Bulustru
Luffa aegyptiaca Blanco2.334-cropped.jpg
Egyptian luffa fruit
Klasifikasi ilmiah
Génus:
Luffa
Spésiés:
aegyptica
Sinonim[1]
  • Cucurbita luffa hort.
  • Luffa cylindrica M.Roem.
  • Luffa aegyptica (lapsus)
  • Luffa aegyptiaca (Mill.)
  • Luffa pentandra Roxb.
  • Momordica cylindrica L.
  • Momordica luffa L.

Bulustru; 'lopang; Luffa cylindrica nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina genus Luffa. [2] Tangkal ngarambat, buahna kawas bonténg. [3] Buah anu ngora dimangpaatkeun pikeun bahan sayuran, buah anu geus kolotna dimangpaatkeun pikeun gogosok mangsa mandi atawa ngumbah wadah.[4]

SajarahÉdit

Bulustru tangkal pituin ti Mesir, dina abad ka 16 diwanohkeun ka Éropa ku Johann Veslingius taun 1638. Mangsa harita disebutna "Egyptian cucumber", ogé sok disarebut "Luffa". Siki bulustru ngahaja diarah sari patina, pikeun dijieun minyak anu hasilna dipaké kaperluan masak sapopoé.[5] Bulustru geus dimangpaatekun ti jaman kaisar Romawi, buah ngora jadi bahan sayuran jeung anu kolotna dimangpaatkeun pikeun kokosok. [6]

Ciri mandiriÉdit

Panjang buahna kurang leuwih 3 0 cm, kembangna konéng méncrang alus katempona.[6] Tangkalna ngarambat, sarta jadi kalawan subur di wewengkon anu cukup kasorot ku panonpoé sarta cukup cai jang nyeborna.[6]

Ngaran séjénÉdit

Di Indonesia, bulustru mibanda ngaran daérah anu béda-béda : blustru (Melayu), hurung jawa, ketolang, jeung timput (Palembang). Di Jawa, dipiwanoh ngarana : lopang, oyong (Sunda), bestru,[7] blestru, dan blustru. Di Maluku, dikenal dengan nama-nama seperti: dodahala (Halmahera), petola cina dan petola panjang.[8]

Kandungan kimia jeung mangpaatnaÉdit

Bulustru mibanda rasa anu amis jeung tiis, béda jeung akarna mibanda rasa pait malahan matak weureu.[9] Sababaraha bahan kimia anu dipibanda ; saponin, lufein, citrulline, atawa cucurbitaen, lemak, protein, xylan, vitaminn B jeung C, minyak squalene, a-spinasterol, arginin, lisin, alanin, glaktosa, jeung mitosa.[9] Mangpaat ubar tina bulustru : ngubaran hésé miceun, batuk jeung ngubaran raheut, jeung sajabana.[9] Bagean anu dimangpaatkeun : buah, kulit buah, cupat jeung tangkalna, siki, daun, kembang, jeung akar bisa dimangpaatkeun pikeun ubar. [9][9][10]

ReferensiÉdit

  1. Citakan:GRIN
  2. Damayanti, Dewi; dr Prapti utami, Novi Widianti, Nina Wulandari, Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 63. ISBN 9789790061941. 
  3. Johann Veslingius, De Plantis Aegyptiis, 1638. p. 48 (in Latin)
  4. (id) Pusat Bahasa Departemen Pendidikan Republik Indonesia "Arti kata blustru pada Kamus Besar Bahasa Indonesia dalam jaringan". Diakses tanggal 2019-11-9. 
  5. Heuzé V., Tran G., Lebas F., 2017. Luffa (Luffa aegyptiaca). Feedipedia, a programme by INRA, CIRAD, AFZ and FAO. https://www.feedipedia.org/node/626 Last updated on July 18, 2017, 10:53
  6. a b c A Legacy of Luffa, by Elizabeth Harwick, who grows Luffa cylindrica successfully in South Carolina.
  7. Dharma, A.P. (1987). Indonesian Medicinal Plants [Tanaman-Tanaman Obat Indonesia] (dalam bahasa Inggris). hal.46 – 47. Jakarta: Balai Pustaka. ISBN 979-407-032-7.
  8. Dalimartha, Setiawan (2000). Atlas Tumbuhan Obat Indonesia 2:17 – 24. Jakarta: Trubus Agriwidya. ISBN 979-661-065-5.
  9. a b c d e Akhun, Nafan; - (2020). Daftar Tanaman Obat Indonesia & Khasiatnya - PDF Interactive. Jakarta: Penebar Swadaya Grup. p. 61. 
  10. Dalimartha, Setiawan; - (2020). Atlas tumbuhan obat Indonesia, Volume 2. Jakarta: Niaga Swadaya. p. 23. ISBN 9789796610655. 

Citakan:Tumbuhan-stub