Anonim (Ing. anonym; anonymous <Yun.> an - tanpa + obyma - ngaran) nyaéta tanpa ngaran atawa teu kanyahoan ngaranna. [1] Ieu hal dilarapkeun kana karya-karya atawa jieunan hiji jalma anu teu kanyahoan idéntitasna.[2]

Naskah téh kaasup tulisan nu anonim.

Dina Sastra édit

Asupna anonim dina karya sastra dikasangtukangan ku lobana karya nu teu kanyahoan saha pangarangna atawa saha nu nyiptana, boh lisan boh tinulis.[1] Can kapaluruh naha bisa kajadian kitu. Ieu kajadian mindeng kapanggih dina sastra lisan[1]. Kahartina téh mémang euweuh kasempetan keur nyebut ngaran pangarang jeung euweuh jaminan yén ngaran pangarang bakal terus disebut da puguh sumberna sacara lisan. Béda jeung tinulis, nu mindeng kapanggihna dina periodeu naskah.[1] Lebah dieu, patali jeung tatakrama atawa pranata kahirupan umumna alam harita nu ngarasa euweuh perluna nulis ngaran dina karangan. Antukna, karangan anonim sok dicirian NN (No Name).[1]

Ciri Sastra Heubeul édit

Anonim téh ciri sastra heubeul nu mindeng kapanggih di masarakat. Wangun karya sastrana bisa puisi atawa prosa.[3] Nu kaasup papasingan puisi nu anonim téh kayaning pupuh, dangding, pupujian, jeung sisindiran. Ari prosa nu anonim téh nyaéta dongéng, babad, jeung carita dina naskah kuno.

Rujukan édit

  1. a b c d e Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. p. 16. 
  2. Setiawan, Ebta. "Arti kata anonim - Kamus Besar Bahasa Indonésia (KBBI) Online". kbbi.web.id. Diakses tanggal 2017-10-09. 
  3. Aku Suka Bahasa Indonesia (dalam Indonesian). PT Grafindo Media Pratama. ISBN 9789799148476.