Dewa Niskala
Déwa Niskala nyaéta putra Cikal ti Prabu Niskala Wastu Kancana jeung Dewi Mayangsari ( putri ti pamanna prabu niskala wastu kancana nyaéta Prabu Bunisora ) nu miboga ngaran asli Ningrat Kancana nu ngawasa di kawali (galuh) di belah wétanan leuwi Citarum nepika leuwi Cipamali.[1]
Sajarah
éditSabada Ningrat kancana atawa Prabu Niskala dewa diistrénan jadi Raja di Galuh Kawali taun 1478 M, ti saprak éta aya kajadian nu kawilang penting pisan di pulo jawa nu dicatet ku ahli sajarah. nyaéta kajadian barontakna jeung perang antar sodara nu aya di Majapahit, Majapahit ogé diserang ku pasukan islam ti karajaan Demak. Kajadian barontakna éta téh dipingpin ku Raden Oatan putra Prabu Kertawijaya atawa Brawijaya. Nu balukarna téh loba gegedén ti Majapahit nu ngungsi ka Galuh Contona waé aya Raden Baribin. Satuluyna Prabu Niskala dewa téh nikah jeung salah saurang wanoja nu ngungsi. Kukituna Prabu Susuk Tunggal téh murka sabab Prabu Niskala Dewa geus ngareumpak aturan jeung adat istiadat karajaan Sunda nu mangsa harita téh keur Perang Bubat. katurunan ti Karajaan Sunda Galuh Prabu Wangi teu ngawidian lamun aya nu jadi istrina ti Majapahit. Salian ti éta Nyatana istri nu dipikaresep ku Niskala Dewa téh geus tunangan. Prabu Susuk Tunggal tangtuna waé ambeuk jeung kabukti manehna ngamutuskeun hubungan kakaluargaana jeung Karajaan Galuh Surawisesa.
Kategangan di Galuh téh beuki nyeuseup. Nu ahirna maksakeun para gegedén dua karajaan gedé anu katarajangan ieu masalah téh tarurun ti gunung pikeun ngayakeun riuangan madungdeungkeun éta nu hasil kasapukanana téh, diputuskeun yén Prabu Susuk Tungga jeung Prabu Niskala Dewa kudu babarengan mundur tina tahta karajaan Galuh. Satuluyna ditandeskeun yén Jawadewata putrana Prabu Dewa Niskala Dijadikeun Raja Galuh. Sababaraha taun ti harita Sanggeus Prabu Dewa Niskala turun tahta, Manéhna tilar dunya tuluy dikuburkeun di Gunung Tiga. atawa Guna Tiga ( Nu ayeuna jadi Panjalu/Situ Panjalu) Ciamis Kalér.
Kulawarga
édit- Prabu Niskala Wastu Kancana nyaéta ramana Prabu Dewa Niskala nu salah saurang raja ti Karajaan Sunda-Galuh nu disebutna Karajaan Pajajaran nu hirupna téh dina mangsa 1348-1475. Manéhna babar tuluy ngawasa satra palastra di Kawalih, ibukota karajaan Sunda-Galuh nu harita. Nu ayana di Kabupaten Ciamis. ( ieu ibu kota téh mindeng pindah-pindah, jeung bulak-balik ti wétan ka kulon. Ramana téh Prabu Maharaja Linggabuana nu palastra di Bubat taun 1357 nalika Wastu kancana masih 9 taun. tuluy indungna téh nyaéta Dewi Lara Linsing, sedengkeun lanceukna Putri dyah Pitaloka Citraresmi nu palastra ogé di perang bubat. Manéhna jadi hiji-hijina nu jadi ahli waris di Karajaan Sunda-Galuh nu hirup, sabab tilu lanceukna geus tilar dunya téa. Prabu Niskala Wastu Kancana, manéhna ngalanglang buana ka lampung, nu mangsa harita masih di pangaruhan ku karajaan pajajaran, tuluy manéhna téh nikah jeung putri ti raja Lampung nu kakasihna Lara sarkati nu engkéna jadi Prameswari nu mimiti. Saprak ti kawin maranéhna tuluy ngabogaan anak nu ngaranna Sang Haliwungan nu di mangsa engké jadi raja sunda di pakuan, nu ngabogaan gelar Prabu Susuk Tunggal. Salian ti éta tina nikahana jeung Dewi Mayangsari, putri pamanna, Prabu Bunisora, Prabu Wastu Kancana ngabogaan opat putera. nu cikalna téh Prabu Dewa Niskala, nu kadua Surawijaya Sakti, katilu Gedeng Sindangkasih, nu bungsuna Gedeng Tapa. Prabu Niskala Wastu Kancana Ngawasa Karajaan Sunda-Galuh salila 103 taun 6 bulan leuwih15 hari (1371─1475). Anjeunna tilar dunya dina yuswa 126 taun. Saméméhna manéhna ngadangu yén Majapahit téh keur dilanda Perang Paregreg nu ngabalukarkeun rebutna tahta katurunan Prabu Hayam Wuruk, nu aya di tahun 1453-1456..[2]
- Ki Gedeng Singapura atawa Surawijaya Sakti, anu ngawasa Karajaan Singapura (Cirebon). Karajaan Singapura ieu tunduk kana Karajaan Sunda. ti Galuh ogé nu otomatis masih kaasup handapeun Karajaan Sunda (United Kingdom of Sunda-Galuh).
- Ki Gedeng Sindangkasih, nu ngawasa Karajaan Surantaka, anu katelah ogé Karajaan Sindangkasih (Cirebon).
- Ki Gedeng Tapa, miboga kakawasaan dina ngokolakeun Pelabuhan Muara Jati (Cirebon). Ki Gedeng Tapa téh jadi Syahbandar atawa pingpinan Pelabuhan Muara Jati. Ngokolaan palabuan biasana semi-otonom sanajan masih koordinasi jeung aya dina wilayah koordinasi wilayah puseurna.[3]
Referensi
édit- ↑ Setiadi, Agung Ilham. "Raja Sunda Prabu Susuk Tunggal Murka, Prabu Dewa Niskala Sunting Gadis Pengungsi dari Majapahit - Edu Historia". Raja Sunda Prabu Susuk Tunggal Murka, Prabu Dewa Niskala Sunting Gadis Pengungsi dari Majapahit - Edu Historia (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2024-03-30.
- ↑ "MAJALAH PARAHYANGAN | VOL. VI No. 4". https://unpar.ac.id/wp-content/uploads/2019/11/Majalah-Parahyangan-IV-06.pdf
- ↑ Kusumawardhana, Gelar Taufiq. "Jejak Keislaman Keturunan Dewi Banowati dari Kerajaan Sunda". Varman Institute (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2024-03-31.