Bangsar (basa Hormat: Kuris) atawa Cacar mangrupa panyakit kulit anu disababkeun ku virus.[1] Panyakit ieu ditandaan ku ayana gelembung nu eusina cairan dina kulit sarta selaput lendir.[1] Umumna, cacar bisa dibédakeun jadi dua jenis nyaéta cacar biasa (variola atawa smallpox) sarta cacar cai (varicella atawa chickenpox).[1] Cacar mangrupa panyakit nu népa.[1] Sajaba ditandaan ku barentus, cacar ogé dibarengan ku muriang.[1] Dina mangsa saméméhna, cacar téh mangrupa panyakit anu ngabalukarkeun tilar dunya (variola) utamana di sakumna dunya.[1] Dina taun 1967, World Health Organization (WHO) ngayakeun program vaksinasi cacar cai massal anu bisa nurunkeun angka nu ngalaman cacar sacara drastis.[1] Bédana antara cacar biasa sarta cacar cai nyaéta barentus cacar cai mah miboga ukuran anu leuwih leutik tibatan cacar biasa.[1] Sajaba ti éta, barentus cacar cai teu kaluar sacara babarengan dina sawatara bagian awak.[1]

Budak nu beunang bangsar

Bangsar Cai

édit

Cacar cai atawa bangsar mangrupa jenis cacar balukar tina virus Varicella zoster.Ieu panyakit ngabalukarkeun ruam (totol beureum) sarta barentus anu nyangkaruk cacai kulit.[1] Cacar cai bisa tépa ka jalma séjén.[1] Jalema anu kungsi kainfeksi ieu panyakit miboga kawedelan awak (imunitas) saumur hirup.[1] Sanajan kitu, virus nu nyababkeun panyakit cacar cai bisa aktip deui sarta mekar jadi panyakit herpes zoster.[1] Tanda-tanda cacar cai kaluar 10 nepi ka 21 poé sanggeus kainfeksi.[1] Tanda anu kaalaman ku barudak nyaéta nyeri sirah, muriang, sarta malaise (leuleus).[1] Ari anu geus sawawa mah ditandaan kalayan totol beureum anu eusina cacai.[1] Sanggeus garing, totol-totol anu karasa ateul téh bakal jadi kerak.[1] Sanggeus bucat, totol-totol beureum bakal jadi tatu dina sungut, kongkolak mata, saluran pernapasan bagian luhur, réktum (dubur), sarta vagina.[1]

Bangsar Biasa

édit
 
Cacar alatan Variola Major Virus.

Bangsar biasa atawa cacar mangrupa jenis cacar anu disababkeun ku virus Variola minor sarta Variola major[1] Ieu panyakit ditépakeun ngaliwatan kontak langsung jeung nu gering ngaliwatan pakakas atawa barang anu dipaké babarengan jeung nu gering.[1] Cacar biasa teu bisa ditépakeun ngaliwatan sato anu ngégél atawa kontak langsung jeung sato.[1] Mangka inkubasi virus variola lumangsung kira-kira 7 nepi ka 17 poé.[1] Gejala anu kaluar mangrupa muriang, awak leuleus, nyeri sendi, lieur sarta utah.[1] Sajaba ti éta, nu gering bakal ngalaman totol-totol beureum dina létah, baham, sarta kulit. Totol-totol anu kaluar satuluyna ngabentuk barentus dina kulit saperti cekungan leutik di luhurna.[1] Barenrus anu eusina nanah téh bisa bucat sarta ninggalkeun urut barentus atawa krusta.[1] Krusta bisa moléték tina kulit sanggeus garing.[1]

Dokter biasana teu méré ubar husus pikeun nu gering cacar biasa, tapi ku cara ngaringankeun gejala-gejalana.[1] Pasien dibéré cacai tambahan pikeun nyegah déhidrasi, aspirin atawa kodein pikeun ngurangan rasa nyeri dina sirah sarta otot, sarta antibiotika pikeun ngubaran inféksi sékunder alatan baktéri.[1] Pikeun ngajaga kabérésihan awak, pasien ogé dibéré cacai antiséptik sarta wedak.[1] Ngubaran cacar cai ku cara méré asetaminofen pikeun nurunkeun muriang.[1] Pasien ogé disarankeun pikeun mandi cai haneut sarta maké losion anu ngandung kalamin pikeun ngurangan rasa ateul.[1] Asiklovir mangrupa salah sahiji ubar anti-virus anu dibikeun ka pasien cacar cai, hususna ka pasien anu sistem kawedelan awakna lemah.[1] Dina cacar cai bisa dicegah ku vaksin immunoglobulin zoster sarta immunoglobulin varicella-zoster, vaksin varisella biasana dibikeun ka budak nu umurna kakara 12 nepi ka 18 bulan.[2]

Rujukan

édit
  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af (id) Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve
  2. (id) [1] Archived 2011-11-28 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 26 Oktober 2011)