Sulfasalazin
Ngaran sistimatik (IUPAC)
2-hydroxy-5-[(E)-2-{4-[(pyridin-2-yl)sulfamoyl]phenyl}diazen-1-yl]benzoic acid
Identifiers
Nomer CAS 599-79-1
Sandi ATC A07EC01
PubChem 5339
DrugBank DB00795
ChemSpider 10481900
Data kimia
Rumus C18H14N4O5S 
Mass. mol. 398.394 g/mol
Synonyms Sulphasalazine
Data fisika
Titik lééh 240–245 °C (464–473 °F) (dec.)
Data farmakokinetik
Bioavailabilitas <15%
Metabolisme ?
Waktu paruh 5-10 jam
Eksresi ?
Therapeutic considerations
Kat. kehamilan

A(AU) B(US)

Legal status

POM(UK) -only(US)

Jalur ngaliwatan baham

Sulfasalazin nyaéta ubar antiperadangan nu dipaké pikeu nurunkeun gejala radang usus atawa kolitis ulseratif nu mangrupa nyeri beuteung, panas awak, diaré, atawa pendarahan dina bagian tungtung usus gedé (rektum).[1][2]

Kagunaan

édit

Sulfasalazin ieu teu bisa ngubaran kasakit radang usus ngan ngabantuan nurunkeun gejala nu karasa. Salian ti éta, sulfazalazin ogé bisa dipaké pikeun nanganan rheumatoid arthritis nu teu bisa diubaran ku pangobatan séjén.[1] Ubar ieu gawé kucara nguranngan iritasi jeung bengkak di usus gedé, sarta ngabantu ngurangan nyeri sendi, pembengkakan, jeung kakakuan. Pengobatan dini artritis rheumatoid bisa ngabantu ngurangan atawa nyegah karusakan sendi nu leuwih parna, ku kituna urang bisa ngalakukeun aktifitas sapopoé sacara normal. Ubar ieu dipaké jeung ubar séjén, istirahat, sarta ngalakukeun térapi fisik ka pasén nu can ngaréspon kana ubar séjén (salisilat, nonsteroidal anti-inflammatory drugs- NSAID).[1][3][4] Ubar ieu ogé biasa dipaké pikeun ngubaran jenis panyakit usus lianna nu disebut panyakit Crohn.[4]

Cara maké

édit

Nginum ubar ieu ngaliwatan baham,tablét atawa kapsul salut enterik sulfasalazin hadéna diinum sanggeus dahar ku sagelas cai hérang ( 8 ons nepi ka240 ml) atawa saluyu jeung nu dianjurkeun ku dokter.[1][5] Telen tablét atawa kapsul sacara utuh, tong dibubukeun atawa digayem heula kusabab cara éta bisa ningkatkeun kamungkinan nyeri beuteung. Pikeun nyingkahan nyeri beuteung, biasana dokter bakal ningkatkeun dosis sacara saeutik-saeutik , dosis dumasar kana kaayaan kaséhatan pasén, sarta réspon kana térapi, sadengkeun pikeun budak leutik dosis gumantung kana beurat awak pasén.[3][4] Usahakeun nginum ubar ieu dina waktu nu saru unggal poéna, mun kapohoan teu nginum ieu ubar, gera inum ubar ieu mun sakirana jarak ka nginum nu satuluyna jauh kénéh, mun geus deukeut jarakna ulah diinum sarta ulah ngagandakeun dosis ubar ieu dina waktu sanggeusna. Ulah eureun nginum ubar ieu salian ti anjuran dokter.[1][4]

Inum loba cai wanci keur ngonsumsi ubar ieu, kusabab cara ieu bisa matuan nyingkahan panyakit batu ginjal. Béré nyaho dokter mun kaayaan euweuh kamajuan atawa beuki parna. Pikeun parawatan rheumatoid arthritis, bisa jadi merlukeun waktu 1-3 bulan saacan urang kamajuan tina gejala. [1]

Ngaran lian

édit

Ieu di handap sababaraha ngaran lian tina sulfasalazalin:[2]

  • Salazosulfapiridina
  • Salazosulfapyridine
  • Salazosulfapyridinum
  • Salicylazosulfapyridine
  • Sulfasalazin
  • Sulfasalazina
  • Sulfasalazine
  • Sulfasalazinum

Interaksi ubar Sulfasalazine

édit

Ubar séjén

édit

Interaksi ubar ieu bisa ngarobah gawé ubarna sarta ningkatkeun résiko éfék samping nu leuwih parna.Sok sanajan sababaraha ubar teu bisa dipaké dina waktu nu babarengan, dina kasus séjén dua ubar nu béda bisa jadi meunanng dipaké dina waktu nu barengan sanajan bisa nyababkeun interaksi antar ubar. Penting pikeun ngajéntrékeun heula ka dokter atawa apoteker ngeunaan ubar nu keur dikonsumsi boh vitamin atawa ubar herval. Ieu di handap sababaraha conto interaksi ubar antara sulfasalazin jeung ubar lianna:

  • Methenamine: Teu dianjurkeun pikeun maké ubar ieu babarengan jeung sulfasalazin. Ngagabungkeu ubar ieu bisa nyababkeun kabentukna kristal dina urin.[6]
  • Mercaptopurine: Maké ubar ieu babarengan jeung sulfasalazin bisa ningkatkeun résiko mercaptopurine. tepungan dokter mun anjeun ngarasakeun gejala kayaning diaré, lieur, sebel, pendarahan, panas awak, katirisan atawa tanda-tanda interaksi lianna. Lamun dokter ngaresepkeun ubar ieu babarengan, anjeun butuh dosis nu disaluyukeun atawa tes hudud pikeun pamakéan ubar ieu. [7]
  • Teriflunomide: Bisa ningkatkeun résiko éfék samping nu mangaruhan fungsi sumsum tulang anjeun, nu matak jumlah sél-sél getih nu béda jumlahna jadi saeutik. Bisa nyababkeun anjeun anémia, masalah pendarahan, atawa inféksi.[8]
  • Tolazamide: Pamakéan sulfasalazin jeung insulin bisa ningkatkeun résiko hipoglikemia, atawa gula darah rendah. Gejalana kaasup nyeri sirah, lieur, tunduh, geumpeur, kabingungan, trémor, leuleus, sarta ngaratug jantung.[9]
  • Digoxi: Pamakéan sulfasalazin jeung digoxin bisa ngurangan pangaruh digoxin.[10]
  • Cyclosporine: Lamun dipaké babrengann jeung ieu ubar bisa ningkatkeunn résiko panolakan organ patali jeung tingkat cyclosporine nu leutik. Kombinasi ieu bisa ningkatkeun éfék samping bahaya pikeun ginjal. [11]
  • Warfarin: Pamakéan warfarin bareng jeung sulfasalazin bisa ningkatkeun résiko pendarahan, utamana pikeun nu geus kolot atawa nu miboga gangguan ginjal.[12].

Kaayan kaséhatan

édit

Ayana masalah kaséhatan lianna dina awak bisa mangaruhan pamakéan ieu ubar. J'entr'ekeun ka dokter mun anjeun miboga kaayan kaséhatan kayaning:[13]

  • Alérgi kana ubar sulfa atawa salicylates
  • Panyumbatan usus
  • Porphyria (masalah dina énzim)
  • Panyumbatan dina kandung kemih.
  • Asma: paké kalawan ati-ati kusabab bisa ningkatkeun résiko alérgi.
  • Masalah dina getih atawa tulang sumsum (misal, agranulocytosis, aplastic anemia)
  • Panyakit ginjal
  • Panyakit Kawaya/hati
  • Kakurangan Glucose-6-phosphate dehydrogenase (G6PD) —bisa nyababkeun hemolytic anemia (kalainan getih)
  • Inféksi: Bisa nurunkeun kamampuan awak dina ngalawan inféksi.

Éfék samping

édit

Éfék samping mangrupa hiji éfék nu teu dipiharep tina ubar. Éfék samping ieu bisa mangrupa-rupa di sababaraha jalma gumantung kana kaayaan panyakit, umur, beurat awak, jinis kelamin, étnis, jeung sababaraha kaayaan kaséhatan lianna. Ieu di handap sababaraha éfék samping nu bisa karasa sanggeus nginum sulfasalazin:[4][14]

  • Ngarasa teu ngeunah awak
  • Ngurangan napsu dahar
  • Nyeri sirah
  • Nyeri beuteung
  • Diaré
  • Batuk
  • Hésé saré
  • Ruam kulit nu karasa ateul
  • Tinnitus
  • Nyeri dina baham
  • Gangguan indera parasa.
  • Nyeri otot
  • Nyeri dada
  • Darah dina tinja atawa urin
  • Kulit malegar

Tutumbu luar

édit

Rujukan

édit
  1. a b c d e f "Drugs & Medications". www.webmd.com. Diakses tanggal 2020-06-04. 
  2. a b "Sulfasalazine". www.drugbank.ca. Diakses tanggal 2020-06-04. 
  3. a b "Sulfasalazine: MedlinePlus Drug Information". medlineplus.gov. Diakses tanggal 2020-06-04. 
  4. a b c d e "Sulfasalazine". Alodokter. Diakses tanggal 2020-06-04. 
  5. "Sulfasalazine Uses, Side Effects & Warnings". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-04. 
  6. "Methenamine and sulfasalazine Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-05. 
  7. "Mercaptopurine and sulfasalazine Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-05. 
  8. "Sulfasalazine and teriflunomide Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-05. 
  9. "Sulfasalazine and tolazamide Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-05. 
  10. "Digoxin and sulfasalazine Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-05. 
  11. "Cyclosporine and sulfasalazine Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-05. 
  12. "Sulfasalazine and warfarin Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-05. 
  13. "Sulfasalazine : Fungsi, Dosis, Efek Samping, Cara Pakai". Hello Sehat (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-06-04. 
  14. "Sulfasalazine Side Effects: Common, Severe, Long Term". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-05.