Wawacan
Wawacan nyaéta salah sahiji karya sastra wangun prosa heubeul panjang nu dianggit maké patokan pupuh (17 pupuh).[1] Ku kituna, wawacan dianggap salah sahiji carita anu didangding jeung digelarkeun dina puisi pupuh.[1] Ku kituna, bisa dicindekkeun yén wawacan téh karangan naratif anu didangding jeung dianggit ku pupuh.[2]
Wawacan mangrupa carita panjang (naratif), tapi aya ogé déskripsi (déskriptif), anu diébréhkeun dina wangun puisi pupuh. Wangun pupuh mimiti dipikawanoh ku urang Sunda hususna para bangsawan sanggeus pangaruh Mataram dina abad ka-17. Rosidi (1966:11-26) nétélakeun yén wawacan asalna tina kecap wawacaan (maca) anu hartina: naon anu dibaca. Wawacan mangrupa karya sastra anu asalna ti Jawa, dibawa ka wewengkon Sunda ngaliwatan para bangsawan (ménak) jeung para ulama (lingkungan pasantrén). Wawacan taya lian ti saga anu ditulis dina wangun puisi (dangding) anu tangtu anu disebut pupuh.[3]
Basa
éditBasa anu dipaké dina wawacan ilaharna maké basa anu dipaké sapopoé, ngan pikeun nyumponan patokan dangding sakapeung aya parobahan boh dina wujud kecap anapon rundayanna.[4] Wawacan asalna tina kecap babacaan nu pihartieuna: naon anu dibaca, wawacan mangrupa hiji karya sastra anu ditulis.[5] Mimitina ditulis leungeun salambar-salambar ka dieunakeun nepika dijilid mang rupa buku, karya sastra sarupa kieu téh mindengna ditepikeun/dipintonkeun dina wanda carita tayalian dina pagelaran beluk. [5]
Beluk
éditSeni macakeun wawacan sok disebut beluk. Kecap wawacan téh asalna tina kecap 'waca' anu hartina 'maca', ku kituna bisa disebutkeun yén ayana wawacan di tatar Sunda téh sabada masarakatna geus barisaeun maca, umumna di kalangan pasantrén jeung para ménak[6]. Wawacan mangrupa carita anu didangdingkeun jeung digelarkeunana dina puisi pupuh[6]. Ditilik tina wangunna, carita wawacan téh mangrupa carita anu kauger ku guru lagu, guru wilangan, remen gunta-ganti pupuh, jeung umumna paranjang.[6] Ari maca wawacan biasana sok ditembangkeun, disebutna beluk. Ayana éta beluk biasana dipidangkeun lamun aya salametan, kariaan, atawa aya anu ngalahirkeun, jeung réa-réa deui. Maca wawacan téh remen gunta-ganti pupuh.[6] Ari pupuh anu sok ditembangkeun taya lian kinanti, asmarandana, sinom, jeung dangdanggula, sedengkeun pupuh nu séjén mah teu pati remen dipaké.[6] Aya hiji wawacan anu numutkeun panalungtikan Dr. Mikihiro Moriyama, paneliti Kabudayaan Sunda ti Jepang, jadi tonggak ngembangna modérnitas di golongan urang Sunda. Wawacan kasebut nyaéta Wawacan Panji Wulung anu ditulis ku R.H. Moehamad Moesa, Panghulu Kabupatén Garut dina jaman kolonial. Dina bukuna [7], Moriyama nétélakeun: "Wawacan Panji Wulung nyaritakeun usaha panyatur dina ngembangkeun dunia modern saluyu jeung tuwuhna jaman ku cara ngawanohkeun konsép anyar ka nu maca, éta sababna wawacan ieu ditapsirkeun minangka gambaran tumuwuhna moderenisasi dina nulis basa Sunda".[6]
Sajarah
éditDitilik tina sajarahna, gelarna wawacan téh sabada sastra sunda kapangaruhan ku sastra jawa, pangpangna Mataram. Dina abad ka-17 M, asupna wawacan ka tatar sunda téh babarengan jeung asupna basa Jawa ka wewengkon Jawa Barat, ku pangaruhna kakawasaan Mataram. Saterusna basa Jawa téh mangrupa basa resmi nu digunakeun ku pamaréntahan mangsa harita, nepikeun ka pertengahan abad ka-19. Sanggeus kitu tulisan basa Sunda téh digunakeun deui di Jawa Barat.[8]
Papasingan Wawacan
éditEusi wawacan rupa-rupa, aya nu nyaritakeun carita Nabi:
- Wawacan Nabi Paras
- Wawacan Mi'raj Kangjeng Nabi Muhammad SAW
- Wawacan Sajarah Ambiya
- Wawacan Layang Syékh Abdul Qodir Jaélani
- Wawacan Babad Ambiya
Wawacan anu asalna tina babad:
- Wawacan Babad Cirebon
- Wawacan Babad Banten
- Wawacan Babad Gebang
- Wawacan Babad Timbanganten
- Wawacan Babad Godog, jsb )[4]
Wawacan anu eusina ngeunaan tatanén jeung ubar aya sabab leuwih bisa dibaca ku masarakat ti batan ditulis dina wangun prosa lancaran.[9] Tapi lolobana wawacan mangrupa wangun fiksi boh éta dina basa Sunda boh wawacan nu ti basa Jawa[9] saperti :
Wawacan séjénna:
- Wawacan Abdul Muluk
- Wawacan Adat Ngurus Orok
- Wawacan Aji Saka
- Wawacan Amongsari jeung Lembusari
- Wawacan Batara Rama
- Wawacan Carios Munada
- Wawacan Carita Ningrum
- Wawacan Cikundul
- Wawacan Danumaya
- Wawacan Gandasari
- Wawacan Iman, Élmu, reujeung Amal
- Wawacan Indra Putra
- Wawacan Jaka Priangan
- Wawacan Kamaral Saman
- Wawacan Kuya Kajajadén
- Wawacan Lalakon Natakusumah
- Wawacan Layang puwa-puwa
- Wawacan Lukmannulhakim
- Wawacan Mahabarata
- Wawacan Manggung
- Wawacan Mintaraga
- Wawacan Muslimin-Muslimat
- Wawacan Natakusumah
- Wawacan Panji Wulung
- Wawacan Perlampah anu Kurénan
- Wawacan Pituduh Kanggo Wananda
- Wawacan Pranatana Istri ka Carogé
- Wawacan Purnama Alam
- Wawacan Radén Prawira
- Wawacan Ratu
- Wawacan Rusiah nu Kasép
- Wawacan Sajarah Rasulullah
- Wawacan Sajarah Sumedang
- Wawacan Sual Sarébu
- Wawacan Sulanjana
- Wawacan Suryaningrat
- Wawacan Tauhid jeung silsilah
- Wawacan Umar Maya
- Wawacan Wayang Purwa
Sumber Rujukan
édit- ↑ a b Koswara, Dedi (2013). Racikan Sastra. Bandung: Departemen Pendidikan Bahasa Daerah. p. 32.
- ↑ Iskandarwassid (2016). Kamus Istilah Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. p. 168.
- ↑ 0, Ruhaliah (2018). Wawacan: Sebuah Genre Sastra Sunda0. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya. p. 25. ISBN 9789794194966. Disungsi 27 Juli 2024
- ↑ a b c Ruhaliah, Ruhaliah; Denuttigeplanten (2018). Wawacan : Sebuah genre sastra sunda. Library Newyork Botanical Garden: Dunia Pustaka Jaya. p. 58. ISBN 9789794194966.
- ↑ a b Ruhaliah, Ruhaliah; - (2018). Wawacan Sebuah Genre Sartra Sunda. Jakarta: PT Dunia Pustaka Jaya. p. 11. ISBN 9789794194966.
- ↑ a b c d e f (id)Novianti, eva. Skripsi: Analisis Struktur jeung Ajén Budaya Wawacan Nabi Yusuf. UPI Bandung 2004.
- ↑ Moriyama, M. 2005. Semangat Baru: Kolonialisme, Budaya Cetak, dan Kesastraan Sunda Abad ke-19
- ↑ Moriyama, Mikihiro (2005). Sundanese Print Culture and Modernity in Nineteenth-century West Java. Jakarta: Berilustrasi. p. 4. ISBN 9789971693220. Diakses tanggal (disungsi – 22 Maret 2021).
- ↑ a b (id)Hj.Ajip Rosidi. Ensiklopedi Sunda : Alam, Manusia dan Budaya termasuk Budaya Cirebonan dan Betawi. PT Dunia Pustaka Jaya. Jakarta 2000.
- ↑ Ekadjati, Aam Masduki, Edi (1993). Carios Munada. Bandung: Direktorat Jenderal Kebudayaan,. p. 215. Diakses tanggal 14 Pebruari 2020.
- ↑ Ekadjati, Aam Masduki, Edi (1993). Wawacan Prabu Kean Santang. Bandung: Direktorat Jenderal Kebudayaan,. p. 215. Diakses tanggal 14 Pebruari 2020.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |