Bérilium nyaéta unsur kimia anu miboga simbul Be sarta nomor atom 4.[1] Bérilium kapanggih sarta dingaranan dina taun 1798 ku saurang ahli kimia Vaquelin.[2] Kiwari bérilium dimangpaatkeun pikeun réaktor nuklir, suku cadang mesin, jeung satelit.[2] Bérilium murni mangrupa logam kulawu heuras siga waja sarta ngandung racun.[2] Béda tina karakteristikna nyaéta kualitas non-magnétik.[2] Logam non-magnetik guna pisan dina éléktronik.[2] Para ilmuwan ngagunakeun hurup "Be" pikeun simbul bérilium dina persamaan kimia jeung déskripsi sanyawa.[2]

Bérilium

Karakteristik édit

Bérilium nyaéta unsur bivalen racunan, warnana kulawu, kuat, hampang, jeung utamana dipaké minangka zat pangheuras dina campuran logam.[3] Bérilium mangrupa salah sahiji logam hampang ku lééh pangluhurna.[3] Ieu logam miboga konduktivitas térmal nu alus pisan, lain magnétik, tahan kana asam nitrat medok, sarta dina suhu jeung tekanan standar mah bisa ngalawan oksidasi nalika keuna ku hawa.[3] Kerak marcapada miboga kandungan bérilium gedéna 2,6 ppm jeung 6 ppm dina taneuh.[3] Bérilium dina taneuh bisa asup kana pepelakan anu tumuwuh di luhureunna.[3] Kadar bérilium pepelakan mah variatif, antara 1 jeung 40 ppb, handap teuing pikeun mangaruhan sato anu ngahakan éta pepelakan.[3] Bérilium kapanggih dina 30 mineral anu béda-béda, anu pangpentingna mah bertrandite, beryl, chrysoberyl, jeung phenacite.[3] Wangun beryl anu hargaan mah nyaéta aquamarine jeung zamrud.[3]

Rujukan édit

  1. "Tabel Periodik (Indonesian Periodic Table)". PTable. Diakses tanggal 3/11/2016. 
  2. a b c d e f "Budisma - Pengertian Berilium". Budisma. Diakses tanggal 3/11/2016.  Archived 2016-04-22 di Wayback Machine
  3. a b c d e f g h "Amazine - Berilium (Be): Fakta, Sifat, Penggunaan & Efek Kesehatannya". Amazine. Diakses tanggal 3/11/2016.  Archived 2014-12-01 di Wayback Machine