Ficus ribes
Walén | |
---|---|
Walén | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | Plantae
|
Ordo: | Rosales
|
Kulawarga: | Moraceae
|
Génus: | Ficus
|
Spésiés: | Ficus ribes
|
Sinonim | |
Ficus yatesii Merr. |
Walén; Amis mata; (Ficus ribes Reinw.ex Bl.) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina suku Moraceae. Loba kapanggih hirup di daérah landeuh di pulo Jawa , Sumatra, Malaysia, Asia Tenggara, Thailand, Malaysia .[1][2]
Ngaran séjén
éditWalén di daérah Jawa sok disebut ogé ampere, kopeng, jeung preh. [1] Di nagara séjén disebutna :
- India : ciri peyatti
- Malaysia : ara lumut
- Papua New Genuea : pikus
- Pilipina : tabog, tibig
Ciri mandiri
éditTangkal walén mibanda geutah bodas.[1]Jangkung tangkalna 10-15 méter, kalayan buleudan tangkalna 30 cm. Kulit tangkalna katempo kulawu, dahan jeung daunna baruluan, heuras, rada seukeut.[1][3]
Daun nunggal, kelirna héjo, lonyod, tungtung jeung puhuna semu mencos, tungtungna rata, panjang 10-15 cm ogé rubakna 3-7 cm, cupatna pondok, tulang dauna nyirip.
Kembang majemuk, kelirna héjo semu bodas, bijil tina tangkal jeung régang, wujudna ngaranggeuy, panjang ± 2 cm, benangsari pondok kelirna bodas, putik lonyod (± 2 mm), makuta katempo heuras tur tungtungna melengkung ka jero.
Buah buleud leutik, cupatna ± 3 mm, gedéna/diaméter 3 cm, keur ngora kénéh kelirna héjo di mana geus kolot robah jadi coklat kotor.
Sikina buleud, leutik, kelirna bodas. Akar tunggang kelirna bodas semu coklat.
Ékologi
éditWalén tumuwuh di daérah anu perenahna dina 100 méter nepi ka 1.600 m dpl. Daérah - daérah anu jemlek jeung tiis, saperti di pigunungan, sisi susukan, kamalir jeung tempat-tempat anu perenahna deukeut ka cai. [4]
Tangkal walén ngagaduhan cara pembuahan anu unik, unggal spésiés ngandelkeun pisan hiji spésiés nyiruan anu husus gumantung ogé kana spésiés buah walén pikeun nunda endogna.[4]
Tangkalna ngahasilkeun tilu jinis kembang; lalaki, bikangna anu panjang sareng kembang bikangna anu pondok, sering disebut kembang hampru/empedu. Katiluna jinis kembang ieu dikandung dina hiji struktur anu ilaharna urang anggap salaku buah.[4]
Nyiruan bikang baris nyaliang tuluy asup ka jero buah walén pikeun nunda endogna, engké jaluna baris nyieun liang deui pikeun jalan kaluar nyiruan bikang. tah dina mangsa ieu pisan pembuahan lumangsung, awak jeung jangjang nyiruan anu kaluar asup sacara langsung ngagésrek kana kembang jalu jeung bikang, anu antukna lumangsung prosés pembuahanna.[4]
Dicutat tina
édit- ↑ a b c d Francis Group, Taylor, (2012). Medicinal and poisonous Plants. London: CRD Press. p. 1751. ISBN 978148225064 Check
|isbn=
value (bantuan). Diakses tanggal (disungsi – 25 Mei 2021). - ↑ Hasskarl, Justus Karl (1845). Hasskarl. Universitas Oxford: J. Müller. p. 1. Disungsi6 Juli 2023
- ↑ Agromedia, Redaksi (1845). Buku Pintar Tanaman Obat. Universitas Oxford: AgroMedia. p. 253. ISBN 9789790061941. Diakses tanggal (disungsi – 25 Mei 2021).
- ↑ a b c d "View TumbuhanObat". IPBiotics. 44248. Diakses tanggal (disungsi 12 Mei 2021).
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |