Bangsar

(dialihkeun ti Cacar)

Bangsar atawa Cacar mangrupa panyakit kulit anu disababkeun ku virus.[1] Panyakit ieu ditandaan ku ayana gelembung nu eusina cairan dina kulit sarta selaput lendir.[1] Umumna, cacar bisa dibédakeun jadi dua jenis nyaéta cacar biasa (variola atawa smallpox) sarta cacar cai (varicella atawa chickenpox).[1] Cacar mangrupa panyakit nu népa.[1] Sajaba ditandaan kalayan timbulna gelembung, cacar ogé dibarengan ku muriang.[1] Dina mangsa saméméhna, cacar biasa (variola) mangrupa salah sahiji panyabab dina pati utamana di sakumna dunya.[1] Dina taun 1967, World Health Organization (WHO) ngayakeun program vaksinasi cacar cai massal ku kituna angka nu ngalaman cacar turun sacara drastis.[1] Bédana antara cacar biasa sarta cacar cai nyaéta gelembung cacar cai mibanda ukuran anu leuwih leutik batan cacar biasa.[1] Sajaba ti éta, gelembung cacar cai teu kaluar sacara barengan di sawatara bagian awak.[1]

Budak nu beunang bangsar

Bangsar CaiÉdit

Cacar cair atawa bangsar mangrupa jenis cacar anu disababkeun ku virus Varicella zoster. Panyakit ieu ngabalukarkeun ruam (totol beureum) sarta gelembung ngeusi cairan di kulit.[1] Cacar cai bisa tépa ka jalma séjén.[1] Jelema anu kungsi kainfeksi panyakit ieu miboga kakebalan (imunitas) saumur hirup.[1] Sanajan kitu virus nu nyababkeun panyakit cacar cai bisa aktip deui sarta ngembang jadi panyakit herpes zoster.[1] Tanda-tanda cacar cai kaluar 10-21 poé sanggeus kainfeksi.[1] Tanda dina barudak ditandaan kalayan nyeri sirah, muriang, sarta malaise (leuleus).[1] Sedengkeun dina jelema déwasa ditandaan kalayan totol beureum anu eusina cairan.[1] Sanggeus jadi garing totol anu karasaeun ateul ieu nyieun kerak.[1] Sabot peupeus, totol beureum bakal jadi tatu dina sungut, lakop panon, saluran pernapasan bagian luhur, réktum (dubur), sarta vagina.[1]

Bangsar BiasaÉdit

Bangsar biasa atawa cacar mangrupa jenis cacar anu disababkeun ku virus Variola minor sarta V.major.[1] Panyakit ieu ditépakeun ngaliwatan kontak langsung jeung nu gering ngaliwatan toélan, pakakas, atawa barang anu dipaké nu gering éta.[1] Cacar biasa teu bisa ditépakeun ngaliwatan gégelan sato atawa kontak langsung jeung sato kasebut.[1] Mangka inkubasi virus variola lumangsung kira-kira 7-17 poé.[1] Gejala anu kaluar mangrupa muriang, awak leuleus, éngsél nyeri, lieur sarta utah.[1] Sajaba ti éta, nu gering bakal ngalaman totol beureum dina létah, rongga sungut, sarta kulit. Totol kasebut satuluyna ngabentuk gelembung di kulit saperti cekungan leutik di luhurna.[1] Gelembung anu eusina nanah ieu bisa peupeus sarta ninggalkeun urut gelembung atawa krusta.[1] Krusta ieu bisa leupas sanggeus garing.[1]

PangubaranÉdit

Dokter biasana teu méré ubar husus pikeun nu gering cacar biasa, tapi ku cara ngaringankeun gejala-gejalana.[1] Pasien dibikeun cairan tambahan pikeun nyegah déhidrasi, aspirin atawa kodein pikeun ngurangan rasa gering dina sirah sarta otot, sarta antibiotika pikeun ngubaran inféksi sékunder alatan baktéri.[1] Pikeun ngajaga kabérésihan awak, pasien ogé dibéré cairan antiséptik sarta wedak.[1] Ngubaran cacar cai dipigawé kalayan méré asetaminofen pikeun nurunkeun muriang.[1] Pasien ogé disarankeun pikeun mandi cai haneut sarta maké losion anu ngandung kalamin pikeun ngurangan rasa ateul.[1] Asiklovir mangrupa salah sahiji ubar anti-virus anu dibikeun ka penderita cacar cai, hususna ka pasien anu sistem kakebalan awakna lemah.[1] Dina cacar cai bisa dicegah ku vaksin immunoglobulin zoster sarta immunoglobulin varicella-zoster, vaksin varisella biasana dibikeun ka budak nu umurna kakara 12-18 bulan.[2]

RujukanÉdit

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af (id) Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve
  2. (id) [1] (Dicutat tanggal 26 Oktober 2011)