Topéng Bali
Topéng Bali nyaéta wangun dramatisasi anu aya di Provinsi Bali pikeun nepikeun hiji atawa loba makna anu saéstuna ngagambarkeun ilustrasi kahirupan manusa di Bali.[1] Di Bali hususna, topéng Bali bisa mangrupa barongket, barong macan, barong bangkal, barong lembu, atawa kedok anu dipaké pikeun kabutuhan drama tari Bali.[2]
Sajarah
éditDI mangsa pra-sajarah pintonan topéng sifatna magis, mitos jeung religius anu fungsi utamana nyaéta pikeun muja karuhun. Dumasar kana kapercayaan animismeu, topéng disawang geu asa di mangsa pra-sajarah tapi kecap topéng kapanggihna di prasasti abad ka-9.[3] Sawangan ngeunaan munculna topéng babad bisa dipastikeun abad ka-17 dina pamaréntahan Dalem Sagening anu maréntah karajaan Gelgel ti taun 1580-1665, kalawan pangibingna I Gusti Pering Jelantik.[3] Pakar di Bali biasana ngagunakeun opat vérsi ngeunaan gumelarna topéng di Bali.
- Prasasti Bebetin taun 896 M zaman Raj Ugraséna di Bedulu.
- Munculna topéng salaku bagéan tina purwaning kalangwan saperti anu ditulis di lontar (ayeuna buku) Siwagama.
- Gumelarna dramatari topéng ngeunaan Raja Waturenggong anu mimpin karajaan Gelgel pikeun ngutus Patih Ularan ka Jawa Wetan. Diutus pikeun perang ngalawan karajaan Blambangan sarta nyokot topéng salaku hasil perang.
- Topéng asalna ti Sanghyang Legong. Ayana ibing topéng bisa disusur ti asal-usul topéng sakral di Ketewel.[1]
Iwal ti dinya, dina Negara Kertagama, buku raja-raja abad ka-14 ogé nyebutkeun ngeunaan topéng. Caritana ngeunaan Panji ti jeung gala jeung Candra Kirana ti Daha.[1] Disebut ogé yén barong di Bali nyaéta turunan tina ibing singa anu aya di Cina atawa barongsai anu muncul mangsa Dinasti T'ang (abad ka-7 nepi ka 10 M) jeung sumebar ka sababaraha nagara Asia Timur.[1]
Klasifikasi Topéng Bali
éditTopéng Bali bisa diklasifikasikeun ku sababaraha bagian nyaéta baris ditataan saperti ieu di handap:[3]
- Karakter atawa tipe psikologis,
- Unsur pasemon
- Strukturna
- Kontéksna
- Zamanna
- Numutkeun genre seni pintonan. Aya lima rupa topéng Bali ditilik tina aspék kagenep nyaéta: Brutuk, Barong & Rangda, Telek & Jauk, Wayang Wong, jeung Dramatari Topéng.[4] Barong & Rangda ogé kabagi deui jadi tilu, nyaéta Barong, Barong Landung jeung Calonarang. Wayang Wong kabagi jadi dua, nyaéta Wayang Wong Parwa jeung Wayang Wong Ramayana.[4] Sedengkeun Dramatari Topéng numutkeun jumlah pangibing jeung makéna topéng dibagi tilu, nyaéta Topéng Pajegan, Topéng Panca, jeung Topéng Prembon.[3][4]
Prosés Nyieun Topéng Bali
éditAspék sakral tina hiji topéng iwal ti fungsina, ogé ditambahan ku kalakuan seniman anu nyieunna, kayu nu dipakéna, tulisan magis anu ditulis di jerona, kakuatan spiritual/Dewata anu diasupkeun ka jerona ngaliwatan upacara Pasupati, sarta sagala rupa upacara anu ngabarung unggal tahap dijieunna nepi ka bérésna hiji topéng.[5]
- Mimiti prosés motong kai nepi ka mahat kudu di mimitian ku upacara.[5]
- Sanggeus bentuk topéng jadi, dilaksanakeun cudamani atawa masang huntu jeung taring tina kulit kerang.[5]
- Prosés ngawarnaan ngagunakeun 9 warna Bali anu dijieun tina bahan alam.[5]
- Topéng dilapisan ancur nepi ka sapuluh lapis anu disebut ngapon.[5]
- Saterusna prosés méré fernis sangkan lila jeung ngagurilap.[5]
- Pamasangan unsur-unsur séjén saperti masang halis, kumis, janggot, jeung jambang.[5]
- Anu pamungkas dibéré prade dina bagéan hiasan topéng jeung cudamani.[5]
Nalika topéng geus bérés, lamun wujudna topéng Barong, Rangda jeung Sidakarya topéng bakal dihirupkeun deui ngaliwatan upacara Ngutpeti dina sababaraha tingkatan.[3] Tingkatan-tingkatanna baris ditataan saperti ieu di handap:[3]
- Upacara Prayascita jeung Melaspas
- Upacara Ngatep jeung Masupati
- Upacara Masuci atawa Ngerehin
- Pamungkas nyaéta upacara pemberkatan ngaliwatan cai suci (tirta)[3]
Rujukan
édit- ↑ a b c d Bandem, I Madé. 2001. The Other Face of Humanity. Rex Book Store. Inc: Philippines
- ↑ Agus, Sri.2007. Antropologi SMA Program Bahasa. Jakarta: Ganeca
- ↑ a b c d e f g Kodi, I.K. 2006. Topeng Bondres Dalam Perubahan Masyarakat Bali: Suatu Kajian Budaya. Unpublished Master Thesis. Universitas Udayana.
- ↑ a b c Catra, Nyoman. 1996. Topeng: Mask Dance-Drama as a Reflection of Balinese Culture. A Case Study of Topeng/Prembon. M.A. Thesis, Emerson College.
- ↑ a b c d e f g h Putra, I Dewa Gde. 1977. Teknik Pembuatan Tapel Tradisional Bali. Proyek Sasana Budaya Bali. Denpasar.