Alun-alun Garut mangrupa puseurna kota Garut.[1] Miboga pola nu sarua jeung alun-alun di tempat lianna kayaning aya masjid agung, pangbérokan, pendopo, tangkal caringin, sarta sabudeureunana diwatesanan ku jalan.[2]
Di kiduleun alun-alun aya pendopo nu pungsina minangka imah dines Bupati Garut sarta tempat bupati ngayakeun lawungan-lawungan jeung para pajabat nu aya sahandapeunana atawa tempat narima tatamu jeung gegedén.[2]

Alun-alun Garut ditingali ti Masjid Agung Garut
Babancong Alun-alun Garut

Di hareupeun pendopo aya babancong.[2] Ieu wangunan mirip jeung pasanggrahan nu wangunna panggung.[2] Dina tata kota tradisional di Tatar Sunda, babancong mangrupa bagéan tina alun-alun perenahna dikiduleun alun-alun.[1] Jaman baheula babancong miboga pungsi minangka tempat para gegedén ningali raraméan nu aya di alun-alun atawa dipaké tempat biantara.[2] Di ieu babancong, présidén munggaran RI, Soekarno nyebutkeun yén Garut téh kota intan, ku lantaran kaayaan di Garut nu kacida bérésihna.[1]
Babancong miboga kolong nu jangkungna kurang leuwih 2 méter.[3] Tangga jeung panto asup babancong alun-alun Garut aya di tukang.[1] Éta tangga bisa katingali ti hareupeun pendopo tapi teu katingali ti alun-alun.[1] Nepi ka kiwari ogé babancong masih kénéh dipaké tempat diuk para pajabat nalika di alun-alun dilaksanakeun rupa-rupa upacara.[3]
Di kuloneun alun-alun aya Masjid Agung Garut nu kacida agréngna.[3] Baheula ieu masjid dingaranan masigit.[3] Kuloneun masjid agung aya makam para bupati Garut saperti makam gegedén Limbangan R.H.Moehamad Moesa, jeung R.A.A. Wirata-nudatar sarta garwana Radén Ayu Lasminingrat.[3]
Di kaléreun alun-alun aya Kantor Pembantu Gubernur Wilayah Priangan (Bakorwil).[3] Éta kantor mimitina mah Kantor Asistén Résidén Belanda keur daérah Priangan.[3] Sedengkeun di wétaneun alun-alun aya pangberokan nu kiwari masih kénéh dipungsikeun minangka Lembaga Permasyarakatan (LP).[3]
Di ieu pangberokan sawatara pajoang Garut boh di jaman Walanda boh di jaman Jepang diasingkeun lantaran nangtang kana pamaréntahan kolonial sarta tuluy tinuluy ngusahakeun kamerdekaan.[3] Salah saurang nu mindeng diasupkeun ka ieu pangberokan nyaéta K.H. Musatafa Kamil, ulama Garut nu mindeng ngalawan kana kawijakan pamaréntahan kolonial.[3]
Baheula, di kaléreun alun-alun aya hiji monumén nu diwangun pikeun miéling hiji inohong nu gedé pangaruhna dina pangwangunan Garut, Karel Frederik Holle, sobatna Moehamad Moesa.[3] Dina salah sahiji sisina aya relief gambar Holle jeung sawatara kekecapan nu ngébréhkeun jasa-jasana.[3] Éta monumén dirugrugkeun nalika pamaréntahan Jepang.[3]
Kiwari, alun-alun dijadikeun sarana umum.[3] Salian ti digunakeun minangka tempat upacara kanagaraan, loba jalma nu ngamangpaatkeun alun-alun minangka tempat ngaso atawa tempat olahraga.[3]

Referensi édit

  1. a b c d e Babancong dan Alun-alun Garut Archived 2010-09-18 di Wayback Machine (Diakses tanggal 26 Oktober 2011) (id)
  2. a b c d e Suhardiman,Budi&Darpan.2007.Seputar Garut.Garut:Komunitas Srimanganti Kaca 2 (id)
  3. a b c d e f g h i j k l m n o Suhardiman,Budi&Darpan.2007.Seputar Garut.Garut:Komunitas Srimanganti Kaca 3 (id)