Sirit, bebel, atawa purusa hartina organ sapatemon jalu jeung, pikeun mamalia, organ jalu pikeun kiih. Sirit homolog jeung itil awéwé, sabab tumuwuh tina struktur émbrionik nu sarua. Sirit mangkreng pikeun pungsina nalika sapetemon.

Sirit sato

édit

lolobana marsupial, iwal dua spésiés kangguru pangbadagna, mibanda sirit bifurcated: kabagi jadi dua kolom nu misah, antukna tungtung siritna nyagak. Lumba-lumba mibanda kontrol prehensile kana siritna, antukna kadang dipaké salaku sénsor pikeun mariksa dasar sagara. Kéong mibanda sirit pangpanjangna saluyu jeung panjang awakna: nepi ka dua puluh kalieun panjang awakna.

Musium Falologis Islandia (Icelandic Phallological muséum) di Reykjavik ngahususkeun diri kana nalungtik sirit sasatoan.

Sirit manusa

édit
 
Sirit manusa

Sirit manusa béda ti sirit sababaraha mamalia séjén sabab teu mibanda tulang mangkreng erectile bone, sagemblengna ngandelkeun aliran getih sangkan mangkreng, teu bisa ngelok kana palangkakan, sarta leuwih badag batan rata-rata dibandingkeun jeung beurat awak.

Struktur

édit

Sirit manusa diwangun ku tilu kolom jaringan pamangkreng:

Mangkreng

édit

Mangkreng hartina jadi heurasna sirit nu lumangsung nalika hiji jalu karangsang. Mangkrengna sirit ngabisakeun sapatemon, sanajan teu kudu, sarta sababaraha kagiatan séksual séjénna.

Tempo ogé

édit