukanya loba tempat kursus anu ngajarkeun pamakéan simpoa. Pangawasaan baris simpia nyieun para pelajar leuwih gancang dina ngerjakan soal aritematika.[2]

Rujukan

édit
  1. Panitia LBSS. 2007. LBSS Kamus Umum Basa Sunda. Geger Sunten. Kaca 445
  2. a b c d e f g h i j k l m Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve