Bisbul atawa bisbol Diospyros blancoi A. DC; velvet apple, nyaéta hiji tangkal anu asalna tina genus Diospyros, kulawarga Ebenaceae.[1] Ieu tangkal aslina ti Pilipina, di ieu nagara tangkal bisbul kapanggih hirup liar di leuweung-leuweung, ogé henteu saeutik anu ngahaja dipelak di buruan imah jeung kantor.[2] Sagigireun pikeun pangiuh-iuh jeung papaés ogé dimangpaatkeun buahna, kiwari ieu tangkal geus nyebar ka sababaraha nagara kaasup ka nagara urang.[3]

 Tempo ogé: Bisbol.
Bisbul
Gambar tangkal bisbul
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
D. blancoi
Ngaran binomial
Diospyros blancoi
Buah Bisbul (diiris)

Buah bisbul sok disebut ogé buah mantéga atawa buah lemak ceuh urang malaysia mah, ieu dumasar kana daging buahna anu geus asak sok katempo kawas mantéga.[2] Urang Jawa nyebutna buah sembolo, dina basa Tagalog disebutna mabolo atawa tabang (ku lantaran kulit buahna anu buluan), urang Thailand nyebutna buah marit.[4]

Tangkal Bisbul jangkungna bisa nepika 10-30 m, Tapi anu loba kapanggih hidup mah jangkungna ngan nepika 15 méter malahan mah sahandapeunnana.[5] Tangkalna lempeng ka luhur, buleudan puhu tangkalna bisa leuwih ti 50 cm, dahan-dahan anu bijil tina tangkal katempo datar aya sabaraha umpak ka luhur nepika pucukna.[1] Pareng disawang ti ka jauhan mah ieu tangkal katempo nyongclot ka luhur.[5]

Ciri mandiri édit

 
Buah Bisbul

Tangkal Bisbul hirup subur di daérah Tropis kalawan iklim Muson, bisa jadi dina rupa-rupa kaayaan taneuh utamana anu jangkungna kurang leuwih 800 méter dina luhureun beungeut cai laut.[1] Di Philipina tangkal bisbul usum buahan dina bulan Juni nepi ka Séptémber; tapi di urang mah hususna di Bogor usum buahananna bulan Maret nepi ka Méi.[1]

Dauna Panjang, tungtungna rata, marencos ka tungtungna, gedéna kurang leuwih tilu ramo (2,5-12 × 8-30 cm) .[4] Ngentep paselang bijil tina regang jeung dahanna, kelirna dauna beulah luhur héjo kolot tur hérang.[4] Ari beulah handap dauna bijil bulu lemes kelirna semu bodas, sedengkeun pucukna anu kakara merentis kelirna semu gandaria.[5]

Buahna buleud aya ogé anu gepéng, gedéna 5-12 × 8-10 cm, buluan lemes kawas buludru, kelirna coklat semu beureum pareng geus asak kelirna robah jadi beureum euceuy, dina cupatna dituruban ku kulit kawas topi, anu taya lian urut kelopak kembang anu henteu lesot tur napel nepi ka buahna ngolotan.[2] Daging buah semu garing, kelirna rada bodas, peungkeur tur teuas, rasana amis ngan rada kesed, mibanda seungit anu mandiri.[4] Kawas seungit durén atawa keju, pikeun sawaréh jalma utamana anu heteu resep kana ieu buah matak sebel umpama di dahar. Sikina ayan kana 10, kulitna coklat, saliwat mah kawas siki jeruk, gedéna 4 × 2,5 × 1,5 cm (palebah anu kandelna).[5]

Hasil dan kegunaan édit

Kai tangkal bisbul hadé pisan, kelirna coklat semu beureum malahan aya anu semu hideung.[1] Teksturna lemes, teus jeung heuras.[2] Di Pilipina ngarana “kamagong” mangrupa bahan pikeun rupa-rupa karajinan anu henteu murah hargana tur ditangtayungan ku undang-undang.[3]

Baca ogé édit

  • Verheij, E.W.M. dan R.E. Coronel (eds.). 1997. Sumber Daya Nabati Asia Tenggara 2: Buah-buahan yang dapat dimakan. PROSéa – Gramedia. Jakarta. ISBN 979-511-672-2.

Tutumbu kaluar édit

TEKNOLOGI BUDIDAYA TANAMAN PANGAN – PORTAL IPTEK Archived 2007-09-27 di Wayback Machine

Dicutat tina édit

  1. a b c d e Priyadi, Hari (2010). Five Hundred Plant Species in Gunung Halimun Salak National Park, West Java: A Checklist Including Sundanese Names, Distribution, and Use. Jakarta: CIFOR. p. 16. ISBN 9786028693226. Ditempo kaping2 Oktober 2017
  2. a b c d SWARA, Icha Risa, PUSPA (2013). HANYA ADA DI INDONESIA: 1100+KEAJAIBAN DAN PRESTASI YANG MENDUNIA. Jakarta: Penebar Swadaya Grup. p. 196. ISBN 9789790026063. Ditempo kaping2 Oktober 2017
  3. a b Hasim S., Iin (2009). TANAMAN HIAS Indonesia. Jakarta: Penebar Swadaya Grup. p. 335. ISBN 9789790023772. Ditempo kaping2 Oktober 2017
  4. a b c d Pringgodigdo, Prof. Mr. A.G. (1973). Ensiklopedi Umum. Jakarta: Kanisius. p. 70. ISBN 9789794135228. Ditempo kaping2 Oktober 2017
  5. a b c d Sunarjono, APU (Purn.), Drs. H. Hendro (2013). Berkebun 26 Jenis Tanaman Buah. Jakarta: Penebar Swadaya Grup. p. 196. ISBN 9789790026063. Ditempo kaping2 Oktober 2017