Buka ménu utama

Wangunan Sunda nyaéta wangunan anu aya tur diaku salaku tempat cicing, usaha, tur pamaréntah di tatar Sunda. Cirina nyaéta konsép wangunan anu luyu jeung kaayaan alam jeung pangabutuh balaréa di tatar Sunda.

Wangun Suhunan jeung AdeganÉdit

Tipologi (rupa wangunan), utamana ditoong di rupa suhunanana. Ieu kabéh dina modél aslina, panggung.

 
Salah sahiji bentuk wangunan imah tradisional Sunda, di-scan tina buku carita Rusdi jeung Misnem.
  • Suhunan jolopong: suhunan nu lempeng. Mun basaIndonésiamah, atap pelana. Siga pelana kuda. Kaci ogé disebut régol.
  • Jogo anjing: upami hoyong terang rupana siga kumaha, pilari heula anjing, terus sina jogo. mun teu daékeun, olo. Tah, mun geus jogo, siga modél imah nu ieu, atawa tibalik, modél imah kieu, siga anjing keur jogo diténjo ti gigir. Suhunan hareup (nu siga bangus anjing) ngiuhan émpér imah.
  • Badak heuay: nu hoyong apal kumaha wanda imah nu siga badak heuay, walah hésé ieu mah, kudu nganjang ka Ujung Kulon heula. Ari dedegna mah rada deukeut ka jogo anjing, ngan luhureun sirahnya aya ceulian-susuhunan tambahan, kahareup.
  • Parahu kumureb: nya siga tangkuban parahu pisan, trapesium tibalik di Tomo Sumedang, disebutna jubleg nangkub.
  • Julang ngapak: julang téh ngaran manuk. dipaké ku Maclain Point jang nyieun aula kulon-aula wétan ITB. Nya manéhna nu nyebut ieu modél téh ciri suhunan Sunda Besar. Julang ngapak mun diténjo ti hareup, suhunan kénca katuhuna siga jangjang manuk julang-suhunanana opat nyambung nu di sisi nyorondoy. Sambunganana di tengah, maké tambahan siga gunting muka di punclutna.
  • Buka palayu: suhunan sigan imah Betawi aya émpér panjang dihareup.
  • Buka pongpok: rada mirip buka palayu, ngan pantona dirobah ka arah jalan.

Rupa-rupa Wangunan jeung PamakéananaÉdit

  • Umum:
    • gedong: imah alus tur badag anu biasana ditémbok
    • joglo: adegan imah leutik basajan
    • balé kambang: iimahana anu diwangun disaluhureun balong, jsb. ('kambang' --> 'ngambang')
    • poporogok: imah siga saung, leutik tapi lumayan
    • pakuwon: pakarangan tur imah nu sorangan
    • ranggon: saung anu luhur pisan kolongna atawa anu diwangun dina tangkal kai nu luhur
    • régol: panto gedé lawang pakarangan (en:gate, de: tor)
    • saung: adegan leutik, biasana teu didindingan, ayana di sawah, kebon, paranti reureuh.
  • Pamaréntahan:
    • babancong: wangunan leutik di sisi alun-alun baheula, panggung paragi gegedén, ayeuna mah siga tempat nu nongton kelas VIP di stadion.
    • balandongan: adegan samentara pikeun narima sémah dinu hajat atawa tempat hiburan.
    • balé désa: kantor pamong désa
    • balé kota: kantor walikota atawa bupati
    • balé watangan: pangadilan
    • gedong songko: imah bupati baheula
    • kadaton, karaton
    • pandapa: tepas lega bagian hareup gedong kawadanaan, balé kota, jsb.
    • kaputrén: bumi jeung pasaréan putri raja
    • kaputran: bumi jeung pasaréan putra raja
    • bénténg: adegan anu tohaga, biasana ngurilingan kota pikeun nahan panarajang musuh
    • bui, panjara: paragi ngerem jelema nu meunang hukuman.
  • Transportasi:
    • hanggar: minangka garasi pikeun kapal udara
    • stasion: pangeureunan karéta
    • halteu: pangeureunan beus
  • Tatani jeung Dagang:
    • jongko, warung: tempat dagang, di pasar biasana eusina pinuh ku jongko
    • palalangon: saung luhur di leuweung atawa di huma paranti ngintip sato atawa nungguan huma
    • leuit: gudang tempat nyimpen paré
    • gosali: tempat gawéna panday
    • bédéng: imah-imah atawa adegan leutik paragi nu digarawé proyék wangunan jeung di kebon
  • Sato:
    • pakandangan: kandang gedé atawa nu loba kandang
    • gedogan, istal: kandang kuda
    • karapyak: kandang munding atawa sapi nu dikurilingan ku pager
    • pagupon: kandang japati
    • paranjé: kandang hayam
  • Ibadah:
    • langgar, tajug

Babagéan dina wangunan SundaÉdit

 
Babagéan wangunan Sunda

1. Suhunan, kai nu dipasang manjang pangluhurna dina wawangunan minangka tempat patepungna hateup atanapi kenténg ti unggal bagianana. Dina luhureun suhunan sok dipasang wuwung atanapi tutup. Ukuran badagna suhuna ilaharna sami sareng ukuran tihang, 10x10 cm.

2. Kaso-kaso (usuk, layeus), kai (awi guluntungan) nu dipasangna déngdék minangka pananggeuy eréng, panjangna salegana wawangunan ti lebah suhunan dugi kana panyawéran. Mérés sapanjangna suhunan ditanggeuy ku gordéng (panglari) di tengah, napel kana suhunan di luhur, dipageuhan kana pamikul di bagian béh tungtung handapna. Ukuranana ilaharna 4x6 cm.

3. Eréng, kai (awi wilahan) kanggo numpangkeun kenténg atanapi talahab. Dipasangna dipageuhan ditumpangkeun luhureun kaso-kaso, panjangna sami sareng panjang suhunan. Ukuran eréng kai aya nu 2x3 cm aya ogé nu 3x4 cm.

4. Gordéng atanapi panglari, kai (awi guluntungan) nu dipasangna ditumpangkeun dina kuda-kuda, manjang sapanjangna suhunan (babagian erénganeun). Gunana kanggo nanggeuy bagian tengah jajaran kaso-kaso. Ukuranana satengaheun badagna bahan suhunan. Ilaharna 5x10 cm d.k 7x10 cm.

5. Pangeret, kai (awi guluntungan) nu dipasang malang salegana bagian lebet wawangunan, sakantenan kanggo nyicingkeun adeg-adeg, ander, sareng kuda-kuda, katut nanggeuy pamikul. Ukuranana sami sareng suhunan.

6. Pamikul, kai (awi guluntungan) nu dipasang di sisi luhur wawangunan di béh tungtung panggeret, minangka pananggeuy bagian béh tungtung handap kaso-kaso. Panjangna sapanjangna wawangunan, badagna sami sareng ukuran suhunan.

7. Tihang, kai (awi guluntungan) nu dipasang ajeg di unggal babagian kuda-kuda minangka deudeul kana panggeret boh di béh tungtung boh di tengahna. Panjangna sajangkungna rohang wawangunan. Upami pondok teuing tihangna, wawangunan téh katingal depek. Kana tihang sok dijugang-jugangkeun siku-siku tina pamikul sareng tina panggeret malar rangkay weweg.

8. Darurung (dalurung), kai (awi guluntungan) nu dipasang di bagian sisi handap sakuriling wawangunan malebahan kana tihang. Darurung gunana mageuhan puhu tihang sareng nyicingkeun dolos katut nanggeuy pananggeuy.

9. Dolos, kai (awi guluntungan) paranti nyicingkeun jajaran pananggeuy. Supados henteu ngemplad dolos sok ditunjel bagian tengahna ku tihang pondok nu disebat deudeul.

10. Pananggeuy, kai (awi guluntungan) nu dipasang ditumpangkeun dina dolos di bagéan tengahna, kana darurung di bagéan tungtungna; gunana paranti numpangkeun jajaran lanté (papan). Nu lanténa ku palupuh (talupuh) sok dipasang heula jajaran sarang.

11. Balagbag, papan nu dipasang diamparkeun luhureun darurung minangka lanté. Aya ogé anu ku palupuh (talupuh) nyaéta awi guluntungan nu dibeulah, dicacag, dibébérkeun. Mung masangna kedah nganggo heula jajaran sarang.

12. Tatapakan, batu diwangun pasagi minangka ganjel puhu tihang supados tihangna henteu napak langsung kana taneuh. Ukuran jangkungna 35 - 40 cm, 15 - 17 cm pasagian luhurna, 20 cm pasagian handapna.

13. Lisplang, papan nu dipasang dina tungtung usuk.

14. Siku-siku, kai (awi guluntungan) nu dipasang antara tihang sareng panggeret atanapi pamikul malar pageuh masékon. Aya ogé nu dipasang antara adeg-adeg sareng suhunan, deudeul sareng pananggeuy.

15. Dadagel, kai pondok minangka dadampar adeg-adeg kana panggeret. Dadagel sok dicokrah saadeg-adegeun malar adeg-adegna teu ingkah.

16. Simeut meuting, kai anu wangunna jiga awak simeut keur cicing, ditapelkeun di tengah kuda-kuda minangka ganjel gordéng sangkan papak kana suhunan katut pamikul.

17. Adeg-adeg, kai (awi guluntungan) pangdeudeul suhunan. Nincakna kana panggeret didadamparan ku dadagel, ditunjel ku kuda-kuda. Di congona sok dicokrah kanggo merenahkeun suhunan, ari puhuna dipupurus kana dadagel. Kanggo ngawedelan nangtungna adeg-adeg disiku kana suhunan sarta disolémpang kana adeg-adeg peuntaseunana.

18. Deudeul, kai (awi guluntungan) tunjel pananggeuy sangkan teu ngemplad.

19. Galar (palang dada), kai (awi guluntungan) nu dipasang némprak dina lolongkrang tihang sareng tihang, jadi pamuntangan dinding (bilik, gedég) sareng merenahkeun jandéla. Ukuran galar ilaharna satengaheun badagna tihang.

20. Kuda-kuda, kai (awi guluntungan) anu dipasang déngdék ti bagian luhur adeg-adeg dina tungtungna ka bagian tungtung panggeret palebah tihang wangunan dina tungtung nu sanésna. Di bagian tengahna ditunjel ku ander, dijugsngkeun kana puhu adeg-adeg.