Babad nyaéta carita nu patali jeung hiji patempatan atawa ilaharna mah karajaan nu dipercaya minangka sajarah. Numutkeun Kamus Umum Bahasa Sunda babad teh miboga harti dongeng anu ngandung unsur-unsur sajarah. Sedengkeun Kamus Istilah Sastra dijentrekeun yen babad teh mangrupa carita wanda heubeul anu medar riwayat luluhur atawa kajian-kajadian penting jaman baheula di salah sahiji daerah, biasana ti mimiti muka eta wewengkon. Ari para ahli mah nyebutkeun babad teh carita anu memper sajarah atawa sajarah anu dibungbuan ku dongeng.[1] Patali jeung pangaruh Jawa, karéréaan babad ditulis dina wangun wawacan, upamana Babad Godog, Babad Panjalu, Babad Cirebon, Babad Banten, Babad Sumedang, jsb. Ditilik tina jihat sajarah, babad téh lain bukti nu bisa dijieun sumber sajarah, tapi sahenteuna bisa dipaké pikeun bahan babandingan dina ngulik sajarah. Biasana dianalisis heula kalawan kritis, nepi ka meunang hiji kacindekan. Ieu hal téh dilantarankeun eusi babad salian ti nyaritakeun hal-hal nu patali jeung sajarah, ogé réa pisan nyaritakeun hal-hal nu pamohalan, sipatna fiktif, saperti jalma bisa ngapung, jalma sakti, jsté, anu nyampak dina karya-karya sastra.

Rujukan

édit
  1. Rosidi, Ajip.dkk. 2000. Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, Budaya (Termasuk Budaya Cirebon dan Betawi), Jakarta: Pustaka Jaya.
  2. http://www.garut.id[tumbu nonaktif].


 
Daptar Babad
Babad Panjalu, Babad Cirebon, Babad Cikundul, Babad Timbanganten, Babad Dermayu, Babad Pasir, Babad Sumedang,Silsilah Sajarah Bandung, Cariosan Prabu Siliwangi, Babad Godog
  1. Faturohman, Taufik (2017). Cahara Basa. Bandung: Geger Sunten. p. 91. ISBN 978-602-7785-33-5.