Siwur nyaéta parabot paranti nyiuk cai tina jero gentong, dijieunna tina batok kalapa anu dibeulahkeun luhurna, nepi ka wangunna buleud cekung[1]. salah sahiji sisina dibéré panyekelan anu dijieunna tina awi atawa kai[1]. Siwur umumna ditunda dina luhureun gentong atawa dikaitkeun kana témbok dapur[1]. Kiwari pamakéan siwur geus mimiti kaéréh kaganti ku gayung anu dijieunna tina palastik atawa kaléng[1][2].Siwur dipaké pikeun nyiuk cai, misalna tina gentong[2].Aya sababaraha upacara adat anu maké siwur nyaéta ngamandian awéwé nalika nujuh bulanan jeung siraman nalika saméméh ijab kabul[2]. Siwur di daérah Tasikmalaya dijadikeun barang karajinan anu wangunna ngirut ati[2]. Aya sababaraha istilah nu maké kecap siwur, di antarana nyaéta kakait siwur atawa gantung siwur anu hartina téh turunan ka tujuh dina hiji sistem kekerabatan kulawarga Sunda jeung turunan ka salapan dina sistem kekerabatan sélér sasak[3][4]

ReferensiÉdit

  1. a b c d [Tim Peneliti Proyek Pengkajian dan Pembinaan Nilai-nilai Budaya Jawa Barat.2000. Kebudayaan Masyarakat Sunda di Kabupaten Lebak Jawa Barat. Bandung: CV. MANFADA UTAMA kaca 111]
  2. a b c d Rosidi Ayip, spk.(2000) Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia dan Budaya.Jakarta: Pustaka Jaya kaca 602]
  3. Sekuren dan Sorohan:Keluarga dan kekerabatan suku sasak Nusa Tenggara Barat(diakses 2 November 2011)
  4. Belajar sistem Kekerabatan Suku Sunda(diakses 2 November 2011)