Warugan Lemah mangrupa padika ngawangun pilembureun dina basa Sunda buhun. Aya 18 modél topografi lahan nu kaunggel dina téks nu bisa dijieun lembur, 4 di antarana dianggap alus, 14 lianna dianggap goréng. Sanajan kitu, lain hartina sakabéh nu goréng henteu bisa dijieun panganjrekan, tapi diperlukeun ayana upacara jeung mantra-mantra pikeun nyingkahan sagala mamala tina rupa wangun lemah nu dianggap goréng téa.

Naskah Lontar berbahasa Sunda Kuno koleksi Perpustakaan Nasional

Rupa-rupa Warugan Lemah édit

  1. Talaga Hangsa (talaga jeung soang). Topografi lemah nu déngdék ka kénca (kalér), kaasup alus, ku sabab bisa ngadatangkeun kanyaah deungeun-deungeun.
  2. Banyu Metu (cai bijil). Topografi lemah déngdék ka tukang (kulon), goréng mawatna, ngajadikeun nu dipiara moal jadi.
  3. Purba Tapa (mimiti tapa). Topografi lemah déngdék ka hareup (wétan), kurang hadé, ngabalukarkeun leungiteun simpati batur.
  4. Ambek Pataka (pikiran jahat). Topografi lemah nu déngdék ka katuhu (kidul), kurang hadé, ngabalukarkeun batur nyeri haté.
  5. Ngalingga manik (puncak manik). Topografi lemah nyungcung, kaasup hadé, nu bumén-bumén di dinya bakal dipikanyaah déwata.
  6. Ngalingga manik (puncak manik). Topografi lemah nyungcung, kaasup hadé, nu bumén-bumén di dinya bakal dipikanyaah déwata. yang membentuk puncak dengan lahan pemukiman berada di puncaknya. Termasuk topografi tanah yang baik, karena menjadikan penduduknya diperhatikan oleh dewata. Pada tanah seperti inilah Bujangga Manik (BM), seorang peziarah Sunda abad 16, mengakhiri kehidupannya. Dalam teks BM (baris 1404-1406), rahib kelana ini berharap menemukan tanah kabuyutan, yaitu tanah yang menyerupai puncak permata (ngalingga manik).
  7. Singha Purusa (singa perkasa). Topografi lemah nu motong pasir, kaasup hadé, matak meunang dina perang campuh.
  8. Sri Madayung. Topografi lemah di antara dua aliran cai, kurang hadé, diwayuh ku wanoja.
  9. Sumara Dadaya. Topografi lemah datar, sarua jeung galudra ngupuk (Ensiklopedi Sunda, 2000:227), kaasup hadé, ku sabab ngajadikeun rama mindeng ngalongokan.


Naskahna édit

Naskah WL téh kiwari diteundeun di Perpustakaan Nasional, kalawan nomor koléksi L 622. Diteundeun dina peti nomor 88. Jumlah lambaranana ngan tilu lambar, opat jajar unggal lambaranana, turta ditulisna bolak-balik (recto-verso). Ukuran naskahna mah 28,5 x 2,8 cm. Téks WL ditulis dina wangun prosa. Aksara nu digunakeun dina ieu naskah téh aksara Sunda buhun, nu wangunna sarupa jeung aksara nu digunakeun dina prasasti Kawali. Ciri mandiri nu ngabédakeun jeung naskah-naskah Sunda buhun nu séjén nyaéta lebah tanda payukuna (vokalisasi u). Dina naskah WL mah panyukuna téh ditulis ku tanda (.) di handapeun aksara ngalagena, lain ku tanda sisiku handapeun aksara ngalagena sakumaha nu ilahar dina téks-téks Sunda buhun nu lian. Ieu téh nimbulkeun pasualan dina macana, angot mun manggih lambaran naskah nu rada barolong mah. Basa nu digunakeunana basa Sunda buhun, sok sanajan aya sawatara istilah anu raket patalina jeung basa Jawa buhun atawa Sansekerta.

Rujukan édit

Aditia Gunawan. 2010. ‘Warugan Lemah: pola permukiman Sunda Kuna’. In Perubahan Pandangan Aristokrat Sunda dan Essai-essai lainnya mengenai Kebudayaan Sunda, 147–81. Sundalana 9. Bandung: Pusat Studi Sunda.


 
Daptar Naskah Sunda Kuno  
Amanat Galunggung - Bujangga Manik - Carita Parahiyangan - Carita Purnawijaya - Kawih Pangeuyeukan - Carita Ratu Pakuan - Carita Waruga Guru - Kawih Paningkes - Pantun Ramayana - Sanghyang Hayu - Sanghyang Raga Déwata - Sanghyang Sasana Maha Guru - Sanghyang Siksa Kandang Karesian - Séwaka Darma - Sri Ajnyana - Tutur Bwana - Warugan Lemah