Organisme autotrof nyaéta organisme anu bisa ngarobah bahan anorganik tuluy dirobah jadi bahan organik (dina basa séjén, bisa nyieun dahareun sorangan) jeung maké bantuan énérgi saperti énérgi cahya panonpoé jeung kimia.[1]

Tutuwuhan nu mangrupa organisme autotrof

Jenis organisme Autotrof

édit

Organisme Fotoautotrof

édit

Organisme fotoautotrof nyaéta organisme nu bisa ngarobah bahan anorganik jadi bahan organik maké bantuan cahya panonpoé jeung sajinisna.[2] Conto organisme fotoautotrof nyaéta tutuwuhan héjo.[2] Tutuwuhan héjo salaku organisme autotrof nu mangrupa panghasil dahareun biasana nempatan posisi panghandapna dina dasar piramida dahareun.[2] Salaku produsen, organisme autotrof mangrupa unsur konci utama dina kalangsungan hirup sakabéh organisme.[2] Prosés nyieun dahareun maké bantuan cahya panonpoé ku tutuwuhan héjo disebut potosintésis.[2] Salian tutuwuhan héjo, aya ogé sajinis baktéri nu mangrupa organisme fotoautotrof sanajan prosésna dilakukeun sacara anaérob nu matak teu bisa ngahasilkeun oksigén.[2]

Organisme Kemoautotrof

édit

Organisme Kemoautotrof nyaéta organisme nu bisa nyieun dahareun sorangan ngamangpaatkeun énergi kimiawi tina réaksi oksidasi molekul.[2] Conto Organisme Kemoautotrof nyaéta baktéri.[2] Dina prosés oksidasi molekul organik ieu ngabutuhkeun oksigén.[2] Sedengkeun sanyawa organik anu bisa dipaké dina prosés kemoautotrof antarana beusi, walirang, jeung nitrogén.[2] Baktéri Kemoautotrof dingaranan dumasar kana molekul organik nu jadi médiana, saperti baktéri walirang, baktéri beusi, baktéri nitrogén, jsb.[2]

Referensi

édit
  1. (id)Pengertian Autotrof[tumbu nonaktif] diaksés 14 Juli 2015
  2. a b c d e f g h i j k (id)Pengertian Organisme autotrof Archived 2015-05-29 di Wayback Machine diakses 14 Juli 2015